Laut Kaspia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Laut Kaspia
Laut Kaspia - Citra MODIS ti satelit Terra
Citra MODIS ti satelit Terra
Koordinat 41°40′N 50°40′E / 41.667°N 50.667°E / 41.667; 50.667Koordinat: 41°40′N 50°40′E / 41.667°N 50.667°E / 41.667; 50.667
Rupa dano Endorhéis, Asin, Permanén, Alami
Aliran asup utama Walungan Volga, Ural, Kura, Terek
Aliran kaluar utama Panguapan
Daérah pangumpulan cai 3,626,000 km2 (1,400,000 sq mi)[1]
Aya di nagara Azerbaijan, Iran, Kazakhstan, Rusia, Turkménistan
Panjang maks. 1,030 km (640 mi)
Lébar maks. 435 km (270 mi)
Aréa paroman 371,000 km2 (143,200 sq mi)
Rarata jero 187 m (610 ft)
Maksimal jero 1,025 m (3,360 ft)
Volume cai 69,400 km3 (16,600 cu mi)
Wanci nyicing (cai dano) 250 taun
Panjang gigir dano1 7,000 km (4,300 mi)
Kaluhuran paroman −28 m (−92 ft)
Pulo 26+ (tempo di handap)
Padumukan Baku (Azerbaijan), Rasht (Iran), Aktau (Kazakhstan), Makhachkala (Rusia), Türkmenbaşy (Turkménistan), jsb.
Réferénsi [1]
1 Panjang tepi danau tidak begitu jelas definisinya.

Laut Kaspia (Basa Azerbaijan: Xəzər dənizi, basa Pérsia: دریای مازندران /دریای خزر, Basa Rusia: Каспийское море, Basa Kazakh: Каспий теңізі, Basa Turkmén: Hazar deňizi) nyaéta wewengkon cai katutup nu panggedéna di Marcapada dumasar legana. Laut ieu miboga aréa permukaan 371,000 km2 (143,200 sq mi) (teu kaasup Garabogazköl Aylagy) sarta volume 78,200 km3 (18,800 cu mi).[2] laut ieu wawatesan jeung Rusia, Azerbaijan, Iran, Turkménistan, sarta Kazakhstan.

Masarakat kuna di wewengkon basisirna ngarasaan Laut Kaspia salaku hiji samudra, meureunan ku lantaran kaasinanna sarta kalegaanna. Laut ieu miboga kadar uyah kira-kira 1,2%, kirang leuwih sapertilu kadar garam umum cai laut. Di Iran, laut ieu disebut Daryâ-ye Mazandaran (دریای مازندران), hartina "Laut Mazandaran" dina Basa Pérsia, sarta kadang ogé Daryâ-ye Khazar.[3]

Laut Kaspia (Bahr ul-Khazar). Ibn Hawqal
Laut Kaspia dina Kakaisaran Pérsia (IRAN) 1747

Kota-kota di deukeut Laut Kaspia[édit | sunting sumber]

Kota-kota kuna di basisireunna kaasup

Kota-kota modérn

Baku, ibu kota Azerbaijan, nyaéta kota panggedéna nu aya di basisir Laut Kaspia.
Basisir Laut Kaspia, Türkmenbaşy, Turkménistan.
Laut Kaspia deukeut Aktau, région Mangistau, Kazakhstan

Kota-kota utami di basisir Laut Kaspia:

Basisir Laut Kaspia, deukeut Bandar Anzali, Iran
Laut Kaspia Babolsar, Iran

Pulo-pulo[édit | sunting sumber]

Laut Kaspia miboga sababaraha pulo. Ogurja Ada nyaéta pulo nu panggedéna. Pulo éta panjangna 37 km.

Di Kaspia Kalér, kalobaannana pulo-pulo teu didumukan jeung leutik, kawas Kapuloan Tyuleniy, tapi sababaraha aya ogé nu dieusian ku jalmi.

Raloba pulo deukeut Azerbaijan miboga kapentingan ékonomi jeung géopulitis nu signifikan ku sabab kaayaan minyakna. Pulo Bulla aya di leupas basisir Azerbaijan, sarta miboga kaayaan minyak nu seueur. Pulo Pirallahı, ogé di leupas basisir Azerbaijan, ogé miboga minyak; pulo éta mangrupa salasahiji wewengkon kahiji di Azerbaijan di mana kapanggih minyak. Nargin baheula dipaké salaku markas Soviét. Pulo éta mangrupa pulo nu panggedéna di Teluk Baku. Ashuradeh aya di titik ahir pangwétanna ti samenanjung Miankaleh di kalér-wétaneun Teluk Gorgan, deukeut basisir Iran. Wewengkon éta kapisah ti samenanjungna sanggeus wargi nyieun hiji saluran nu misakeunnana.

Raloba pulo, utamina deukeut Azerbaijan, ngalaman karusakan lingkungan ku lantaran produksi minyak. Vulf, contona, miboga karusaka ékologi ti produksi minyak di pulo di deukeutna, sanajan anjing laut Kaspia sarta rupa-rupa spésiés manuk laut tetep bisa kapanggih.

Tingali ogé[édit | sunting sumber]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b van der Leeden, Troise, and Todd, eds., The Water Encyclopedia. Second Edition. Chelsea, MI: Lewis Publishers, 1990, page 196.
  2. Lake Profile: Caspian Sea. LakeNet.
  3. Drainage Basins - Caspian Sea

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Gurbanov, Turab. Le pétrole de la Caspienne et la politique extérieure de l'Azerbaïdjan: tome 1- Questions économiques et juridiques, l’Harmattan, 2007, 304 pages.
  • Gurbanov, Turab. Le pétrole de la Caspienne et la politique extérieure de l'Azerbaïdjan: tome 2- Questions géopolitiques, l’Harmattan, 2007, 297 pages.
  • Author=Shiryayev, Boris|Title=Großmaechte auf dem Weg zur neuen Konfrontation?. Das „Great Game“ am Kaspischen Meer: eine Untersuchung der neuen Konfliktlage am Beispiel Kasachstan|Publisher=Verlag Dr. Kovac|Place=Hamburg|Year=2008

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Citakan:Caspian Sea Islands Citakan:List of seas Citakan:Lakes of Kazakhstan Citakan:Russia topics


Gnome-globe.svg