Jalur Gaza

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bandéra Palqzxstina

Bandéra Hamas
Jalur Gaza
(Wewengkon Paléstina)
Pamaréntahan Paléstina Hamas
Pamandangan kota Gaza

Jalur Gaza (Basa Arab: قطاع غزةQiṭāʿ Ġazzah, IPA: [qitˤaːʕ ɣazza]) aya di basisir wétan Laut Tengah. Wewengkonna wawatesan jeung Mesir di kidul-kulon sarta jeung Israél di kidul, wétan, sareng kalér. Panjangna kira-kira 41 kilometres (25 mi), sarta lébarna antara 6 jeung 12 kilométer (4–7,5 mil), kalawan lega 360 square kilometres (140 sq mi). Wewengkon ieu mibogaan ngaranna ti Gaza, ngaran kota utamina.

Populasina kira-kira 1,7 yuta jiwa,[1] kalobaannana katurunan ti para pangungsi. 1 yuta jiwa, sakumaha dina Maret 2005, diténjo salaku pangungsi, sanajan kalobaannana gumelar di Jalur Gaza;[2] generasi saméméhna ngungsi ka Gaza dina 1948 salaku bagian ti éksodus urang Paléstina 1948 sanggeus Perang Arab-Israél 1948, ti sababaraha bagian Mandat Paléstina nu jadi Israél. Populasina utamina ngagem Islam Sunni.

Jalur Gaza miboga watesna nu ayuena tina hiji gencatan patempuran dina Perang Arab-Israél 1948, nu dikonfirmasi dina Pasatujuan Gencatan Pakarang Israél-Mesir dina 24 Pébruari 1949.[3] Pasal V dina pasatujuan éta nyebutkeun yén gurat watesna sanés hiji wates internasional. Jalur Gaza tetep dikawasaan ku Mesir. Awalna, Mesir ngurus wewengkon ieu liwat Pamaréntahan Sa-Paléstina jeung salajengna kalawan langsung ti 1959 nepi ka 1967, nalika Israél ngawasaannana mimiluan Perang Genep Poé. Numutkeun Pasatujuan Oslo nu ditandatanganan antawis Israél jeung Organisasi Pangbébas Paléstina dina 1993, Otoritas Paléstina dijieun salaku hiji badan pamaréntahan interim pikeun ngurus puseur-puseur populasi Paléstina, kalawan Israél tetep miboga kakawasaan dina wewengkon udara Jalur Gaza, sakabéhna iwal hiji ti wates daratna sarta wewengkon cai téritorial, nepi ka hiji pasatujuan ahir bisa dijieun.

Jalur Gaza mangrupa salasahiji unit wewengkon nu ngabentuk Wewengkon Paléstina.[4][5][6][7] Saprak Juli 2007, sanggeus Pamilihan umum législatif Paléstina 2006 sarta Patempuran Gaza, Hamas geus jadi pamaréntahan éféktif di Jalur Gaza.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Gaza.

Kakawasaan Britania (1923–1948)[édit | sunting sumber]

Mandat Paléstina dumasar kana prinsip dina Pasal 22 draft Pajangjian Liga Bangsa-Bangsa sareng Résolusi San Remo 25 April 1920 ku prinsip kakiatan pasakutuan jeung asosiasi sanggeus Perang Dunya I.[8] Mandatna nyusun kakawasaan Britania dina bagian kidul Suriah Usmaniyah ti 1923–1948.

Pamaréntahan Sa-Paléstina[édit | sunting sumber]

Dina 22 Séptember 1948, nuju ka ahirna Perang Arab-Israél 1948, Pamaréntahan Sa-Paléstina diproklamasikeun di Kota Gaza—nu dikawasaan ku Mesir—ku Liga Arab, nu mana dipercayakeun salaku usaha Liga Arab pikeun ngawatesan pangaruh Trans-Yordania di Paléstina. Pamaréntahan Sa-Paléstina gancang diakuan ku 6 ti 7 anggota Liga Arab: Mesir, Suriah, Libanon, Irak, Arab Saudi, jeung Yaman, tapi heunteu ku Trans-Yordania,[9] sarta teu diakuan ku nagara nanaon di luareun Liga Arab.

Sanggeus gencatan patempuran, Pasatujuan Gencatan Pakarang Israél-Mesir 24 Pébruari 1949 ngadegkeun gurat pamisah antara kakiatan Mesir jeung Israél, sarta ngadegkeun anu ayeuna jadi wates antara Jalur Gaza jeung Israél. Pihak duanana nyebutkeun yén wates éta sanés wates internasional. Wates jeung Mesir di kidul tetep jadi wates internasional nu mana geus dijieun dina 1906 antawis Kakaisaran Usmaniyah jeung Kakaisaran Britania.[10]

Populasi Jalur Gaza ningkatan ku ayana tambihan ti pangungsi Paléstina nu ngungsi ti Israél saméméh jeung nalika papaerangan. Urang Paléstina nu ngeusian Jalur Gaza atanapi Mesir dipasihan paspor Sa-Paléstina. Mesir teu nawiskeun kawarganagaraan ka urang Paléstina. Ti ahir 1949, aranjeunna nampi pitulungan ti UNRWA.

