Wawacan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun pola pupuh. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak.[1] Wawacan téh nya éta mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh.[1] Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.[1] Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Tadi geus disebutkeun yén maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh.[1] Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.[1] Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna Sumanget Anyar: Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Sastra Sunda Abad ka-19 (2005), Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu mmaca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".[1]

sajarah[édit | sunting sumber]

Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.

Papasingan Wawacan[édit | sunting sumber]

Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi ( Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jsb ), babad ( Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jsb ) , nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran.[2] Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti : Wawacan Rengganis, Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan Dewa Ruci, jsb.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f (id)Novianti, eva. Skripsi: Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf. UPI Bandung 2004.
  2. a b (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.



Nulis.jpg



Daptar Naskah Sunda Kuno
Wawacan Amongsari jeung Lembusari - Wawacan Umar Maya - Wawacan Pranatana Istri ka Carogé - Wawacan Muslimin-Muslimat - Wawacan Sulanjana - Wawacan Panji Wulung - Wawacan Adat Ngurus Orok - Wawacan Angling Darma - Wawacan Batara Rama - Wawacan Indra Putra - Wawacan Aji Saka - Wawacan Damarwulan - Wawacan Gandasari