Kabupatén Bogor

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Bogor.


Kabupatén Bogor
Jawa 1rightarrow blue.svg Jawa Kulon

Pura Parahyangan Agung Jagatkarta minangka pura panggedéna di luar Pulo Bali perenahna di Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor
Lambang bogor.jpg

Lambang

Jargon: Prayoga Tohaga Sayaga Kuta Udaya Wangsa Tegar Beriman
Locator kabupaten bogor.png

Peta lokasi Kabupatén Bogor
Puseur Dayeuh Cibinong
Lega Wilayah 298.939,30 Ha
Kordinat 6018' 6047'10" LS jeung 106023'45"-107013'30" BT
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
4.771.932 jalma(2010)
2.303,93 jiwa/km²
Démografi
 · Séké Sélér
Sunda, Melayu Batawi, Jawa, Batak, Palémbang jeung Padang (ditilik tina lobana jumlah pendatang)
Agama
Islam (97,76%), Katolik (0,60%), Protéstan (1,08%), Hindu (0,05), Buddha (0,33%), Kong Hu Chu (0,16%), sejena (0,02%)
Basa
Sunda (sakabéh kecamatan di Kabupatén Bogor), Indonésia (Kecamatan Cileungsi, Kecamatan Gunung Putri, Kecamatan Cibinong, Kecamatan Jonggol jeung Kecamatan Cariu)
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
40
411 désa, 17 kalurahan
Dasar hukum Peraturan Pemerintah Nomor 6 Tahun 1982
Milangkala 3 Juni 1482
Bupati Hj. Nurhayanti, S.H., M.M., M.Si.
Zona Waktu
Kode telepon
WIB
021 jeung 0251
DAU Rp. 1.887.770.112.500.-(2013)
Tutuwuhan Idéntitas
Sato Idéntitas
Tangkal Kemang
Monyét Surili

Situs web resmi: http://www.kabupaten-bogor.go.id

Kabupaten Bogor mangrupa salahsahiji Kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Puseur dayeuhna nya éta Cibinong. Kabupatén ieu diwatesan ku Kabupatén Tangerang (Banten), Kota Dépok, Kota Bekasi, jeung Kabupatén Bekasi di beulah kalér; Kabupatén Karawang di beulah wétan, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Sukabumi di beulah kidul, sarta Kabupatén Lebak (Bantén) di beulah kuloneunana. Kabupatén Bogor kawengku ku 40 kacamatan, nu dibagi deui ku désa jeung kalurahan.

Nilik tina wilayahna, Kabupatén ngawengku ogé Kota Bogor nu perenahna di tengah Kabupatén Bogor. Sedengkeun beulah kidul aya Kota Dépok nu harita asup kénéh Kabupatén Bogor minangka kota kacamatan. Kaping 15 April 1991 ngaliwatan kaputusan pamaréntah Dépok ditingkatkeun statusna jadi kota administratif, Kota Dépok sacara resmi misah ti Kabupatén Bogor.

Kabupatén Bogor minangka kawasan pangrojong pangwangunan DKI Jakarta.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kabupatén Bogor nya éta salasahiji wilayah nu jadi puseur karajaan pangkolotna di Indonésia. Numutkeun catetan Dinasti Sung di Cina jeung prasasti nu kungsi kapanggih di Tempuran walungan Ciaruteun jeung walungan Cisadané yén dina abad ka-5 di daérah ieu geus aya pamaréntahan. Dinasti Sung nyatét taun 430, 433, 437 jeung 452 Karajaan Holotan ngirimkeun utusan ka CIna. Holotan disebut-sebut minangka Karajaan Hindu nu pangkolotna di Pulo Jawa hususna di Jawa Kulon.

Dina sajarahna, Kabupatén Bogor teu bisa leupas tina sajarah Karajaan Tarumanagara, Karajaan Sunda, Karajaan Pajajaran, Karajaan Galuh atawa Kawali. Kabupatén Bogor disawang salaku puseur pamaréntahan karajaan-karajaan éta. Cikal bakal ngadegna Kabupatén Bogor teu leupas tina tokoh Tanuwijaya nu mangsa harita disebut Kepala Kampung Baru dina dokumén kaping 7 Nopémber 1701. Tanuwijaya ngadegkeun kampung nu dibéré ngaran Parung Angsana (Kampung Baru), Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranang Siang, Parung Banténg jeung Cimahpar kalawan Parung Angsana salaku puseur pamaréntahan.

Taun 1745 salapan kampung éta dihijikeun sarta Kepala Kampungna dibéré gelar Demang ku alpukahna Gubernur Jenderan Baron van Imhoff. Salapan kampung éta dibéré ngaran Regentschap Kampung Baru nu satuluyna disebut Regentschap Buitenzorg. Wilayah ieu jadi wilayah pangirutan disagédéngeun Batavia. Kabuktian taun 1873 dibuka jalur karéta api ti Batavia ka Buitenzorg.

Kaping Milangkala Bogor boh Kabupatén boh Kota nya éta kaping 3 Juni 1482 nyoko kana diistrénana Sri Baduga Maharaja sarta puncak acara Kuwérabakti atawa acara méré upeti karajaan handap ka Pajajaran.

Asal Kecap[édit | sunting sumber]

Asal kecap Bogor masih jadi padungdengan kusabab lobana pamadegan nu béda alesan. Pamadegan kahiji nya éta ti kecap Buitenzorg. Sedengkeun nu séjén aya nu nyebut ti Bahai nu hartina Sapi nyoko kana patung sapi nu aya di Kebon Raya Bogor. Sedengkeun pamadegan katilu nya éta Bokor nu hartina mangkok tambaga. Iwal ti éta nu disawang bener nya éta ti kecap Bogor nyoko kana pagawéan Pabogoran nu hartina nyadap tunggul kawung. Ti dinya Bogor disawang boga harti tunggul kawung.

Harti Lambang Kabupatén Bogor[édit | sunting sumber]

Logo Kabupatén bogor

Lambang Kabupatén Bogor dibagi ku 6 unsur nya éta:

  • Bagéan Inti
  • Bagéan Tengah
  • Bagéan Luar
  • Makna Warna
  • Taméng, jeung
  • Runtuyan Kecap

Bagéan Inti[édit | sunting sumber]

  • Kujang, nya éta sanjata khas masarakat Sunda idéntik jeung kahadéan sarta kaagungan Sunda bihari. Kujang ngalambangkeun kaperwiraan hartina teu gedag kaanginan dina nanjeurkeun kahadéan.
  • Pakujajar, mangrupa lambang kateguhan nu salilana jadi tradisi karajaan Pajajaran.
  • Harupat nu dilambangkeun ku gagang kujang nu aya dina beungkeutan pakujajar ngalambangkeun hiji hal nu kuat, simbol kakuatan masarakat Bogor dina mertahankeun jatidirina.
  • Budeuran nu eusina kujang, harupat jeung pakujajar disebut ogé boga atawa endog nu ngalambangkeun awal atawa inti kahirupan nu didasaran ku kasucian.

Bagéan Tengah[édit | sunting sumber]

  • Puncak gunung di bagéan tengah nunjukeun Gunung Salak jeung Gunung Pangrango nu sacara géografis duanana mangrupa patok wilayah Kabupatén bogor di beulah kidul, Puncak gunung ngalambangkeun tujuan atawa cita-cita nu luhur. Dua puncak nu luhurna béda ngalambangkeun tangga pikeun ngahontal tujuan.
  • Walungan ngalambangkeun walungan Ciliwung jeung Cisadané ngalambangkeun kasuburan.
  • Segitilu sarua sisi boga makna kautamaan, ngalambangkeun yén kasuburan jeung kabeungharan alam kudu diolah sarta dimangpaatkeun kalawan dasar niléy kautamaan.

