Kananga

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi
Kananga
Ylang Cananga odorata.JPG
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Ordo: Magnoliales
Famili: Annonaceae
Génus: Cananga
Spésiés: C. odorata
Ngaran binomial
Cananga odorata
(Lam.) Hook.f. & Thomson

Kananga (Cananga odorata) nyaéta ngaran kembang tina tuwuhan anu ngabogaan ngaran anu sarua. Kananga tumuwuh kalawan gancang nepi ka leuwih ti 5 méter pér taun sarta sanggup ngahontal jangkung rata-rata 12 méter. Tumuwuhna dirojong ku sinar panonpoé, sarta leuwih mikaresep taneuh anu ngabogaan kandungan asam dina jero habitat aslina di jero leuweung tadah hujan. Daunna panjang, lemes sarta hérang. Kembangna héjo semu konéng, muringkel kawas wangun béntang laut, sarta ngandung minyak atsiri anu seungit.

Tuwuhan ieu mangrupakeun tuwuhan asli di Indonésia jeung Filipina, sarta sawajarna dipelak di Polinésia, Mélanésia, katut Mikronésia. Di Indonésia, kembang kananga réa dipaké dina jero upacara-upacara husus saperti dina upacara kawinan. Kananga dijadikeun lambang idéntitas Propinsi Sumatera Kalér.