Fusi nuklir

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Fusi Deuterium jeung Tritium ngahasilkeun helium-4, ngabébaskeun hiji neutron, sarta ngaleupaskeun énergi nu gedéna 3.5 MeV

Dina fisika, fusi nuklir (réaksi térmonuklir) nyaéta hiji prosés di mana dua inti atom ngahiji, ngawangun inti atom anu leuwih badag sarta ngaleupaskeun énergi. Fusi nuklir mangrupakeun sumber énergi anu ngabalukarkeun béntang suminar, sarta Bom Hidrogen butu ngabeledug. Sanjata nuklir nyaéta sanjata anu ngagunakeun prinsip réaksi fisi nuklir jeung fusi nuklir.

Prosés ieu merlukeun énergi anu gedé pikeun ngagabungkeun inti nuklir, sanajan élemen anu panghampangna, hidrogén. Tapi fusi inti atom anu hampang, anu ngawangun inti atom anu leuwih beurat sarta ngahasilekun neutron bébas, baris ngahasilkeun énergi anu leuwih gedé batan énergi anu diperlukeun pikeun ngahijikeun maranéhanana -- hiji réaksi éksotérmik anu bisa nyiptakeun réaksi nu jadi kumanéh.

Énergi anu dileupaskeun dina réa réaksi nuklir leuwih gedé batan réaksi kimia, alatan énergi pangiket anu napelkeun dua inti atom jauh leuwih badag batan énergi anu nahan éléktron tina inti atom. Contona, énergi ionisasi anu dihasilkeun tina panambahan éléktron kana hidrogén nyaéta 13.6 éléktronvolt -- leuwih leutik hiji pér sajuta tina 17 Mev anu dileupaskeun ku reaksi D-T kawas gambar di gigir.

{pondok}

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]