Bagéan Luar[édit | sunting sumber]

  • Budeuran ngalambangkeun kasampurnaan, hartina pajoangan hirup kudu dituluykeun ka arah kasampurnaan lahir tumekaing batin tampa cacad.

Warna[édit | sunting sumber]

  • Hideung jeung Bodas ngalambangkeun perjuangan hirup. Bodas lambang kasucian, kahadéan jeung kabersihan sedengkeun hideung lambang kagoréngan. Dua warna ieu disebut salaku panyaimbang dina laku lampah hirup masarakat Kabupatén Bogor.
  • Konéng mangrupa warna emas, lambang kajayaan jeung kaagungan.
  • Héjo digunakeun pikeun warna dasar nu ngandung ma'na kasuburan.
  • Bulao mangrupa warna kaéndahan.
  • Coklat warna taneuh ngalambangkeun lemah cai.

Taméng[édit | sunting sumber]

  • Tilu sudut dina taméng ngalambangkeun tilu komponén nangtukeun kasejahteraan umat dina hiji kawasan atawa nagara anu sok disebut ogé Tri Tangtu di Bumi nya éta Rama, Resi, Ratu atawa dina hal ieu nya éta masarakat, ulama jeung pamaréntah. Tilu garis sisi ngawangun taméng ngalambangkeun iman, ilmu jeung amal nu mangrupa bénténg kahirupan umat.

Runtuyan Kecap[édit | sunting sumber]

  • Prayoga hartina utama, Tohaga hartina kuat atawa kokoh jeung Sayaga hartina siap siaga. Runtuyan kecap éta ngabogaan maksud pamadegan jeung pajuangan masarakat. Pamadegan jeung pajuangan masarakat Kabupatén Bogor kudu dimimitian jeung dijiwaan kalawan kautamaan sangkan beuki kokoh, kuat jeung siap dina nyanghareupan tantangan pikeun ngahontal cita-cita.
  • Kuta hartina kota, Udaya hartina fajar, bangkit sarta Wangsa hartina bangsa. Tilu kecap éta boga maksud yén Bogor mangrupa asal mimitina lahirna bangsa di buana sarta dipiharep salaku puseur kabangkitan pajuangan pangwangunan pikeun ngahontal kamajuan jeung kamakmuran
  • TEGAR BERIMAN nya éta ungkara tina Tertib, Segar, Bersih, Indah, Mandiri, Aman jeung Nyaman. Dipiharep sangkan masarakat Kabupatvn Bogor bisa ngahontal kana jargon éta.

Babagian Administratif[édit | sunting sumber]

RE Abdullah (Bupati Bogor) bareng jeung Wiranatakusumah nalika nganteur Mohammad Memed Jatukrami.

Kabupatén Bogor kawengku ku 40 Kacamatan, anu kabagi deui ku 411 désa jeung 17 kalurahan. Ngawengku 3.639 RW jeung 14.403 RT. Puser pamaréntahana nya éta di Cibinong.

Daptar Wewengkon[édit | sunting sumber]

Di handap ieu mangrupa daptar kacamatan anu aya di Kabupatén Bogor dumasar kana Peraturan Daérah No 3 taun 2003 ngeunaan Pembentukan jeung Perda No 40 taun 2004 ngeunaan OTK kacamatan Kabupatén Bogor:

Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan Ngaran kacamatan

Topografi jeung Géografis[édit | sunting sumber]

Kalawan lega 298.939,30 hektar, Kabupatén Bogor boga topografi jeung géografis nu rupa-rupa. Beulah kalér Kabupatén Bogor mangrupa dataran handap (lembah Walungan Ciliwung jeung Walungan Cisadané), sedengkeun beulah kidulna mangrupa pagunungan, nu puncakna nyaéta: Gunung Halimun (1.764 m), Gunung Salak (2.211 m), sarta Gunung Pangrangro (3.019 m), mangrupa gunung kadua pangluhurna di Jawa Barat sanggeus Gunung Ciremai di Majalengka. Kabupatén Bogor perenahna aya di koordinat 6o18' 6o47'10" LS jeung 106o23'45"-107o13'30" BT nu diwatesan ku:

