Badak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Badak
Badak Afrika.jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mamalia
Ordo: Perissodactyla
Kulawarga: Rhinocerotidae
Gray, 1821
Genera

Ceratotherium
Dicerorhinus
Diceros
Rhinoceros
Coelodonta (lastari)
Elasmotherium (lastari)

Badak mangrupa salasahiji ti lima spésiés odd-toed ungulate nu hirup kénéh ti kulawarga Rhinocerotidae. Nu lima téh kabéh gé tulén Afrika atawa Asia.

Kulawarga[édit | sunting sumber]

Kulawarga Rhinocerotidae

Sababaraha spésiés badak lastari dina mangsa géologis anyar, nyaéta Giant Unicorn jeung Badak Woolly mangsa Eurasia: masih kénéh dipadungdengkeun naha ieu teh alatan manusa atawa robahna iklim.

Nashorn Circus Krone MARTIN LACEY jr.JPG

Sato mirip badak munggaran némbongan mangsa Eosin, lajeng dina mangsa Miosin ahir norojol rupa-rupa spésiés, nu lolobana ngaraksasa. Di antarana Indricotherium nu beuratna kira 30 ton nu mangrupakeun mamalia terestrial pangbadagna (nu geus kanyahoan). Badak mimiti kabasmi nalika mitembeyan mangsa Pliosin di Amérika Kalér jeung mangsa Pleistosin di Asia Kalér jeung Éropa.

Spésiés nu kiwari aya kénéh kagolongkeun kana tilu suku. Badak Sumatra nu kiwari dina kaayaan kritis mangrupakeun hiji-hijina ti golongan primitif, Dicerorhinini, nu aya ti jaman Miosin (kira 20 juta taun ka tukang). Nu ogé kaasup tribe ieu nyaéta Badak Woolly ti Éropa kalér jeung Asia nu geus lastari. Aya dua spésiés Rhinocerotini nu hirup kénéh, nyaéta Badak India jeung Badak Jawa nu duanana kiwari kaancam lastari. Spésiés Afrika nu aya kénéh, Badak Putih jeung Badak Hideung, diverged during the early Pliocene (about 5 million years ago) but the Dicerotini group to which they belong originated in the middle Miocene, about 14 million years ago. Béda nu utama nyaéta bentuk sungutna: White rhinos have broad flat lips for grazing and black rhinos have long pointed lips for eating foliage.

Badak hibrid[édit | sunting sumber]

Hiji hibrid subspésiés Badak Bodas (Ceratotherium s. simum x C. s. cottoni) kungsi dikawinkeun di Kebon Binatang Dvurkralv (Zoological Garden Dvur Kralove nad Labem) di Républik Céko taun 1977.

Cula Badak[édit | sunting sumber]

Ciri anu minculak ti badak mah cula dina irungna, nu béda ti sato séjén nu tandukan, mangrupakeun keratin, bulu nu kacida pepetna.

Cula badak aya dina resép-resép ubar di Asia, sarta keur gagang péso/badi di Yaman jeung Oman. Tina sésa lima spésiés badak nu aya kénéh, kabéhanana pikahariwangeun: nu rada aman téh Badak Bodas; Badak Jawa ngan kari sababaraha puluh (kira 60 dina taun 2002, di Ujungkulon), nu kaasup mamalia nu paling kaancam lastari.

Kampanyeu miara badak dimimitian taun 1970-an, tapi angger baé populasina mah nyirorot pisan, najan geus diharamkeun jual-beulina ogé.

Tukang mareuman seuneu[édit | sunting sumber]

Arca badak, Biological Sciences Building, Universitas Harvard, Cambridge, Massachusetts.

Aya sababaraha carita ngeunaan badak nu sok mareuman seuneu, nu lolobana mah ti wewengkon Malaysia jeung Burma. Malah dina basa Malayu mah boga ngaran husus, nyaéta 'badak api', nu bakal nyampeurkeun sarta langsung mareuman (ku cara dijejekan) seuneu. Dina hiji film (dokuméntér) ngeunaan badak afrika, mémang karékam ayana badak nu nyuruduk sarta ngajejekan seuneu nu ngahaja dihurungkeun.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Rhinoceros, Wikipédia édisi basa Inggris per 23 Oktober 2005.
  • Chapman, Jan. 1999. The Art of Rhinoceros Horn Carving in China. Christies Books, London. ISBN 0-903432-57-9.
  • Laufer, Berthold. 1914. "History of the Rhinoceros." Dina Chinese Clay Figures, Part I: Prolegomena on the History of Defence Armor. Field Museum of Natural History, Chicago, kc. 73-173.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]