Nalika patempuran Sinai Nopémber 1956, Jalur Gaza jeung Samenanjung Sinai dikawasaan ku pasukan Israél. Tekenan internasional ngarahkeun sangkan Israél téh kaluar.

Kakawasaan Mesir (1959–1967)[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Kakawasaan Mesir di Jalur Gaza.

Saprak peupeusna Pamarénthan Sa-Paléstina dina 1959, dina ijin pan-Arabisme, Mesir ngalajengkeun kakawasaanna dina Jalur Gaza nepi ka 1967. Mesir teu pernah nganéksasi Jalur Gaza, tapi ngalayananna salaku hiji wewengkon nu diatur sarta ngurusanna iwat hiji pamaréntahan militér.[11]

Kakawasaan Israél (1967–1994/2005)[édit | sunting sumber]

Israél ngawasaan Jalur Gaza deui mimiti Juni 1967, sanggeus Perang Genep Poé. Nalika jaman kakawasaan Israél, Israél nyieun blok-blok, Gush Katif, di juru kidul-kulon Jalur Gaza deukeut Rafah sarta wates Mesir. Totalna, Israél nyieun 21 kelompok padumukan di Jalur Gaza, ngawengku 20% ti total aréa. Salian ti alesan idéologi, kelompok-kelompok éta ogé minangka pos-pos kaamanan Israél.

Dina Maret 1979, Israél jeung Mesir nandatanganan Pajangjian Rapih Israél-Mesir. Pajangjian ieu di antarana disadiakeun pikeun panarikan pasukan jeung warga sipil Israél ti Samenanjung Sinai, nu geus dikawasaan Israél ti Perang Genep, ka wates internasional 1906.[rujukan?] Mesir satuju pikeun ngajagaan Samenanjung Sinai sangkan tetep dina kaayaan démilitér. Status ahir Jalur Gaza, sarta hubungan lian antawis Israél jeung Paléstina, teu diurus dina pajangjian ieu. Mesir ninggalkeun sadaya klaim wewengkon dina téritori kaléreun wates internasional.

Jalur Gaza tetep dina kapangurusan militér Israél nepi ka 1994. Nalika jaman éta, militér miboga tanggung jawab dina kapanguruasan sarana jeung layanan sipil. Dina Méi 1994, mimiluan pasatujuan Paléstina-Israél nu kawanoh salaku Pasatujuan Oslo, pamindahan otoritas wewenang ka Paléstina dilaksanakeun. Kalobaanana ti wewengkon Jalur Gaza (kajaba blok-blok padumukan jeung aréa militér) jadi aya dina kadali Paléstina. Pasukan Israél ninggalkeun Kota Gaza sarta wewengkon pakotaan nu lain, ninggalkeun Otoritas Paléstina nu anyar ngawasaan jeung ngadalikeun wewengkon-wewengkon éta. Otoritas Paléstina, diluluguan ku Yasser Arafat, milih Kota Gaza salaku puseur propinsi kahijina. Dina Séptémber 1995, Israél jeung PLO nanda tanganan pasatujuan karapihan kadua, ngalegakeun Otoritas Paléstina ka raloba kota-kota Sisi Kulon. Pasatujuan éta ofé ngadegkeun 88 anggota kapilih pikeun Déwan Nasional Paléstina, nu mana pangistrénanna dilaksanakeun di Gaza dina Maret 1996.

Kakawasaan Otoritas Paléstina di Jalur Gaza jeung Sisi Kulon dina rézim Arafat miboga kasalahan pangaturan sarta skandal korupsi. Contona, bayaran dipéntaan sangkan bisa ngasupkeun jeung ngaluarkeun barang-barang ka jeung ti Jalur Gaza, sawatara pupuhu aparat Badan Kaamanan Panyegahan miboga kauntungan ti kamimiluannana dina impor mungkal jeung semén sarta industri konstruksi, saperti Great Arab Company for Investment and Development, al-Motawaset Company, jeung proyék konstruksi al-Sheik Zayid.[12]