  • Kalér: Kabupatén Tangerang (Banten), Kabupatén Bekasi, Kota Bekasi jeung Kota Dépok (Jawa Kulon)
  • Wétan: Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Karawang
  • Kidul: Kabupatén Sukabumi jeung Kabupatén Cianjur
  • Kulon: Kabupatén Lebak (Banten)
  • Tengah: Kota Bogor

Di Kabupatén Bogor, aya 6 aliran walungan nu disebut Daérah Aliran Sungai (DAS) nya éta DAS Cidurian, DAS Cimanceuri, DAS Cisadané, DAS Ciliwung, DAS Kali Bekasi jeung DAS Citarum. Walungan di unggal DAS ngabogaan pungsi jeung peran salaku sumber cai pikeun irigasi, imah tangga jeung industri sarta boga pungsi drainaseu utama wilayah. Disagédéngeun éta, Kabupatén Bogor boga 94 sétu kalawan legana 496,28 Ha sarta 63 séké.

Komposisi digunakeuna lahan di Kabupatén Bogor nya éta 42.175 Ha (13,30%) pikeun alas lindung, 56.888 Ha (17,94) pikeun lahan baseuh, 47,756 (15,06%) pikeun lahan garing, 24.797 (7,82%) pikeun kawasan pepelakan taunan, 51.529 Ha (16,25%) pikeun alas produksi, 1.681 Ha (0,53%) kawasan pariwisata, 20.326 Ha (6,41%) kawasan padésaan, 52.036 Ha (16,41%) kawasan pakotaan, 14.527 Ha (4,60%) kawasan pamekaran pakotaan sarta 5.327 Ha (1,68%) kawasan pikeun industri.

Strategi Wilayah Pangwangunan di Kabupatén Bogor[édit | sunting sumber]

Balekota atawa Huis Butenzorg mangsa taun 1939.

Numutkeun stratégi wilayah pangwangunan nu ditetepkeun dina Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupatén Bogor, Kabupatén Bogor dikelompokeun ku 3 wilayah pangwangunan nya éta:

  1. stratégi percepatan di wilayah Bogor Barat ngawengku 13 kacamatan nya éta kacamatan Nanggung, Leuwiliang, Leuwisadéng, Pamijahan, Cibungbulang, CIampéa, Ténjolaya, Rumpin, Cigudeg, Sukajaya, Jasinga, Ténjo jeung Parungpanjang kalawan total wilayah 128.750 Ha;
  2. strategi pengendalian di wilayah Bogor Tengah ngawengku 20 kacamatan nya éta kacamatan Dramaga, Ciomas, Tamansari, Cijeruk, Cigombong, Caringin, Ciawi, Cisarua, Mégamendung, Sukaraja, Babakan Madang, Citeureup, Cibinong, Bojonggedé, Tajurhalang, Kemang, Rancabungur, Parung, Cisééng, jeung kacamatan Gunung Sindur kalawan legana 87.552 Ha;
  3. stratégi pemantapan di wilayah Bogor Timur ngawengku 7 kacamatan nya éta kacamatan Sukamakmur, Cariu, Tanjungsari, Jonggol, Cileungsi, Klapanunggal jeung kacamatan Gunung Putri kalawan total wilayah 100.800 Ha.

Sosial Budaya[édit | sunting sumber]

Penduduk[édit | sunting sumber]

Dumasar hasil Éstimasi Penduduk 2013 jumlah pangeusi Kabupatén Bogor nya éta 5.202.097 nu disebut-sebut minangka Kabupatén pangpadetna di Jawa Kulon. ti jumlah éta 2.659.306 lalaki jeung 2.542.791 awéwé kalawan seks rationa 105. Padetna Kabupatén Bogor taun 2013 nya éta 20jalma/Ha. Wilayah pangpadetna nya éta kacamatan Ciomas kalawan 100jalma/Ha jeung wilayah paling saeutik nya éta kacamatan Tanjungsari kalawan 4jalma/Ha

Agama[édit | sunting sumber]

Lamun ditilik tina agama nu diaku ku nagara, pangeusi Kabupatén Bogor kawengku ku Islam panglobana kalawan jumlahna 4.206.687 (97,76%), Katholik 25.818 (0,60%), Protéstan 46.472 (1,08%), Hindu 2.155 (0,05), Buddha 14.199 (0,33%), Kong Hu Chu 6.884 (0.16) jeung séjéna 860 jalma (0,02%).

Sarana jeung Prasarana[édit | sunting sumber]

Jalan[édit | sunting sumber]

Panjang jalan di Kabupatén Bogor nya éta 1.758,056 km, kawengku ku jalan Nagara 122,836 km (5 jalur), jalan Propinsi 126,809 km (5 jalur) jeung jalan Kabupatén 1.748,915 km (371 jalur). Iwal ti dinya, aya ogé nu teu boga nomor ruas atawa jalan désa. Nepi ka taun 2006, jalan Kabupatén Bogor aya dina kondisi mantep (kondisi hadé nepi ka sedeng) nya éta 928,2 km atawa 61,61% sedengkeun sésana 578,37 atawa 38,39% kaasup ka jalan rusak.

Jambatan[édit | sunting sumber]

Jumlah jambatan nu aya di Kabupatén Bogor nya éta 682 jambatan nu kawengku ku jambatan nagara 25 jambatan, propinsi 98 jambatan, jeung jambatan dina jalan Kabupatén nu boga nomor ruas aya 559 jambatan kalawan total panjang 5.784,4 m. Ti 559 jambatan, 392 jambatan (70,13%) dina kondisi hadé, 132 jambatan (23,61%) dina kondisi sedeng jeung 35 jambatan (6,26%) dina kondisi rusak.

Transportasi[édit | sunting sumber]

Nepi ka kiwari Kabupatén Bogor boga 87 trayék kalawan 6.797 unit angkutan. Jaringan transportasi darat ngawengku jaringan jalan, jaringan jalur karéta api, terminal jeung stasion. Kabupatén Bogor ogé diliwatan ku jalan tol Jakarta - Bogor - Ciawi nu sakapeung disebut ogé Jagorawi.

Angkutan Kota[édit | sunting sumber]

  • Angkutan Kabupatén Bogor D64 ka Jonggol
  • Angkutan Kabupatén Bogor D121 ka Kampung Rambutan
  • Angkutan Kabupatén Bogor D121A Ka Kampung Rambutan
  • Angkutan Kabupatén Bogor 44A Ka Sentul City
  • Angkot D56 ka UKI
  • Angkot P01 ka Gas Alam
  • Angkot 02B Trayék Terminal Cileungsi - Pondok Gede Kota Bekasi
  • Angkot 02 Trayék Cikeas-Ciawi
  • Angkot 01 Trayék Cipaku - Merdéka
  • Angkot 02 Trayék Cisarua - Sukasari
  • Angkot 02a Trayék Cicurug - Sukasari
  • Angkot 03 Trayék Ciapus - Ramayana
  • Angkot 04 Trayék Rancamaya - Ramayana
  • Angkot 04a Trayék Cihideung - Ramayana
  • Angkot 05 Trayék Ciampéa - Terminal Bubulak/Laladon
  • Angkot 06 Trayék Parung - Terminal Merdéka
  • Angkot 06a Trayék Bantar Kambing - Terminal Merdéka
  • Angkot 07 Trayék Bojonggedé - Pasar Anyar
  • Angkot 07a Salabenda - Pasar Anyar
  • Angkot 08 Trayék Citeureup - Pasar Anyar
  • Angkot 32 Trayék Cibinong - Terminal Bubulak
  • Angkot 49 Trayék Terminal Cileungsi - Bojong Kulur
  • Angkot 64 Trayék Cileungsi - Karadénan

Bus[édit | sunting sumber]

  • Kosub Bersama ka Kampung Rambutan (via Citeureup -Tol Jagorawi)
  • Kosub Bersama 3/4 ka Tanjung Priok (via Citeureup-Tol Jagorawi-Cempaka Putih-Plumpang)
  • Metromini x1 patas ka Senen (via Cibubur - Tol Jagorawi - Cempaka Putih)
  • Metromini x1 patas ka Kampung Melayu (via Citeureup - Tol Jagorawi - Prumpung - St.Jatinegara)
  • Mayasari Bakti AC42 patas ka Tanjung Priok (via Cibubur - Tol Jagorawi - Sunter)
  • Mayasari Bakti AC42A patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Slipi - Grogol - Daan Mogot)
  • Mayasari Bakti AC70A patas ka Tanah Abang (via Cibubur - Tol Jagorawi - Komdak - Sudirman - Thamrin)
  • Maya Raya MYR AC patas ka Kalideres (via Cibubur - Tol Jagorawi - Slipi - Grogol - Daan Mogot)

Angkutan Perbatasan Terintegrasi Busway (APTB)[édit | sunting sumber]

Halte 3[édit | sunting sumber]
  • APTB Agra Mas Bubulak - Cililitan
Halte 15[édit | sunting sumber]
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Rawamangun
  • APTB Sinar Jaya Sentul City - Rawamangun
Halte 16[édit | sunting sumber]
  • APTB Sinar Jaya Ciawi - Tanah Abang
  • APTB Sinar Jaya Rancamaya - Tanah Abang
Halte 17[édit | sunting sumber]
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Blok M
  • APTB Sentul City - Blok M
  • APTB Mayasari Bakti CIleungsi Blok M
Halte 18[édit | sunting sumber]
  • APTB Mayasari Bakti Cibinong - Grogol
  • APTB Agra Mas Ciawi - Grogol
  • APTB Sinar Jaya Sentul City - Grogol
  • APTB Sinar Jaya Bubulak - Grogol

Halte 20

  • APTB Agra Mas Ciawi Senén

DAMRI[édit | sunting sumber]

  • Cibinong - Bandara Internasional Soekarno Hatta

Karéta Api (Commuter Line)[édit | sunting sumber]

  • Stasion Jakarta Kota - Stasion Bogor (JAKARTA KOTA ←→ Jayakarta ←→ Mangga Besar ←→ Sawah Besar ←→ JUANDA ←→ Gambir ←→ GONDANGDIA ←→ Cikini←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK ←→Citayam ←→Bojonggede ←→ Cilebut ←→ BOGOR)
  • Stasion Jatinegara - Stasion Bogor (JATINEGARA ←→ Pondok Jati ←→ Kramat ←→ Gang Sentiong←→ PASAR SENEN ←→ KEMAYORAN ←→ Rajawali ←→KAMPUNG BANDAN ←→ Angke ←→ DURI ←→ TANAH ABANG←→ Karet ←→ Sudirman ←→ Mampang ←→ MANGGARAI←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung←→ Universitas Pancasila ←→ Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→ DEPOK → Citayam → Bojonggede ←→Cilebut ←→ BOGOR)
  • Stasion Duri - Stasion Nambo (DURI ←→ TANAH ABANG ←→ Karet ←→ Sudirman ←→Mampang ←→ MANGGARAI ←→Tebet ←→ Cawang ←→ Duren Kalibata ←→ Pasar Minggu Baru ←→ Pasar Minggu ←→ Tanjung Barat ←→ Lenteng Agung ←→ Universitas Pancasila ←→Universitas Indonesia ←→ Pondok Cina ←→ Depok Baru ←→DEPOK → Citayam ←→ Pondok Rajeg ←→ Cibinong ←→ Gunung Putri ←→ NAMBO)

