Umar Wirahadikusumah
Umar Wirahadikusumah | |
---|---|
Wakil Présidén Indonésia ka-ka-4 | |
Masa jabatan 12 Maret 1983 – 11 Maret 1988 | |
Présidén | Suharto |
Saméméhna | Adam Malik |
Sanggeusna | Sudharmono |
Katerangan lian | |
Gumelar | 10 Oktober 1924 Sumedang, Jawa Kulon, Dutch East Indies |
Pupus | 21 Maret 2003 (yuswa 78) Jakarta, Indonesia |
Partéy pulitik | Golongan Karya |
Rélasi | Agus Wirahadikusumah (alo) |
Profési | Militér |
Ageman | Islam |
Pangabdian militér | |
Kasatiaan | Indonésia |
Layanan/cabang | Angkatan Darat Indonésia |
Lila ngabdi | 1945–1973 |
Réngking | Jéndral |
Unit | Kodam Siliwangi Kodam Jaya Kostrad |
Komando | Kodam Jaya Kostrad Angkatan Darat Indonésia |
Patempuran/perang | Révolusi Nasional Indonésia Peristiwa Madiun PRRI |
Jend. TNI (Purn.) Umar Wirahadikusumah (gumelar di Situraja, Sumedang, Jawa Barat, 10 Oktober 1924 – maot di Jakarta, 21 Maret 2003 dina umur 78 taun) nyaéta Wakil Présidén Républik Indonésia kaopat, nu mangsa baktosna taun 1983-1988.
Riwayat Hirup
[édit | édit sumber]di handap ieu riwayat singket Jend. Umar Wirahadikusumah :[1] Lahir dina tanggal 10 Oktober 1924 ti pasangan Raden Rengga Wirahadikusumah (Wedana Cibatu, Garut) jeung Nyi Raden Lesmana Ratnaningrum (Puri ti Patih Bandung Wetan).[1] Manéhna ngiluan latihan pamuda Seinendojo (Sunen Dancho) Tangerang (1943).[2] Nuluykeun pendidikan Chandra Muka (1951), SSK AD (1955) nepi Sus Jenderal (1966). Diajar di ELS (Europeesche Lagere School/SD) di Cicaléngka, MULO/SMP di Cimahi, Tasikmalaya.[1]
- Dina masa pangdudukan Jepang nungtut élmu Seinendojo di Dago, Bandung jeung Tangerang terus dituluykeun Pendidikan PETA di Bogor.[1]
- Sanggeus Proklamasi 17 Agustus 1945, manéhna miluan BKR, Cikal Bakal TNI jeung tugas di Divisi Siliwangi, manéhna pernah jadi Ajudan Kolonél A.H.Nasution, Panglima Divisi III Siliwangi.[1]
- Salila tugas di Divisi Siliwangi anjeuna loba tugas dina operasi-operasi militer panumpasan pemberontak, saperti DI/TII Kartosuwiryo, PKI Madiun/Muso (Salila Hijrah Siliwangi), PRRI di Sumatera Kalér Gorombolan liar tukang ngaganggu kaamanan séjénna.
- Saprak 31 Januari 1959, Letkol Umar Wirahadikusumah di angkat salaku komandan Komando Militér kota Besar Djakarta Raja (KMKB-DR), anu terus ditaékkeun jadi KODAM V Jaya ieu anjeuna nanggung jawab anu pohara gedéna, Salian kudu ngahadépan gangguan-gangguan kaamanan anu masih kénéh osok aya, anjeuna ogé kudu nanggung jawab kana kaamanan proyek-proyek gedé anu keur éta giat-giatna dilakonan ku Bung karno (OSOK DISEBUT PROYEK MERCUSUAR), Saperti : Monumén Nasional (MONAS), anu puncak seuneu lapis emasna pernah diteundeun di KODAM V/Jaya, Pemwangunan Gelora Senayan, Masjid Istiqlal, Hotél Indonésia jeung jakarta By Pass (ayeuna Jl. Jend. A. Yani).[1] Saprak éta, hubungan anjeuna jeung bung Karno jadi deukeut, malah anjeuna osok dipénta pikeun ngabaturan Bung Karno ka jatinegara lamun keur WAKUNCAR ka imah Yurike Sanger.[1]
- Saprak aya kajadian pemberontakan G30S/PKI 1965, salaku PANGDAM V/Jaya anjeuna maénkeun peran penting jeung gancang bertindak jeung pangkostad Mayjen Soeharto jeung Komandan RPKAD Kol. Sarwo Edhie Wibowo ngancurkeun Gerakan éta.[1]
- Tanggal 2 Desember 1965, anjeuna diangkat salaku Pangkostad jeung saterusna dina tanggal 4 Desember 1969 ngajabat salaku KASAD.[1]
- Tanggal 10 Agustus 1973 diangkat salaku ketua BPK salila 2 (dua) periode nepi ka taun 1983, sanggeus éta dina tanggal 11 Maret 1988.[1]
Wafat
[édit | édit sumber]Mantan Wakil Présidén RI ka-4 (1983-1988) Umar Wirahadikusumah ngantunkeun , kurang leuwih jam 17:53 WIB, Jum'at 21 Maret 2003 di Rumah Sakit Pusat TNI-AD Gatot Subroto, Jakarta Pusat, Sanggeus sempet dirawat intensif salila dua minggu.[3] Anjeuna hiji Putera Bangsa panghadéna anu jujur, handap haté, taat kana aturan maén jeung leuwih loba gawé daripada ngomong.[3] Mantan Ketua BPK ieu ogé kaasup relatif bersih tina KKN. Anjeuna ogé jalma anu legowo, teu ambisius, narima saayana.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |