Tarumanagara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Wilayah karajaan Tarumanagara

Tarumanagara atawa Taruma mangrupa salah sahiji karajaan munggaran di Nusantara, diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358 M di wewengkon Bekasi ayeuna.[1] Raja nu kadua satutasna Jayasingawarman pupus nyéta Dharmayawarman (382 - 395 M) nu salajéngna diteraskeun ku Purnawarman (395 - 434 M). Dina taun 397 Purnawarman ngalihkeun puseur pamaréntahan ka Sundapura nu leuwih deukeut ka basisir.[2][3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Tarumanagara diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358, nu lajéng diganti ku putrana, Dharmayawarman (382-395). Jayasingawarman dikuburkeun di sisi walungan Gomati, sedeng putrana di sisi Candrabaga.

Purnawarman mangrupa raja Tarumanagara nu katilu (395-434 M). Anjeunna ngawangun puseur karajaan anyar dina taun 397 deukeut ka basisir, dingaranan Sundapura—munggaran dipakéna ngaran "Sunda". Dina taun 417, anjeunna maréntahkeun ngali walungan Gomati jeung Candrabaga nu panjangna 6112 tumbak (kurang leuwih 11 km). Sanggeus réngsé, anjeunna ngayakeun salametan ku ngabagikeun saréwu sapi ka para brahmana.

Sundakala

BantenCirebonPerang BubatGaluhSundaGaluhKendanTarumanagaraSalakanagara

Prasasti Pasir Muara nu nyaritakeun dipulangkeunana pamaréntahan ka Raja Sunda téh dijieun taun 536 M. Dina taun éta nu jadi pamingpin Tarumanagara nyaéta Suryawarman (535 - 561), Raja Tarumanagara ka-7. Pustaka Jawadwipa, parwa I, sarga 1 (kaca 80-81) méré katrangan yén dina mangsa Candrawarman (515-535 M), ramana Suryawarman, loba pangawasa nu narima deui kakawasaan pamaréntahan di wewengkonna séwang-séwangan ku satiana ka Tarumanagara. Ditilik tina jihat ieu, Suryawarman milampah nu sarupa jeung kawijakan pulitik ramana.

Rakeyan Juru Pangambat nu kasebut dina prasasti Pasir Muara sigana mah mangrupa saurang pupuhu di Tarumanagara nu ngawakilan raja di wewengkon éta. Nu can puguh mah nu jadi sabab ayana éta prasasti di dinya? Naha wewengkon éta téh puseur Karajaan Sunda, atawa ukur tempat petingan nu kaasup wewengkon Sunda?

Boh sumber-sumber prasasti ogé sumber-sumber Cirebon ngajéntrékeun yén Purnawarman geus hasil meruhkeun musuh-musuhna. Prasasti Munjul di Pandéglang nunjukkeun yén kakawasaanana ngawengku ogé basisir Selat Sunda. Pustaka Nusantara, parwa II sarga 3 (kaca 159-162) nyebutkeun yén Purnawarman ngabawah 48 raja nu ngawasa daérah ti Salakanagara atawa Rajatapura (di daérah Teluk Lada Pandéglang) nepi ka Purwalingga (ayeuna Purbolinggo) di Jawa Tengah. Sacara tradisional, Cipamali (Kali Brebes, Kali Pemali) dianggap mangrupa wates kakawasaan raja-raja nu ngawasa wewengkon Jawa Kulon mangsa ka tukang.

Ayana prasasti Purnawarman di Pasir Muara, nu nyaritakeun Raja Sunda taun 536, mangrupa totondén yén puseur Sundapura geus robah status jadi karajaan daérah. Hal ieu ngandung harti yén puseur pamaréntahan Tarumanagara geus ngised ka wewengkon séjén. Conto nu sarupa bisa katitén ogé nalika Rajatapura atawa Salakanagara (kota Pérak), nu disebut Argyre ku Ptolemeus taun 150. Kota ieu, nepi ka taun 362, jadi puseur pamaréntahan raja-raja Déwawarman (ti Déwawarman I nepi ka VIII).

Nalika puseur pamaréntahan pindah ti Rajatapura ka Tarumanagara, Salakanagara robah statusna jadi karajaan daérah. Jayasingawarman nu ngadegkeun Tarumanagara téh minantu Déwawarman VIII, Maharesi ti Salankayana di India nu ngungsi ka Nusantara alatan daérahna dirurug Maharaja Samudragupta ti Karajaan Magada.