Nu kasup ka Stasion nu aya di Kabupatén Bogor nya éta:

  1. Stasion Citayam
  2. Stasion Bojonggedé
  3. Stasion Cilebut
  4. Stasion Pondok Rajeg
  5. Stasion CIbinong
  6. Stasion Gunung Putri
  7. Stasion Nambo

Pariwisata[édit | sunting sumber]

Taman Wisata[édit | sunting sumber]

  • Taman Safari
  • Taman Wisata Mekarsari
  • Taman Wisata Matahari
  • Jungleland
  • Wisata Désa Kampoeng Bamboe
  • Kebon Wisata Pasir Mukti

Curug[édit | sunting sumber]

  • Curug Cilémbér
  • Curug Cigaméa
  • Curug Seribu
  • Curug Nangka
  • Curug Ngumpet
  • Curug Luhur
  • Curug Bidadari
  • Curug Panjang
  • Curug Naga
  • Curug Ciismun
  • Curug Cibeureum

Wisata Alam Kawasan Puncak[édit | sunting sumber]

  • Melrimba
  • Masjid Attaawun
  • Panorama Alam Riung Gunung
  • Kawasan Puncak
  • Kawah ratu
  • Kebon Téh Gunung Mas
  • Bukit Gantolé

Sétu, Alam jeung Cai Panas[édit | sunting sumber]

  • Gunung Salak Éndah
  • Danau Lido
  • Ékowisata Bodogol
  • Gunung Bunder
  • Wana Wisata Jaya Giri
  • Gunung Pancar
  • Guha Gudawang
  • Cai Panas Cisééng

Museum jeung Sirkuit[édit | sunting sumber]

  • Sirkuit Sentul
  • Museum Mobil jeung Keramik

Daptar Bupati Bogor[édit | sunting sumber]

No Ngaran Ngajabat Ahir Jabatan Wakil Bupati
1 Ipik Gandamana 1948 1949
2 R.E. Abdoellah 1950 1958
3 Radén Kahfi 1958 1961
4 Karta Dikaria 1961 1967
5 Wisatya Sasmita 1968 1973
6 Radén Mochammad Muchlis 1973 1975
7 H. Ayip Rughby 1975 1982
8 Soedrajat Nataatmaja 30 Désémber 1983 30 Désémber 1988
9 H. Éddie Yoso Martadipura 30 Désémber 1988 30 Désémber 1993
30 Désémber 1993 30 Désémber 1998
10 Kol. TNI (Purn.) H. Agus Utara Éfféndi 30 Désémber 1998 30 Désémber 2003
30 Désémber 2003 30 Désémber 2008 Laodé Albert Pribadi
11 Drs. H. Rahmat Yasin, M.M 30 Désémber 2008 30 Désémber 2013 Karyawan Faturahman
30 Désémber 2013 24 Maret 2015 Hj. Nurhayati
12 Hj. Nurhayati 24 Maret 2015 Nepi ka ayeuna

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]



 t·s·é 

Kabupatén Bogor, Jawa Barat

Lambang Kabupaten Bogor.png

Kacamatan: Babakan Madang | Bojonggedé | Caringin | Cariu | Ciampéa | Ciawi | Cibinong | Cibungbulang | Cigombong | Cigudeg | Cijeruk | Cileungsi | Ciomas | Cisarua | Cisééng | Citeureup | Dramaga | Gunung Putri | Gunung Sindur | Jasinga | Jonggol | Kemang | Klapanunggal | Leuwiliang | Leuwisadéng | Mégamendung | Nanggung | Pamijahan | Parung Panjang | Parung | Ranca Bungur | Rumpin | Sukajaya | Sukamakmur | Sukaraja | Tajurhalang | Tamansari | Tanjungsari | Ténjo Ténjolaya |