Désa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Babagian administratif di Indonésia
Pancasila
Pancasila
Tingkat Propinsi

Propinsi
Daérah HususDaérah Istiméwa

Tingkat Kabupaten/Kota

KabupaténKota
Kabupatén administratif
Kota administratif
Sagoe

Tingkat Kacamatan

Kacamatan
DistrikSagoe Cut

Tingkat Kalurahan/Désa

KalurahanDésa
NagariKampungGampong

Tempo ogé

BanjarDusunLingkungan
Rukun Warga
Rukun Tatangga

édit
Désa
Hiji désa terpencil di Bénin

Désa, numutkeun définisi universal, nyaéta hiji aglomerasi pamukiman di aréa padésaan (rural). Di Indonésia, istilah désa nyaéta babagéan wilayah administratif di sahandapeun kacamatan, nu dipingpin ku Kapala Désa.

Ti saprak diberlakukeunnana otonomi daérah, istilah désa bisa disebut maké ngaran séjén, umpamana di Sumatra Barat disebut nagari, sedengkeun di Papua disebut kampung. Nya kitu ogé sagala istilah jeung institusi di désa bisa disebut maké ngaran séjén loyog jeung karakteristik adat istiadat désa éta. Hal ieu mangrupa salah sahiji pangakuan jeung panghormatan Pamaréntah kana asal usul jeung adat istiadat satempat.

Désa di Indonésia[édit | édit sumber]

Numutkeun Palaturan Pamaréntah Nomer 57 Taun 2005 ngeunaan Désa, disebutkeun yén désa mangrupa kasatuan masarakat hukum nu mibanda wates-wates wilayah, nu boga wewenang pikeun ngatur sarta ngurus kapentingan masarakat satempat, dumasar kana asal-usul jeung adat istiadat satempat nu diaku jeung dipihormat dina sistim Pamaréntahan Nagara Kasatuan Républik Indonésia.

Désa lain bawahan kacamatan, sabab kacamatan mah mangrupa bagian tina purati daérah kabupatén/kota, sedengkeun désa mah lain bagian tina purati daérah. Béda jeung Kalurahan, Désa leuwih lega hakna dina ngatur wilayahna sorangan. Tapi dina tuwuhna, hiji désa bisa ditingkatkeun statusna jadi kalurahan.

Kawenangan désa nyaéta:

  • Nyelenggarakeun urusan pamaréntahan nu geus aya dumasar kana hak asal usul désa
  • Nyelenggarakeun urusan pamaréntahan nu jadi kawenangan kabupatén/kota nu diserahkeun pangaturannana ka désa, nyaéta urusan pamaréntahan nu sacara langsung bisa ningkatkeun palayanan ka masarakat.
  • Tugas pembantuan ti Pamaréntah, Pamaréntah Propinsi, jeung Pamaréntah Kabupatén/Kota
  • Urusan pamaréntahan séjénna nu diserenkeun ka désa.

Pamaréntahan Désa[édit | édit sumber]

Désa mibanda pamaréntahan sorangan. Pamaréntahan Désa mangrupa Pamaréntah Désa (kaasup Kapala Désa jeung Puratina) sarta Badan Permusawarahan Désa (BPD)

Kapala Désa[édit | édit sumber]

Artikel utama: Kapala Désa

Kapala Désa mangrupa pingpinan penyelenggaraan pamaréntahan désa dumasar kana kawijakan nu ditetepkeun babarengan Badan Pamusawarahan Désa (BPD). Lilana jabatan Kapala Désa nyaéta 6 taun, sarta bisa diperpanjang deui salila sakali mangsa jabatan. Kapala Désa ogé mibanda wewenang netepkeun Peraturan Desa nu geus meunang persetujuan babarengan jeung BPD.

Kapala Désa dipilih langsung ngaliwatan Pamilihan Kapala Désa (Pilkadés) ku pangeusi désa satempat. Umur minimal Kapala Désa nyaéta 25 taun, sarta Kapala Désa kudu berpendidikan paling handap SLTP, sarta mangrupa pangeusi désa éta.

Purati Désa[édit | édit sumber]

Purati Désa tugasna mantuan Kapala Désa dina ngalaksanakeun tugas jeung wewenangna. salah sahiji purati désa nyaéta Sekretaris Désa, nu eusina Pagawé Nagri Sipil. Sekretaris Désa diangkat ku Sekretaris Daérah Kabupatén/Kota atas nama Bupati/Walikota.

Purati Désa séjénna diangkat ku Kapala Désa ti antara pangeusi désa, nu ditetepkeun ngaliwatan Kaputusan Kapala Désa.

Badan Pamusawarahan Désa[édit | édit sumber]

Artikel utama: Badan Pamusawarahan Désa

Badan Pamusawarahan Désa (BPD) mangrupa lembaga perwujudan démokrasi dina penyelenggaraan pamaréntahan désa. Anggota BPD nyaéta wawakil ti nu nyicingan désa bersangkutan dumasar kana keterwakilan wewengkon. Anggota BPD diwangun ti Pupuhu Rukun Warga, pamangku adat, golongan profesi, inohong ageman sarta inohong balaréa séjénna. Mangsa kalungguhan anggota BPD nyaéta 6 taunsarta bisa diangkat/diusulkan deui pikeun 1 kali mangsa kalungguhan saterusna. Pupuhu sarta Anggota BPD henteu kaci ngarangkep kalungguhan minangka Kuwu atawa Pakakas Désa. BPD boga fungsi netepkeun Aturan Désa babarengan jeung Kuwu, nandéan sarta nyalurkeun aspirasi balaréa.

Kauangan Désa[édit | édit sumber]

Penyelenggaraan urusan pamaréntahan désa anu jadi kewenangan désa didanaan tina Anggaran Pendapatan sarta Balanja Désa (APB Désa), bantuan pamaréntah sarta bantuan pamaréntah daérah. Penyelenggaraan urusan pamaréntah daérah anu diayakeun ku pamaréntah désa didanaan tina APBD.

Asal beubeunangan désa diwangun tina:

  • Pendapatan Asli Désa, di antarana diwangun tina hasil usaha désa, hasil kakayaan désa (kawas taneuh kas désa, pasar désa, wangunan désa), hasil swadaya sarta partisipasi, hasil gotong royong
  • Pikeun hasil Pajeg Daérah Kabupatén/Kota
  • Bagian tina Dana Perimbangan Keuangan Puseur jeung Daérah
  • Bantuan keuangan ti Pamaréntah, Pamaréntah Propinsi, sarta Pamaréntah Kabupatén/Kota dina raraga palaksanaan urusan pamaréntahan;
  • Hibah sarta sumbangan ti pihak katilu anu henteu ngiket.

APB Désa diwangun ku bagian Pendapatan Désa, Balanja Désa sarta Pabiayaan. Rarancang APB Désa dibahas dina musawarah perencanaan pangwangunan désa. Kuwu babarengan jeung BPD netepkeun APB Désa saban taunjeung Aturan Désa.

Lembaga Kamasarakatan[édit | édit sumber]

Di désa bisa dijieun lembaga kamasarakatan, nyaéta lembaga anu dijieun ku balaréa luyu jeung kaperluan sarta mangrupa mitra pamaréntah désa dina memberdayakeun balaréa. Lembaga kamasarakatan ditetepkeun ku Aturan Désa. Salah sahiji fungsi lembaga kamasarakatan nyaéta minangka panandéan sarta penyaluran aspirasi balaréa dina pangwangunan. Hubungan gawé antara lembaga kamasarakatan jeung Pamaréntahan Désa boga sipat kamitraan, konsultatif sarta koordinatif.

Pembentukan Désa[édit | édit sumber]

Désa dijieun ku prakarsa balaréa kalawan nengetan asal-usul désa sarta kaayaan sosial budaya balaréa satempat. Pembentukan désa bisa mangrupa penggabungan sawatara désa, atawa bagian désa anu padeudeukeut, atawa pamekaran tina hiji désa jadi dua désa atawa leuwih, atawa pembentukan désa di luar désa anu geus aya.

Désa bisa dirobah atawa disaluyukeun statusna jadi kalurahan dumasar kana prakarsa Pamaréntah Désa babarengan jeung BPD kalawan nengetan bongbolongan sarta pamadegan balaréa satempat. Désa anu robah jadi Kalurahan, Lurah sarta Pakakasna dieusi ti pagawé nagri sipil.

Désa anu robah statusna jadi Kalurahan, kakayaanana jadi kakayaan wewengkon sarta dikokolakeun ku kalurahan anu bersangkutan pikeun kapentingan balaréa satempat.

Babagéan Administratif[édit | édit sumber]

Wilayah désa bisa dibagi kana sababaraha dusun, nu mangrupa bagéan wilayah gawé pamaréntahan désa sarta ditetepkan maké peraturan désa.