Suryawarman teu ukur neruskeun kawijakan pulitik ramana nu leuwih loba méré kapercayaan ka raja daérah pikeun ngokolakeun pamaréntahanana, tapi ogé mindahkeun perhatianana ka wewengkon wétan. Taun 526 misalna, Manikmaya, minantu Suryawarman, ngadegkeun karajaan anyar di Kendan, wewengkon Nagrég kiwari (antara Bandung jeung Limbangan, Garut). Putra Manikmaya matuh jeung akina di puseur Tarumangara, nu lajéng jadi Panglima Angkatan Perang Tarumanagara. Wewengkon wétan beuki maju deui nalika bao Manikmaya ngadegkeun Galuh taun 612.

Salila ngadeg, Tarumanagara ngalaman dipingpin ku dua welas raja. Taun 669, ku sabab teu boga anak lalaki, Linggawarman diganti ku minantuna, Tarusbawa. Linggawarman kagungan dua putri, cikalna Manasih jadi istri Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu bungsu Sobakancana jadi istri Dapuntahyang Sri Jayanasa nu ngadegkeun Karajaan Sriwijaya. Sacara otomatis, tahta kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantu ti istrina nu cikal, nyaéta Tarusbawa.

Kakawasaan Tarumanagara wekasan ku pindahna tahta karajaan ka Tarusbawa, sabab Tarusbawa pribadi milih mulang ka karajaanana sorangan, nyaéta Sunda nu saméméhna aya dina kakawaasan Tarumanagara. Pindahna kakawasaan Tarumanagara ka Sunda ieu, ngan Galuh nu teu sapuk, sarta mutuskeun misah ti Sunda nu kawarisan Tarumanagara.[4]

Raja-raja Tarumanagara[édit | édit sumber]

Dua arca Wisnu kapanggih ti Cibuaya, Karawang. Tarumanagara abad ka-7 Masehi. Mahkotana nu siga tabung sarupi gaya seni Khmer Kamboja.
  1. Jayasingawarman 358-382
  2. Dharmayawarman 382-395
  3. Purnawarman 395-434
  4. Wisnuwarman 434-455
  5. Indrawarman 455-515
  6. Candrawarman 515-535
  7. Suryawarman 535-561
  8. Kertawarman 561-628
  9. Sudhawarman 628-639
  10. Hariwangsawarman 639-640
  11. Nagajayawarman 640-666
  12. Linggawarman 666-669

Prasasti nu patali jeung Tarumanagara[édit | édit sumber]

Sahanteuna aya tujuh prasasti (nu geus kapanggih jeung katalungtik) nu dianggap patali jeung ayana karajaan Tarumanagara, di antarana:

Agama[édit | édit sumber]

Masarakat Tarumanagara ngagem agama Hindu aliran Wisnu nu némbongkeun anasir kapercayaan Wéda jeung muja déwa Mitha Surya, agama Buda, jeung agama nu diagem saméméhna (FaHsien nyebutna agama kotor). Agama Hindu diagem ku masarakat bangsawan, agama Buda ngan saeutik nu ngagemna, sedengkeun agama masarakat pribumi, nyaéta muja arwah karuhun mah panglobana nu ngagemna. Ari dina situs Batujaya mah nu kapanggih téh mangrupa gambaran agama Buda lantaran mangrupa kompléks percandian agama Buda.

  • Dumasar data mangsa Tarumanagara kagambarkeun ayana dua golongan masarakat, nyaéta kelas luhur aya di lingkungan karaton, ngagem agama Budha. Sedengkeun golongan séjénna budaya asli;
  • Ayana ngali walungan Candrabaga jeung Gomati dibarengan ku hadiah sarébu sapi nu disebut dina Prasasti Tugu, némbongkeun ayana kapercayaan Veda;
  • Dina Prasasti Ciaruteun aya gambar suku nu mangrupa simbol sampéan Raja Purnawarman nu disaruakeun jeung tapak suku Déwa Wisnu. Kecap vikmnta dihubungkeun jeung trivikrama, tilu léngkah Wisnu ngurilingan dunya;
  • Dina Prasasti Pasir Koléangkak, Purnawarman disaruakeun jeung Déwa Indra. Dumasar éta katerangan bisa kagambar ayana anasir Veda jeung muja Déwa Surya.