Intifada Kadua peupeus dina Séptémber 2000 kalawan gelombang protés, karusuhan massa, sarta pangaboman kana urang jeung militér Israél. Dina Pébruari 2005, pamaréntah Israél nyorakeun pkeun ngalaksanakeun rancangan paleupasan sapihak ti Jalur Gaza. Rancangan éta mimiti dilaksanakeun 15 Agustus 2005, sarta réngsé 12 Séptémber 2005. Dina rancangan, sadaya padumukan Israéli di Jalur Gaza (sarta 4 di Sisi Kulno) sareng Zona Industri Erez dibongkar kalawan ditarikna 9.000 urang Israél (kalobaannana di wewengkon padumukan Gush Katif di beulah kidul-kulon Jalur Gaza) sarta markas-markas militér. Dina 12 Séptémber 2005, kabinét Israél sacara resmi ngadéklarasikeun ahirna kakawasaan militér Israél di Jalur Gaza. Pikeun ngahindarkeun dugaan yén Israél masih ngawasaan bagian nanaon ti Jalur Gaza, Israél ogé kaluar ti Rute Philadelphi, nu mangrupa hiji jalur hereut nu wawatesan jeung watesna Jalur Gaza jeung Mesir, sanggeus pasatujuanna Mesir pikeun ngamankeun bagian watesna. Dina Pasatujuan Oslo, Rute Philadelphi ditetepkeun dina kakawasaan Israél sangkan nyegah diselundupkeunnana banda (kawas amunisi) sarta jalmi meuntasan wates jeung Mesir. Mesir satuju pikeun ngajagaan bagian watesna. Israél ngurusan kadalina kana pameuntasan asup jeung kaluar Gaza. Palintasan Rafah antara Mesir jeung Gaza diawaskeun ku tentara Israél liwat kaméra panjagaan husus. Dokumén resmi saperti paspor, kartu idéntitas, kertas ékspor jeung impor, sarta raloba séjénna kedah dienyakeun ku tentara Israél.[rujukan?]

Pawates Israél-Jalur Gaza[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Pawates Israél–Jalur Gaza.

Antara 1994 jeung 1996, Israél ngawangun pawates Israél-Jalur Gaza. Pawates éta kahiji dikonstruksi pikeun ningkatkeun kaamanan di Israél. Pawates éta teras dirubuhkeun ku urang Paléstina dina awal Intifada Al-Aqsa dina Séptémber 2000.[13] Antara Désémber 2000 jeung Juni 2001, pager pawates antara Jalur Gaza jeung Israél diwangun deui. Pawates di wates Jalur Gaza-Mesir diwangun ti 2004.[14] Aya 3 titik pameuntasan utama di pawates: Pameuntasan Erez di kalér ka Israél, Pameuntasan Rafah di kidul ka Mesir, sarta Pameuntasan Karni di wétan nu dipaké ngan pikeun kargo.[15] Israél ngadalikeun wates kalér Jalur Gaza, sarta wewengkon cai jeung udarana ogé. Mesir ngadalikeun wates kidul Jalur Gaza, dina hiji pasatujuanna jeung Israél.[16]

2005 – Paleupasn sapihak Israél[édit | sunting sumber]

Pasukan Patahanan Israél ninggalkeun Jalur Gaza dina 1 Sépéember 2005 salaku bagian ti rancangan paleupasan sapihak Israél, sarta sadaya wargi Israél dikaluarkeun ti wewengkon éta. Hiji 'Pasatujuan dina Pagerakan jeung Aksés' antawis Israél jeung Otoritas Paléstina kalawan panganteur ku Condoleezza Rice dina Nopémber 2005 pikeun ningkatkeun kabébasan urang Paléstina dina aktivitas pagerakan jeung ékonomi di Jalur Gaza. Dina pajangjian, pameuntasan Rafah-Egypt kedah dibuka deui, kalawan arus asup-kaluar diawaskeun ku Otoritas Nasional Paléstina jeung Uni Éropa. Ngan jalmi kalawan idéntitas Paléstina, atanapi urang kabangsaan lian, kalawan pangajabaan, dina kategori katangtu, subjék ti pangawasan Israél, anu diijinkeun pikeun meuntas asup jeung kaluar. Sadaya barang, kandaraan, jeung truk ka jeung ti Mesir kedah ngaliwatan pameuntasan Israél di Kerem Shalom, dina pangawasan pinuh Israél.[17] Barang-barang diijinkeun ogé ngaliwatan pameuntasan Karni di kalér.

