Bedog

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bedog

Bedog téh pakarang paranti motong, tuktak-teukteuk.[1]. Bangsa péso gedé paranti kudak-kadék.[2]. Pakarang paranti kudak-kadék.[3]

Pungsi bedog[édit | sunting sumber]

Pungsi praktis[édit | sunting sumber]

Pungsi praktis leuwih nyoko kana harti ngadeudeul pagawéan, nyindekelkeun kagunaan bedog dina kahirupan sapopoé kayaning keur nuar awi, meulah suluh, meulah awi, nyisit awi pibilikeun, kudak-kadék di kebon, keur meuncit sasatoan, nyacag daging jrrd. hal ieu luyu jeung ngaran-ngaran bedog nu aya pakaitna jeung pagawéan.[rujukan?] Bedog gagaplok dipaké kudak-kadék di kebon, bedog pameuncitan dipaké meuncit sasatoan, bedog jonggol atawa bedog hambalan biasana dipké mesék kalapa kalawan misahkeun tapasna, bedog gula sabeulah dipaké pikeun ngabutik.[rujukan?] dina pungsi praktis, bedog téh henteu ngutamakeun wangun nu alus, tapi leuwih ngutamakeun kakuatan jeung seukeutna.[rujukan?]


Pungsi Simbolis[édit | sunting sumber]

Jaman baheula bedog miboga ajén karamat. Bedog boga ajén pikeun ngangkat harkat darajat nu nyimpenna, malah mah mibanda unsur lianna saperti mawa berkah salamet.[rujukan?] Kiwari simbol karamat geus ngalaman parobahan, lantaran kiwari mah nu némbongkeun simbol kagagahan téh kayaning boga mobil, motor jrrd.[rujukan?]

Pungsi Éstétis[édit | sunting sumber]

Pungsi éstétis tina bedog salian dipaké pakakas, bisa ogédijieun papaés di imah, dijieun barang koléksi.[rujukan?] Tumali kana pungsi éstétis bedog, panday jeung maranggi nyumponan udagan éstétis.[rujukan?] Wilah bedog di alus-alus, ukiran maranggi disaluyukeun jeung pungsina, atuh ragam hiasna beuki beunghar. WAnda pérah jeung sarangka beuki beunghar deuih, lian ti taliti dina detil. ku cara kitu bedog sapuratina boga ajén nu luhung. Teu matak éra sanajan teu disebut karya seni ogé.[rujukan?]

Pungsi Ékonomi[édit | sunting sumber]

Bedog geus jadi komoditi, barang nu dijieun objék jual beli, aya babasan nu unina panday mah tara boga bedog hartina sasarina ari tukang mah tara bogaeun barang jieunanana sabab lamun aya nu meuli sok dijual. [4].

Catetan

  1. Pusat Studi Sunda. Kujang, Bedog, dan Topeng. Yayasan Pusat Studi Sunda. Bandung 2008.
  2. Satjadibrata, R. Kamus Basa Sunda. Kiblat. Bandung 2008.
  3. Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat. 2008.
  4. Kujang, Bedog, Dan Topéng. Pusat Studi Sunda: Bandung 2008.