Budaya Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekarannana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu, misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina

"Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".

nu hartina,

"Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".

Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.

Budaya Sunda Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi

Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang (séké sélér) Sunda. Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya séké sélér tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa. Daptar eusi [sumputkeun]

   * 1 Sajarah
   * 2 Ageman
   * 3 Basa, aksara, jeung sastra
   * 4 Tempo ogé
   * 5 Rujukan
   * 6 Tumbu kaluar

[édit] Sajarah

Kasadaran sajarah urang Sunda geus aya ti jaman baheula. Hal ieu misalna, kaunggel dina naskah basa Sunda Kuna Amanat Galunggung nu mangrupakeun amanat Rakéyan Darmasiksa, raja Sunda nu maréntah taun 1175 - 1297, ka turunan sarta sakumna urang Sunda, nu unina

   "Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya ma beuheula aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna".

nu hartina,

   "Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna".

Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.

[édit] Ageman

Bukti-bukti sajarah nu geus kagali ngeunaan ageman urang Sunda baheula bisa ditapsirkeun tina sababaraha naskah:

   * Séwaka Darma
   * Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian

Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan. Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung agama Buda anu asalna ti India. Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti jaman karajaan Tarumanagara keneh. Bukti-bukti anu kapanggih ngeunaan eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya jeung Cibuaya di Karawang, patung Buda di Talaga (Majalengka), arca Siwa di Kendan (Bandung). Sok sanajan kitu, dibandingkeun jeung pangaruh agama Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram, Kediri, Singasari, Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.

Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polinésia, jeung naskah nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda, nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran Buddha. Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.

Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghyang. Jadi, sanghyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar alam dunya ieu. Kahyangan téh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan dunya.

Asup ka alam Kahyangan katut hirup ngahiji sareng Hyang sabada nyawa ninggalkeun raga mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu jeung pancen hirupna.

Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masing-masing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.

[édit] Basa, aksara, jeung sastra

Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.

Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.

Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.

Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.

Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).

Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A. Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.

Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..

Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.

Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.

Basa, aksara, jeung sastra[édit | sunting sumber]

Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.

Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksaa Cacarakan. Aksara Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.

Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19, aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara Latin.

Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal abad ka-20.

Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh. Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).

Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A. Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb.

Sajak bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..

Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya gending karesmén nu leuwih dipikaresep.

Dina jaman méméh perang, buku-buku sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Ayatrohaédi. 2003. Nganjang ka kalanggengan: agama orang Sunda pra-Islam menurut naskah. Sundalana I: 139-155. Pusat Studi Sunda, Bandung.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]