Suluh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sacara tradisional, suluh téh hartina bahan - biasana kai/awi - anu bisa dijadikeun bahan durukan. Sacara umum, kecap suluh nujul ka bahan anu bisa ngaleupaskeun énérgi nalika struktur kimiana robah.

Dina widang kimia jeung kaamanan seuneu, naon baé nu bisa kaduruk téh disebut suluh.

Ékstraksi énérgi tina suluh[édit | sunting sumber]

Suluh nyimpen énérgi dina struktur kimiana. Mun struktur kimia suluhna robah, mangka bakal ngaleupaskeun énérgi kimia. Énérgi anu dikandung dina suluh téh bisa digambarkeun dina rupa-rupa bentuk, misalna ajén suluh (fuel value) nu dipaké pikeun ngukur énérgi poténsial suluh.

Sakabéh bentuk kahirupan nu dasarna karbon—ti mikroorganisme nepi ka sasatoan jeung manusa—gumantung ka sarta migunakeun suluh salaku sumber énérgina. Awakna boga mékanisme alami nu katelah métabolisme pikeun ngarobah énérgi tina dahareun. Malah, manusa mah motékar, ngembangkeun rupa-rupa téhnik pikeun ngarobah hiji bentuk énérgi ka bentuk nu séjén, ngahasilkeun énérgi nu bisa dipaké pikeun rupa-rupa tujuan nu lian ti énérgi pikeun kaperluan awakna. Larapan énérgi nu dileupaskeun tina suluh téh bisa dina rupa panas pikeun masak nepi ka suluh pikeun meclengkeun pakarang jeung listrik.

Cara ngarobah rupa-rupa suluh téh gumantung kana struktur molekul suluhna. Pikeun conto, cara paling éfisién pikeun ngaleupaskeun énérgi tina suluh fosil nyaéta ku cara diduruk dina oksigén. Dina prosés ieu, aya réaksi suluh jeung oksigén sahingga ngahasilkeun énérgi panas. Manusa ogé bisa ngékstrak énérgi tina atom ku jalan ngolah bahan fisil dina réaksi nuklir.

Rupa-rupa suluh[édit | sunting sumber]

Sacara téoritis, suluh naon baé bisa dipaké salaku sumber énérgi. Tapi, najan kitu, dina prakna mah kudu dipilih nu sacara itung-itungan (ékonomis) murah sarta jumlahna loba.

Katuangan[édit | sunting sumber]

Karbohidrat, lemak, jeung protéin, nu diturunkeun tina dahareun, mangrupakeun suluh pikeun sistim biologis. Pikeun conto, glukosa (karbohidrat basajan) digabung jeung oksigén ngahasilkeun cai, karbon dioksida, jeung énérgi. Dina awak kalolobaan sato, énérgi nu dileupaskeun téh dipaké ku otot.

Suluh fosil[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Suluh fosil.

Suluh padet[édit | sunting sumber]

Guruntulan batubara

Suluh padet téh ngawengku batubara, kai, jeung peat. Sakabéh suluh tipe ieu bisa diduruk (ngahasilkeun seuneu jeung panas). Baheula, batubara dipaké pikeun ngajalankeun karéta api. Kai mah, nepi ka kiwari, ilaharna dipaké pikeun kaperluan rumah tangga jeung industri leutik.

Suluh cair jeung gas[édit | sunting sumber]

Conto suluh nu teu padet nyaéta alkana, misalna dina minyak bumi jeung gas. Bentuk suluh ieu biasana dipaké dina mesin durukan jero (internal combustion engine) jeung generator listrik.

Suluh nuklir[édit | sunting sumber]

Dina réaksi nuklir, suluh radioaktif bakal ngalaman fisi sahingga ngahasilkeun énérgi tanpa durukan. Di béntang (kaasup panonpoé urang), nu jdi suluhna téh hidrogén (gas), pikeun fusi nuklir.

Suluh tipe séjén[édit | sunting sumber]

Hidrogén ogé bisa dijadikeun suluh pikeun mobil, ku cara diréaksikeun jeung oksigén dina sél suluh (fuel cell). Réaksi hidrogén jeung oksigén téh ngahasilkeun énérgi listrik jeung cai (H2O). Dina réaksi ieu, énérgi kimia tina bahan-bahanna dirobah jadi énérgi listrik dina réaksi rédoks.

Biosuluh (biofuel) bisa dijieun tina biomassa nu ngahasilkeun suluh alkohol jeung biodisel. Biomassa téh bahan tutuwuhan sarupaning tiwu, jagong, jsb.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Fuel, Wikipédia édisi basa Inggris (4 Agustus 2006).

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca