Salakanagara
Salakanagara nyaéta hiji karajaan nu disebutkeun dina Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara karya Panitia Wangsakerta salaku karajaan pangkolotna di Nusantara (130-358 M). Karajaan ieu diwangun di Basisir Teluk Lada (wewengkon Kabupatén Pandéglang, Banten. Raja munggarannana nyaéta Déwawarman nu gelarna Prabu Darmalokapala Déwawarman Haji Rakja Gpura Sagara nu maréntah nepi ka 168 M. Dumasar sumberna, carita ngeunaan karajaan ieu masih kontrovérsial.
Términologi
[édit | édit sumber]Salakanagara (atawa Rajatapura) asalna tina kecap salaka jeung nagara. Salaka hartina pérak sedengkeun nagara hartina kota. Ku kituna, Salakanagara bisa dihartikeun kota pérak. Ayana kota pérak ieu, disebutkeun ogé Argyre ku Ptolemeus taun 150 M. Lokasi karajaan diperkirakeun aya di Teluk Lada kiwari, di kota Pandéglang, hiji kota nu kawentar ku karajinan logamna. (Pandéglang sorangan hartina pandé geulang). Sababaraha urang merkirakeun ngaran Salakanagara aya patalina jeung lokasi di sabudeureun Gunung Salak.
Sajarah Salakanagara
[édit | édit sumber]Dina sajarah urang Sunda, kota pérak ieu saméméhna diparéntah ku Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya atawa Aki Tirem, ngaranna ieu kota téh Pulasari. Aki Tirem nikahkeun putrana nu namina Pohaci Larasati ka Déwawarman. Déwawarman nyaéta Pangeran nu asalna ti Palawa di India kidul.
Dina sajarah urang Batawi aya ogé carita ngeunaan karajaan Salaknagara tapi rada béda lokasina. Numutkeun babad Batawi mah kota perak ieu henteu di basisir tapi deukeut gunung, nyaéta Gunung Salak.
- Déwawarman I (130 - 168 M)
- Déwawarman II (putra Dewarman I jeung Pohaci Larasati)
- Déwawarman III
- Déwawarman IV
- Déwawarman V
- Déwawarman VI
- Déwawarman VII
- Déwawarman VIII (348 - 363 M)
Wewengkon
[édit | édit sumber]Daérah kakawasaan karajaan ieu ngawengku sakabéh basisir selat Sunda, nyaéta basisir Pandeglang, Banten di béh wetan, nepi ka Agrabintapura (Gunung Padang, Cianjur), ogé pulo-pulo di selat Sunda saperti Krakatau atawa Apuynusa (pulo seuneu) jeung nepi ka basisir kidul Swarnabumi (pulo Sumatera).
Warta
[édit | édit sumber]Aya dugaan yén kota Argyre nu kapanggih ku Claudius Ptolemeus taun 150 M nyaéta kota Perak atawa Salaknagara ieu. Dina warta Cinten ti dinasti Han, aya catetan rehna raja Tiao-Pien (Tiao=Dewa, Pien=Warman) ti karajaan Yehtiao atawa Jawa, ngirim utusan/duta ka Cina taun 132 M.
Cikal bakal Tarumanagara
[édit | édit sumber]Raja pamungkas karajaan ieu nyaéta Déwawarman VIII nu gelarna Prabu Darmawirya Dewawarman (348-363 M) nu tuluy masrahkeun kakawasaan ka minantuna nyaéta Jaya Singawarman. Jaya Singawarman tuluy ngarobah ngaran karajaan jadi Tarumanagara sarta mindahkeun ibukotana ka beulah wétan deukeuteun Bekasi kiwari sedengkeun Karajaan Salaknagara sorangan statusna jadi karajaan bawahan.
Jaya Singawarman sabenerna mah Maharesi nu asalna ti Salankayana di India, nu ngungsi ka Nusantara alatan nagarana ditalukkeun ku Maharaja Samudragupta ti Karajaan Magada di India.
Tempo oge
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 9794193305
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |