Pamali
Pamali nya éta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung, matak peluh; teu meunang ngomé béas, bisi dijual ka toa; nu keur reuneuh teu meunag ngadahar intip, bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar tutut, bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun. Dina kamus ieu, kecap pamali dipatalikeun jeung kecap pahing, buyut, kapamalian, palangan, pantrang, jeung cadu[1]
Pamali dina Naskah jeung Karya Sastra [édit]
Kecap pamali aya dina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian[2]:
(Carek) sanghyang siksa, ngising ma tujuh lengkah ti jalan, kiih ma tilu lengkah ti jalan. Boa mo nemu picarekeun sakalih ja urang nyaho di ulah pamali.[2] Kaulah ma duka, pamali ma paeh, deung jeungjeueung gagawar, pucuk tambalung, sugan tampyan dalem, kandang larang(an), bale larangan[2].
Kecap pamali kaunggel ogé dina carita pantun Badak Pamalang[3]: Cing suci kami dek diajar ngawih/ Saeutik beunang mihuit/ Kawih kami sudi mandi/ Kawih kami suda pulang/ Saeutik tamba pamali/ Mangka unggut maung/ Mangka golong na karémbong/ Mangka pecat bentén omas/ Lekat-lekat katalanjuran/ Pantes lempenganeun saur[3]
Dina carita pantun Buyut Orényéng kecap pamali ogé kauni[4]:
Baringbing sumping balikan/ Bak layar gancang pulangan/ Pamali teu dibalikeun/ Halangan teu dipulangan/ Sungkanan barang pulangan/ Demi cangkang jeung eusina/ Mangsing sarua lobana/ Bisi kawih mamaruan/ Ja kawih mangdaya tineung/ Ceuk buyut tuha mara tuha/ Katénjo ku enya baé/ Enya pamali teuing/ Nu nungkul dipukul/ Nu hasrah dirasah/ Nu éléh diparoléh/ Matak teu tinggil juritan/ Matak teu jaya perangan/ Matak pupul pangaruh/ Matak tambar berekat/ Matak teu mahian sing barang pasini[4].
Kecap pamali kaunggel ogé dina dangding Haji Hasan Mustapa:
//Sirna rasa rasaning pasti/ raga raraganing rasa/ janggélék rasaning déwék/ duk lungsur ti satuhu/ bijil gingsir sih jeung sedih/ alaming kamanusan/ pangjurung kasarung/ ngumbara di alam dunya/ ngulik harti nguriling néangan gusti / ku pantang pamalina// [5]
Allah nu teu paya nitah/ Gusti nu ngalindih abdi/ teu paya tunda talatah/ lain Gusti nu sasari/ bisi kacingcirihi/ tutur kalebur ku catur/ nya loba katilarna/ ku abdi lain sajati/ rasa dunya salia ka pamalina// [6] Kapamalina kaula/ hayang ngahiji jeung Gusti/ kapamalina kaula/ birahi ku agung Gusti/ jadi paisin-isin/ nya lumpuh pajauh-jauh/ tuman ti sasarina/ abdi malibir ka Gusti/ ana mudal nanya katunggalanana//[6]
Pamali dina Wangun Kecap [édit]
Di sakuliah Indonésia aya kapercayaan, yén upama nyebut hiji kecap matak aya cangcalana, nepi ka kudu diganti ku kecap séjén anu teu aya matakna.[7] Kecap-kecap anu dimaksud dibéréndélkeun dina tabel di handap:
| No | Kecap anu Dipantrang | Gagantina | Katerangan |
|---|---|---|---|
| 1 | Kuntianak | Nu di cai[7] | |
| 2 | Sarung butut | Sarung alus | Keur nu kakandungan[7] |
| 3 | Hudang ngajuru | Nu keur senang | Di Karawang, Ciwidey[7] |
| 4 | Ku jurig | Ku nu ti peuting | Lamun aya budak/ orok ceurik baé ti peuting[7] |
| 5 | Panas | Tiis | Lamun kaléob/ kasundut[7] |
| 6 | Jalma ragrag | Monyét/ Careuh[7] | |
| 7 | Panas/ muriang | Haneut | Di Darmaraja[7] |
| 8 | Cacar | Kasakit alus[7] | |
| 9 | Minyak keletik keur ngagolak | Caah | Di Bandung, Cianjur, Sumedang[7] |
| 10 | Minyak | Cai/ getih | Supaya teu olok minyak nalika ngagoréng[7] |
| 11 | Aseupan | Lépé | Di Garut kidul[7] |
| 12 | Ruhay | Hurung | Bisi aya maung[7] |
| 13 | Uyah | Nu bodas | Di Panjalu[7] |
| 14 | jeung sajabana |
Conto Ungkara Pamali [édit]
| No | Pamali |
|---|---|
| 1 | Ulah ditiung ku baju, matak hésé ngalahirkeun.[8] |
| 2 | Ulah lila-lila di cai matakkalenger.[8] |
| 3 | Ulah nginum notor kendi, matak genténg beuheung budak.[8] |
| 4 | Ulah saré teu maké bantal, matak hésé ngalahirkeun.[8] |
| 5 | Ulah ngaléngkahan songsong, matak ngalahirkeun sungsang.[8] |
| 6 | Ulah ngadahar buah urut kalong, matak rodék susu.[8] |
| 7 | Ulah nginum dina batok, matak goréng masamoan.[8] |
| 8 | Ulah dahar nodong dulang, matak dilebok maung.[8] |
| 9 | Ulah lalangiran, matak paéh indung.[8] |
| 10 | Ulah ulin sareupna,matak dirawu kélong.[8] |
| Jeung réa-réa deui |
Rujukan
- ↑ Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. 2006. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata'. Bandung: Kiblat.
- ↑ a b c Saleh Danasasmita, Spk. 1987. Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung, Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Sundanologi.
- ↑ a b Rosidi, Ajip. 1971. Carita Pantun Badak Pamalang. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Folklore Sunda.
- ↑ a b Rosidi, Ajip. 1976. Carita Pantun Buyut Orényéng. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Folklore Sunda.
- ↑ dangdanggula_sirna_rasa_28-12-08_booklet_HHM.pdf
- ↑ a b Sinom_brangtaning_rasa_1-1-09_booklet_HHM.pdf
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n "Kecap Pantrang nu Kudu Digugu" dina Ujung Galuh Édisi 18/2011
- ↑ a b c d e f g h i j Hidayat, Rachmat Taufik, Spk.2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.