Karajaan Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wilayah urut Karajaan Sunda

Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda ogé ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putra mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.

Sajarah

Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Jayanasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya. Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda, sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira 18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).

Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, nu diwatesan ku walungan Citarum.

Karajaan kembar

Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui. Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.

Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.

Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang. Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819). Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.

Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).

Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).

Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.

Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).

Prasasti Kawali di Kabuyutan Astana Gedé, Kawali, Ciamis.

Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.

Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).

Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.

Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):

  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Hubungan jeung Éropah

Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis. Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.


Rujukan

  • Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
  • Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
  • Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.