Kehadiran agama Weda dun agama Buddha yang relatif bersamaan waktunya di wilayah kerajaan Tarumanagara, khususnya di daerah pantai utara dan Baratt, seperti ditunjukkan oleh kehadiran dun kompleks percandian yang berbeda latar keagamaannya yaitu di Cibuaya dan di Batujaya. Selama ini hanya dikenal agama Weda, yang mengutamakan pemujaan kepada Dewa Wisnu, yang berkembang di kerajaan Tarumanagara seperti yang disiratkan dalam inskripsi-inskripsinya, dan kompleks percandian di Cibuaya dengan temuan tiga buah arca Wisnu di dekatnya. Déwa Wisnu téh salah sahiji déwa tina tilu déwa nu pangluhurna nurutkeun agama Hindu, di sagigireun Brahma jeung Siwa. Pancén Brahma nyaéta nyiptakeun alam, Siwa ngaruksak alam, jeung Wisnu nu miara alam. Déwa diwujudkeun mangrupa Pamng, nyembahna pangéranna téh ngaliwatan patung. Data ti iaman ieu kapanggih di Cibuaya (Pedes, Karawang), mangrupa dua Patung Déwa Wisnu. Dina prasasti Ciaruteun, tapak dampal sampéan Raja Purnawarman dianggap minangka tapak dampal sampéan Dewa Wisnu. Anggapan kitu téh dumasar kana konsép kultus déwaraja, ngeunaan kalungguhan raja nurutkeun ajaran agama Hindu.[6]

Budaya[édit | édit sumber]

Kabudayaan masarakat Tarumanagara nyaéta budaya India corak Hindu. Contona aksara Palawa jeung basa Sansekerta. Ku ayana pangaweruh ngeunaan aksara sarta kagiatan nulis jeung maca, masarakat Tatar Sunda jaman Tarumanagara jadi paham kana konsép nagara, konsep agama, jeung konsép kamasarakatan anu leuwih jembar struktur, wawasan, jeung ambahanana. Anu tadina ukur maké konsép padukuhan (désa) satuluyna maké konsép karajaan minangka wangunan nagarana. Anu tadina ukur ngagem kapercayaan ka lelembut karuhun (animismeu) jeung kakuatan goib nu mangkuk dina barang (dinamismeu), tuluy ngagem agama Hindu. Anu tadina Sistim masarakatna basajan, tuluy loba unak-anikna (kompleks). Eta pangaweruh anyar téh hasil tina hubungan atawa campur gaul jeung urang India katut kabudayaanana. Dumasar hasil panalungtikan ngeunaan Batujaya kapanggih sawatara hal ngeunaan ieu karajaan, nyaéta:

  • Tempat nganjrekna mangrupa pakampungan, pangkolotna ti 3.000 taun saméméh Maséhi.
  • Tina segi téknologina kaasup mangsa perundagian.
  • Pakampunganana ayana di deukeut ka basisir.
  • Pakasabanana nyaéta dagang, tani, jeung ngala lauk.[6]

Pakasaban[édit | édit sumber]

Pakasaban masarakat Tarumanagara nyaéta moro sato anu dagingna didahar jeung bisa dijual, di antarana badak, gajah, penyu, miara sasatoan, tani, miara lauk, dagang, pamayang, jeung pertambangan (emas, perak, perunggu). Dina prasasti Tugu disebutkeun aya kagiatan rongkah pikeun alam harita, nyaéta nyieun saluran cai (walungan) anu panjangna kurang leuwih 12 kilométer. Eta walungan téh ngaliwat ka palebah karaton éyangna di puseur dayeuh sarta brasna nepi ka laut (nu ayeuna disebut Laut Jawa). Tina éta katerangan, bisa digambarkeun yén pakasaban masarakat Tarumanagara téh tatanén, moro, ngingu sasatoan, buniaga, jeung balayar. Haribéas, gula kawung, cula badak, gading gajah, jeung kulit penyu geus jadi barang dagangan. Kapanggihna huut badag nu dijadikeun campuran pikeun nyieun Batu bata dina Candi Batujaya jadi gambaran yén melak paré geus ti alam harita kénéh.[6]

Titinggal[édit | édit sumber]

Titinggal mangsa ieu nyaéta prasasti, candi jeung barang-barang séjénna. Situs ieung artefak nu kapanggihna di antarana:

  • Kampung Muara: ménhir (3), batu dakon (2), area batu nu teu huluan, struktur batu walungan, kuburan (heubeul).
  • Ciampéa: arca gajah (batu) tapi geus ruksak pisan.
  • Gunung Cibodas: arca tina batu kapur, tilu arca nu keur diuk, arca raksasa, arca déwa, arca Dwarapala, arca Brahma diuk dina luhur soang (Wahana Hamsa) jeung dilengkepan ku padmasana, Arca (nangtung), jeung Arca singa (perunggu) (Mus.Nas.no.771).
  • Tanjung Barat: Arca Siwa (diuk) perunggu (Mus.Nas.no.514a).
  • Tanjungpriok: Arca Durga-Kali Batu granit (MusNas. no.296a).
  • Cilincing: sesemplékan.
  • Buni: perhiasan emas dina pariuk, baliung, logam perunggu, logam beusi, geulang kaca, manik-manik tina batu jeung kaca, tulang-taléng manusa, jeung gagarabah.
  • Batujaya: rupa-rupa candi, arca, rorongkong, bekel kubur perhiasan, gagarabah.[6]

Organisasi sosial[édit | édit sumber]

Dina jaman prasajarah mah sistim organisasi sosial téh masih kénéh basajan, wujudna samar-samar. Tapi dina mangsa Karajaan Tarumanagara mah geus ngaganggélék jadi karajaan anu wewengkonna leuwih lega, anggota masarakatna leuwih loba, jeung susunan organisasina leuwih loba unak-anikna (kompléks). Kitu deui pamingpinna geus jinek kalungguhan, pancén, wewenang, hak, jeung cara milihna. Pamingpinna disebut raja ari organisasi sosialna disebut karajaan. Hiji anggota masarakat disebut raja ku lantaran kaunggulan dirina, boh kapinteranana, kakuatanana, kakayaanana, pangalamanana, boh loba nu nganutna. Tapi sanggeus jadi raja, turunanana terus nyekel kalungguhan raja. Jadi, saterusna sistim gunta-ganti raja dumasar konsép turunan. Ti harita muncul puseur dayeuh minangka puseur nagara (karajaan), puseur pamaréntahan. Raja tetep-tumetep di puseur dayeuh, nyicingan hiji wangunan nu dianggap lambang puseur nagara. Eta wangunan disebut karaton. Eta anggapan téh dumasar kana konsép yén karajaan téh mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos buana pancatengah, puseur dayeuh mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos karajaan, sarta karaton mangrupa mikrokosmos tina makrokosmos puseur dayeuh karajaan. Lantaran aya tingkatan sosial tangtu aya hancengan pagawéan di masing-masing anggota masarakatna. Lian ti éta aya ogé stratifikasi sosial dumasar luhur-handapna kalungguhan jeung pagawéanana, nyaéta nu disebut kasta. Antara kasta téh henteu bisa pacampur hirup kumbuhna. Eta kasta téh nyaéta:

  • Kasta brahmana anu ngawengku kaom agama anu hirup kumbuhna sagemblengna pikeun kapentingan katut anu aya patalina jeung kahirupan agama;
  • Kasta ksatria, anu nyekel tur ngatur kakawasaan atawa pamaréntahan;
  • Kasta wésya, anu ngawengku rayat nu miboga pacabakan nu mandiri, jeung
  • Kasta sudra, anu henteu miboga hak hirup sacara wajar tegesna masarakat butitina.[6]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Prasetyo, Deni (2009). Mengenal Kerajaan-Kerajaan NusantaraPrasetyo. Indonésia: Pustaka Widyatama. p. 7. ISBN 9789796103096.  Disungsi10 Juli 2023
  2. Anak Hebat Indonesia. Indonésia: Pustaka Widyatama. 2019. p. 269. ISBN 9786232447646.  Disungsi11 Juli 2023
  3. Ayatrohaedi, 1939-2006. (2005). Sundakala : cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon (Cet. 1 ed.). Jakarta: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-330-5. OCLC 70921040. 
  4. Saléh Danasasmita, 2003, Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama.
  5. Yoséph Iskandar, 1997, Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Bandung: Geger Sunten.
  6. a b c d e Ruhaliah. ([2010]). Sajarah Sunda samemeh taun 1945. [Bandung]: JPBD FPBS UPI. ISBN 978-602-8460-09-5. OCLC 708356930. 

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Kasultanan BantenKasultanan CirebonSumedanglarangKarajaan SundaKendanTarumanagaraSalakanagara