Prasasti Tugu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Prasasti Tugu di Musieum Nasional

Prasasti Tugu nyaéta salah sahiji prasasti anu asalna ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti kasebut eusina ngajelaskeun digalina walungan Candrabaga ku Rajadirajaguru sarta digalina walungan Gomati ku Purnawarman dina taun ke-22 mangsa pamaréntahanana. Digalina dua walungan kasebut mangrupa alpukah pikeun nyingkahan balai mangrupa caah anu mindeng kajadian dina mangsa pamaréntahan Purnawarman, sarta halodo anu lumangsung dina usum halodo.

Perenah[édit | sunting sumber]

Prasasti Tugu perenahna di kampung Batutumbuh, désa Tugu, persisna dina koordinat 0°06’34,05” BT (ti Jakarta) sarta 6°07’45,40”LS anu ayeuna jadi wewengkon kalurahan Tugu Kidul, Kacamatan Koja, Jakarta Kalér

Panimuan[édit | sunting sumber]

Dina taun 1911 ku prakarsana P.de Roo de la Faille, Prasasti Tugu dipindahkeun ka Musieum Bataviaasch genootschap van Kunsten en Wetenschappen (ayeuna Musieum Nasional) sarta didaftarkeun kalayan nomer inventaris D.124.

Rupa bahan[édit | sunting sumber]

Prasasti Tugu dipahatkan dina batu nu wangunanana buleud endog nu ukuranana ± 1m.

Eusi[édit | sunting sumber]

Prasasti Tugu ditulis maké aksara Pallawa anu disusun dina wangun siloka basa Sansekerta kalayan métrum Anustubh anu ngawengku lima jajar ngurilingan batu luyu jeung wangun beungeut batu nu buleud. Sakumaha kabéh prasasti ti mangsa Tarumanagara umumna, Prasasti Tugu ogé henteu nuliskeun titimangsa dijieunna. Kronologina didasarkeun kana analisis wanda sarta wangun aksara (analisis palaéografis). Dumasar analisis kasebut dipikanyaho yén prasasti ieu asalna ti tengah abad ka-5 Maséhi. Husus prasasti Tugu jeung prasasti Cidanghiyang ngabogaan aksara nu sarupa, kamungkinan gede pamahat (citralaikha > citralekha) dua prasasti ieu téh jelema anu sarua.

Dibandingkeun jeung prasasti-prasasti ti mangsa Tarumanagara séjénna, Prasasti Tugu mangrupa prasasti anu pangpanjangna anu dikaluarkeun ku Sri Maharaja Purnnawarmman. Prasasti ieu dikaluarkeun dina mangsa pamaréntahan Purnnawarmman dina taun ka-22 sahubungan jeung kajadian diresmikeunna (réngsé diwangunna) susukan Gomati sarta Candrabhaga.

Prasasti Tugu ngabogaan ciri nu mandiri nyaéta aya pahatan hiasan iteuk nu dina tungtungna dilengkepan ku sarupaning trisula. Gambar iteuk kasebut dipahatkeun ajeg manjang ka handap kawas boga guna minangka wates pemisah antara awal jeung panungtungan kalimah-kalimah dina prasastina.

Tulisan:

pura rajadhirajena guruna pinabahuna khata khyatam purim prapya candrabhagarnnavam yayau//

pravarddhamane dvavingsad vatsare sri gunau jasa narendradhvajabhutena srimata purnavarmmana//

prarabhya phalguna mase khata krsnastami tithau caitra sukla trayodasyam dinais siddhaikavingsakaih ayata satsahasrena dhanusamsasatena ca dvavingsena nadi ramya gomati nirmalodaka//

pitamahasya rajarser vvidaryya sibiravanim brahmanair ggo sahasrena prayati krtadaksina//

Tarjamahan:

“Baheula susukan anu ngaranna Candrabhaga geus digali ku maharaja anu mulia sarta anu miboga leungeun nu tarapti sarta kuat nyaéta Purnnawarmman, pikeun ngocorkeun cai ka laut, sanggeus susukan ieu nepi di karaton karajaan anu kamasur. Dina taun ka-22 pamaréntahan tahta Anu Mulia Raja Purnnawarmman anu matak silo alatan kapinter sarta kawijaksanaanana sarta jadi panji ti sagala raja, (mangka ayeuna) anjeunna ogé nitah ngagali susukan anu éndah sarta caian beresih nu ngaranna Gomati, sanggeus susukan kasebut ngocor ngaliwat ka tengah lemah tempat pangcalikan Anu Mulia Sang Éyang Pandita (Raja Purnnawarmman). Pagawéan ieu dimimitian dina poé alus, tanggal 8 paro-poek bulan Caitra, jadi ngan lumangsung salila 21 poé, sedengkeun susukan kasebut panjangna 6122 gondéwa. Salametan pikeun anjeunna dipigawé ku para Brahmana nu dibiruyungan 1000 sapi”.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

  1. Tarumanagara

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajengkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkeologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonesia.
  2. C.M.Pleyte “Uit Soenda’s Voortijd” Het Daghet 1905/1906:176-dst.
  3. H.Kern “Een woord in ‘Sanskrit opschrift van Toegoe verbeterd” TBG. LII. 1910:123
  4. N.J.Krom “Inventaris der Hindoe-oudheden” ROD 1914, 1915:19 (no.35)
  5. Hindoe-Javaansche Geschiedenis, ‘s-Gravenhage, Martinus Nijhof l931:79-81
  6. J.Ph.Vogel “The Earliest Sanskrit Inscriptions of Java” ROD. 1914, 1915:28-35; plate 27
  7. F.D.K.Bosch “Guru, Drietand en Bron” BKI 107, 1951: 117-134. Juga terjemahan bahasa Inggris “Guru, Trident and Spring” dalam Selected Studies in Indonesian Archaeology, The Hague : Martinus Nijhof, 1961:164-dst
  8. J.Noorduyn dan H.Th.Verstappen “Purnavarman Riverworks Near Tugu” BKI 128, 1972:298-307.
  9. L.Ch.Damais “Les Ecritures d’Origine Indienne en Indonesie et dans le Sud-Est Asiatique Continental’ BSEI XXX(40. 1955:365-382.