Albania

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Republika e Shqipërisë
Bandéra Albania Lambang Albania
Lagu
Hymni i Flamurit
Location of Albania
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Tirana
Basa resmi Albania
Pamaréntah Republik
Kemerdekaan
Aréa
 -  Total 28.748 km² (139)
 mil² 
 -  Cai (%) 4,7%
Populasi
 -  Perkiraan  2006 3.149.100 (126)
 -  Kapadetan 123 /km² (63)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$17,4 miliar (113)
 -  Per kapita US$4.937 (105)
Mata uang Lek (ALL)
Zona wanci (UTC+1)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+2)
TLD Internét .al
Kode telepon +355

Albania nyaéta hiji nagara anu perenahna di Éropa bagian wétan kidul. Albania wawatesan jeung Monténégro di palebah kalér, Sérbia (Kosovo) di wétan sagara, Républik Makédonia di wétan, sarta Yunani di kidul. Sagara Adriatik perenahna di palebah kulon Albania, sedengkeun Sagara Ionia di kulon kidul. Albania ku bangsana dingaranan Shqipëria, anu hartina Lemah Cai Manuk Heulang. Ku lantaran éta, gambar manuk heulang nu huluna dua bisa ditempo dina bendérana sarta perlambangna. Sebutan "Albania" meureun asalna ti kecap Indo-eropa albh (bodas).

Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Albania.

Para sarjana percaya yén nu nyicingan Albania mangrupakeun turunan non-slavia, kumpulan suku non-turki anu dipikawanoh sabagé Illyria, anu datang di Balkan kira-kira 2000 SM. Nu nyicingan Albania modéren ngabédakeun antara Gheg (suku bangsa kalér) jeung Tosk (suku bangsa kidul). Sanggeus ragrak kana handapeun otoritas Romawi dina taun 165 SM, Albania tutuluyan dijajah ku kakawasaan deungeun nepi ka pertengahan abad ka-20.

Nuturkeun runtagna Kakaisaran Romawi dina taun 395, Kakaisaran Bizantium mitembeyan ngawasa wewengkon anu kiwari dipikawanoh minangka Albania. Dina abad ka-11, Kaisar Bizantium Alexius I Comnenus nyieun surat katerangan nu munggaran nyatet wewengkon atawa tanah anu dipikawanoh minangka Albania sarta nu nyicinganana.

Kalifah Usmaniyah ngawasa Albania antara 1385-1912. Salila ieu, lolobana padumuk Albania asup Islam. Sabagian padumuk Albania ogé bubuara di Italia, Yunani, Mesir jeung Turki. Sanajan pamaréntahan Turki sacara singget kaganggu ku karaman dina taun 1443-1478, nu dipingpin ku Gjergj Kastrioti Skenderbeg, Khilafah Turki Utsmani pamustunganana hasil ngadalikeun maranéhanana.

Mimiti abad ka-20, Khilafah Turki Utsmani teu bisa ngadalikeun pamaréntahanana di dieu. Liga Prizren (1878) ngawanohkeun alpukah nagara kabangsaan Albania sarta nyiptakeun aksara Albania modéren. Sanggeus ahir Perang Balkan I, urang Albania ngucapkeun Proklamasi Vlore dina ping 28 Nopémber 1912, ngadéklarasikeun 'kamerdékaan'. Wates-wates Albania ditetepkeun ku Kakuatan Badag dina taun 1913. Wewengkon Albania ditegeskeun dina Konférénsi Katengtreman Paris dina taun 1919, sanggeus Présidén Amérika Sarikat Woodrow Wilson nampik rancana maké kakuatan Éropa pikeun ngabagi Albania ka nagara-nagara tatanggana.

Salila Perang Dunya II, Albania dicaplok mimitina ku Italia (1939-43) sarta satuluyna ku Jerman (1943-44). Sanggeus perang, pamingpin Partéy Komunis Enver Hoxha ngatur nangtayungan ajegna wewengkon Albania salila 40 taun. Albania anu satia kana filsafat Stalinis, pamustunganana narik diri tina Pakta Warsawa dina taun 1968 sarta ngajauhkan diri ti balad pamungkasna, Republik Rahayat Cina dina taun 1978.

Nyusul paéhna Hoxha dina taun 1985 sarta ragragna komunisme dina taun 1991, masarakat Albania bajoang ngungkulan isolasi. Salila mangsa transisi, pamaréntah Albania mageuhan iketan anu leuwih deukeut jeung Barat ambéh nyageurkeun kasusah ékonomi sarta ngawanohkeun réformasi démokrasi dasar, kaasup sistem multipartéy.

