Karajaan Sumedang Larang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Sumedanglarang)
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sumedang Larang nyaeta hiji karajaan Islam nu kungsi ngadeg di Jawa Kulon, Indonésia, nu mangrupakeun bukti sajarah sumebarna agama Islam di Jawa Kulon. Ieu karajaan teu kawentar kawas Demak, Mataram, Banten sarta Cirebon dina pustaka sajarah karajaan-karajaan Islam di Indonésia. Tapi, ayana karajaan ieu mangrupa bukti sajarah anu pohara kuat pangaruhna dina sumebarna Islam di Jawa Kulon sakumaha anu dipigawé ku Karajaan Cirebon sarta Kasultanan Banten.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Karajaan Sumedang Larang (ayeuna Kabupaten Sumedang) nyaeta salah sahiji tina sakitu lobana karajaan Sunda nu aya di propinsi Jawa Barat, Indonesia. Lian ti eta dipikawanoh oge karajaan Sunda sejenna saperti Karajaan Pajajaran nu oge masih aya tumalina nu kacida raketna jeung karajaan saacanna (Karajaan Galuh), ngan ayana karajaan Pajajaran ieu panungtunganana di Pakuan (Bogor) sabab ayana serangan aliansi karajaan-karajaan Cirebon, Banten jeung Demak (Jawa Tengah). Ti saprak harita, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan anu ngabogaan otonomi lega pikeun nangtukeun nasibna sorangan.

Asal ngaran[édit | sunting sumber]

Karajaan Sumedang Larang asalna ti karajaan Islam Sunda-Pajajaran anu diadegkeun ti saprak abad ka-6 Masehi ku Prabu Adji Bodas dumasar kana paréntah Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkeun ka Pajajaran, Bogor. Sairing jeung robahna jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Tembong Agung (Tembong hartina katingali sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku Prabu Guru Adji Bodas dina abad ka 6. Saterusna dina mangsa jaman Prabu Tadjimalela, diganti jadi Himbar Buana, anu harti nyaangan alam, sarta saterusna diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna ti Insun Medal/ Insun Medangan anu harti kuring dilahirkeun, sarta Larang hartina hiji hal anu euweuh tandinganana).

Pamaréntahan berdaulat[édit | sunting sumber]

Ratu Pucuk Umun sarta Pangeran Santri[édit | sunting sumber]

Dina panengah abad ka-16, Ratu Pucuk Umun, saurang wanoja turunan raja-raja Sumedang kuna anu mangrupa saurang Sunda muslimah; nikah ka Pangeran Santri (1505-1579 M) anu boga gelar Ki Gédéng Sumedang sarta maréntah Sumedang Larang bari nyebarkeun ajaran Islam di wewengkon éta. Pangeran Santri nyaéta incu ti Syekh Maulana Abdurahman (Sunan Panjunan) sarta buyut ti Syekh Datuk Kahfi, saurang ajengan turunan Arab Hadramaut anu asalna ti Mekkah sarta nyebarkeun ageman Islam di sagala rupa penjuru wewengkon di karajaan Sunda. Nikahna Pangeran Santri jeng Ratu Pucuk Umun ieu ngababarkeun Prabu Geusan Ulun atawa dipikawanoh minangka Prabu Angkawijaya.

Prabu Geusan Ulun[édit | sunting sumber]

Prabu Geusan Ulun (1580-1608 M) dinobatkeun pikeun ngagantikeun kakawasaan bapana, Pangeran Santri. Anjeunna netepkeun Kutamaya minangka ibukota karajaan Sumedang Larang, anu tempatna di bagian kulon dayeuh. Wewengkon kakawasaanana ngawengku Kuningan, Bandung, Garut, Tasik, Sukabumi (Parahiangan) kajaba Galuh (Ciamis). Karajaan Sumedang dina mangsa Prabu Geusan Ulun ngalaman kamajuan anu pesat dina widang sosial, budaya, ageman, militer sarta pulitik pamaréntahan. Sanggeus wafat dina warsih 1608, putera kandungna, Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata/Rangga Gempol I atawa anu dipikawanoh kalawan Raden Aria Suradiwangsa ngagantikeun kapamingpinan bapana.

Pamaréntahan di sahandapeun Mataram[édit | sunting sumber]

Dipati Rangga Gempol[édit | sunting sumber]

Dina waktu Rangga Gempol nyekel kapamingpinan, dina warsih 1620 M Sumedang Larang dijadikeunana wewengkon kakawasaan Karajaan Mataram di sahandapeun Sultan Agung, sarta statusna minangka 'karajaan' dirobah jadi 'kabupatén'. Hal ieu dipigawé ku manéhna minangka usaha ngajadikeun wewengkon Sumedang minangka wewengkon pertahanan Mataram tina serangan Karajaan Banten sarta Walanda, anu keur ngalaman konflik jeung Mataram. Sultan Agung saterusna mikeun paréntah ka Rangga Gempol reujeung pasukanana pikeun mingpin serangan ka Sampang, Madura. Sedengkeun pamaréntahan pikeun samentara dibikeun ka adina, Dipati Rangga Gede.

Dipati Rangga Gede[édit | sunting sumber]

Nalika satengah kakuatan militer kabupatén Sumedang Larang diinditkeun ka Madura nurutkeun titah Sultan Agung, datang pasukan Karajan Banten pikeun nyerang. Alatan Rangga Gede henteu sanggup nahan serangan pasukan Banten, manéhna ahirna kabur. Kaéléh ieu nyababkeun ambekna Sultan Agung ku kituna manéhna nahan Dipati Rangga Gede, sarta pamaréntahan saterusna dibikeun ka Dipati Ukur.

Dipati Ukur[édit | sunting sumber]

Sakali deui, Dipati Ukur diparentah ku Sultan Agung pikeun babarengan jeung pasukan Mataram narajang sarta ngarebut pertahanan Walanda di Batavia (Jakarta) anu dina ahirna gagal. Kaéléh pasukan Dipati Ukur ieu henteu dilaporkeun geura-giru ka Sultan Agung, diiberkeun yén manéhna kabur tina pertanggungjawabanana sarta ahirna katangkep dina panyumputanana dumasar kana beja mata-mata Sultan Agung anu ngawasa di wewengkon Parahiangan.

Babagean wewengkon karajaan[édit | sunting sumber]

Sanggeus béak mangsa hukumanana, Dipati Rangga Gede dibere kakawasaan pikeun balik deui maréntah di Sumedang. Sedengkeun wewengkon Parahiangan di luar Sumedang sarta Galuh (Ciamis), ku Mataram dibagi jadi tilu bagian:

  • Kahiji, Kabupatén Bandung, anu dipingpin ku Tumenggung Wirangunangun,
  • Kadua, Kabupatén Parakanmuncang anu dimpimpin ku Tanubaya, sarta
  • Katilu, kabupatén Sukapura anu dipingpin ku Tumenggung Wiradegdaha/ R. Wirawangsa.

Titilar budaya[édit | sunting sumber]

Nepi ka kiwari, Sumedang masih boga status kabupatén, minangka sésa titilar konflik pulitik anu réa diintervensi ku Karajaan Mataram dina mangsa éta. Sedengkeun artefak sajarah mangrupa pusaka perang, atribut karajaan, pakakas raja-raja sarta naskah kuna titilar Karajaan Sumedang Larang masih bisa ditempo sacara umum di Musieum Prabu Geusan Ulun, Sumedang tempatna pas di kidul alun-alun dayeuh Sumedang, ngahiji jeung Gedong Srimanganti sarta wangunan pamaréntah wewengkon satempat.