Dina taun 1992, Sali Berisha jadi inohong démokrasi anu munggaran dipilih jadi Présidén Albania. Berisha mitembeyan program ngaronjatkeun ékonomi sarta 'démokrasi' anu leuwih ati-ati. Dina waktu anu bareng, pausahaan invéstasi anu teu merhatikeun moral nyumputsalindungkeun duit ti sakumna rahayat Albania kalayan ngagunakeun skéma piramida. Mimiti taun 1997, sawatara skéma piramida éta runtag, ninggalkeun rébuan jalma anu bangkrut, kuciwa, sarta ambek. Karaman nu maraké pakarang lumangsung di sakuliah nagri, ngabalukarkeun ragragna otoritas pamaréntah. Salila éta, Albania ngabogaan infrastruktur anu teu cukup sarta kuna anu ngarandapan karuksakan hébat, kawas jalma anu ngarampog milik masarakat pikeun bahan bangunan. Dépo pakarang di sakuliah nagri dirakrak sarta eusina dirampas sahingga dina mangsa éta loba pakarang militer dicekel ku warga sipil Albania. Anarki dina taun 1997 ieu ngabalukarkeun masarakat dunya guligah sarta ngadorong médiasi internasional sacara inténsif.

Pamaréntahan dipulihkeun ku PBB, sarta pamaréntah rékonsiliasi nasional samentara ngalumangsungkeun Pemilu dina bulan Juni 1997, anu mulangkeun kaum sosialis jeung balad-baladna kana kakawasaan di tingkat nasional. Présidén Berisha ngandeg, sarta Présidén nu ngagantina nyaéta ti golongan sosialis Rexhep Meidani. Antara taun 1997 jeung 2002, lumangsung runtuyan pamaréntahan singget nu silih ganti. Fatos Nano, Pupuhu Partéy Sosialis, geus jadi Perdana Mantri saprak bulan Juni 2002.

Salila mangsa transisi 1997-2002, struktur démokrasi Albania anu gampang peupeus dikuatkeun. Parpol tambahan kabentuk, toko média massa mekar, organisasi sarta asosiasi usaha nonpamaréntahan pon kitu deui. Dina taun 1998, urang Albania ngaratifikasi konstitusi anyar liwat réferéndum, ngajamin kakawasaan hukum sarta panangtayungan hak jeung kabébasan ngagem agama.

Dina ping 24 Juli 2002, Alfred Moisiu disumpah jadi Présidén. Inohong nonpartisan, nu sacara nominal diasosiasikeun kana Partéi Démokrat, manéhna diangkat jadi calon hasil konsensus ti partéy anu ngawasa jeung oposisi. Pindahna kakawasaan anu tenang ti Meidani ka Moisiu mangrupakeun alesan kasapukan di antara partéy pikeun ngajak ngadegkeun struktur parlemen. "Reureuh pakarang" (gencatan senjata) ieu mawa kana mangsa stabilitas pulitik di Albania, anu dianggap bisa nyieun kamajuan dina réformasi démokrasi sarta ékonomi, kakawasaan dumasar hukum, sarta kamekaran hubungan Albania jeung nagara tatanggana sarta AS.

Pamilihan tingkat dayeuh di sakuliah nagri diayakeun dina bulan Oktober 2003. Sanajan ieu téh mangrupakeun kamajuan dibandingkeun bulan-bulan nu kaliwat, tetep aya kasalahan administrasi, kaasup henteu talitina daftar pamilih. “Reureuh pakarang” antarpamingpin partéy mimiti geunjleung dina usum panas taun 2003. Ékonomi jeung pulitik jadi ruksask dina taun 2003 katompérnakeun alatan pertarungan pulitik. Sanajan kitu, dina bulan Désémber 2003, PM Nano nandeskeun deui kapamingpinanana ti Partéy Sosialis anu keur ngawasa sarta ngabentuk kabinét anyar.

Étnis minoritas Makédonia di Albania[édit | sunting sumber]

Albania ngaku étnis Makedonia minangka étnis minoritas sarta nyadiakeun atikan dasar dina basa Makédonia di wewengkon wates di mana kalolobaan ti maranéhanana ngancik. Dina sénsus taun 1989, 5.000 jalma nganyatakeun diri minangka urang Makédonia.

Organisasi étnis Makédonia nyangka yén pamaréntah ngurangan itungan jumlah étnis Makédonia di Albania sarta sacara pulitik maranéhanana kurang kawakilan - euweuh étnis Makédonia di parlemén Albania.

Basa[édit | sunting sumber]

Basa anu resmi nyaéta basa Albania (99%)

Référénsi[édit | sunting sumber]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu luar[édit | sunting sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Albania di Wikivoyage