Status sah[édit | sunting sumber]

Hotél Al Deira di basisir Gaza

PBB, Panénjo Hak Asasi Manusa, jeung raloba organisasi internasional lian jeung LSM némbong Israél hayang ngawasaan Jalur Gaza sakumaha Israél ngawasaan wewengkon cai jeung udara Jalur Gaza, sarta teu ngijinkeun kalura-asupna barang-barang ka jeung ti Gaza liwat cai atawa udara (ngan bisa liwat darat).[18][19][20] Tapi, pameuntasan wates ka Mesir teu dikawasaan ku Israél. Kawas Israél, Mesir sacara tumurutna ngalarang atanapi ngijinkeun barang jeung jalmi meuntasan wates darat éta. Israél nyebutkeun yén Gaza heunteu dikawasaan deui, sakumaha Israél heunteu mibogaan kadali atanapi otoritas kana wewengkon darat atanapi institusi di Jelur Gaza.[21][22] Mentri Hubungan Luar Nagri Israél, Tzipi Livni, nyarios dina Januari 2008: "Israél kaluar ti Gaza. Israél ngabongkar padumukanna di ditu. Teu aya pasukan Israél nu kasésa di ditu sanggeus paleupasan."[23] Sanggeus Israél kaluar dina 2005, Pupuhu Otoritas Paléstina, Mahmoud Abbas, nyarios, "status légal wewengkon nu kadaptar pikeun évakuasi heunteu robah."[21] Pangacara Paléstina Amérika, Gregory Khalil, nyebatkeun "Israél masih ngawasaan sadaya jalmi, barang, [jeung] keclak cai pikeun asup atawa kaluar Jalur Gaza. Pasukanna meureun teu aya di ditu... tapi laranganna masih ngawatesan kapasitas kakawasaan otoritas Paléstina."[24]. Perkawis status sah Jalur Gaza katempo rumit dumasar kana hukum internasional, sarta narik minat sacara hukumna, komo sanggeus Operasi "Cast Lead" jeung invasi Israél kana Gaza dina Januari 2009.[25]

Dina cariosanna dina konflik Israél-Gaza 2008–2009, Richard Falk, Panaratas Husus Pasarikatan Bangsa-Bangsa nyebatkeun yén hukum kamanusaan internasional dipakékeun kana Israél "in regard to the obligations of an Occupying Power and in the requirements of the laws of war."[26] Dina wawancara dina 2009 di Democracy Now, Christopher Gunness, juru carios Badan Pamulihan jeung Pangagawéan Pasarikatan Bangsa-Bangsa pikeun Pangungsi Paléstina di Wétan Deukeut (UNRWA) nyebat Israél hiji kakiatan nu ngajajah. Tapi, Meagan Buren, Panaséhat Sénior Israel Project, teu satuju ngeunaan éta.[27]

Inohong Hamas, Mahmoud Zahar, nyarios yén Gaza teu kajajh deui saprak kaluarna Israél.[28]

Pangawasaan Otoritas Paléstina (1994–2007)[édit | sunting sumber]

Dumasar kana Pasatujuan Oslo, Otoritas Paléstina nyekelan otoritas administratif Jalur Gaza (salian blok padumukan jeung wewengkon militér) dina 1994. Sanggeus kaluarna Israél (pangeusi jeung militér) ti Jalur Gaza dina 12 Séptémber 2005, Otoritas Paléstina mibanda otoritas administratif pinuh di Jalur Gaza. Saprak paleupasan Israél, Pameuntasan Wates Rafah diawasan ku Misi Pitulungan Wates Uni Éropa Rafah dina hiji pasatujuan nu diadopsi dina Nopémber 2005.[29]

Karusuhan pasca-pamilu[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Konflik Fatah–Hamas.

Dina pamilu parlemén Paléstina 25 Januari 2006, Hamas meunangkeun 42,9% total sora, mibanda 74 ti 132 korsi (56%).[30][31] Nalika Hamas mangku kakawasaan dina bulan sanggeusna, pamaréntah Israél jeung pamaén konci komunitas internasional, Amérika Sarikat jeung Uni Éropa, nolak ngakuan hakna dina maréntah Otoritas Paléstina. Pitulungan langsung ka pamaréntah Paléstina di ditu dipegatkeun, sanajan sababaraha anggaranna dialihkeun ka organisasi kamanusaan nu teu kahubung jeung pamaréntahan.[32] Hasilna, karusuhan pulitik jeung stagnasi ékonomi ngakibatkeun raloba Urang Paléstina angakat ti Jalur Gaza.[33]

Dina Januari 2007, aya patempuran antara Hamas jeung Fatah. Patempuran di Jalur Gaza kalér ngakibatkeun Jéndral Muhammed Gharib, komandan sénior Pasukan Kaamanan Pancegahan, pupus ku diarah ku rokét ka bumina. 2 putri Gharib jeung 2 pangawalna ogé maot dina panarajangan éta, nu mana dilaksanakeun ku tentara Hamas.[34]

Dina ahir Januari 2007, gencatan senjata disawalakeun antawis Fatah jeung Hamas.[35] Tapi sanggeus sababaraha poé, patempuran nu anyar aya deui.[36] Tentara Fatah narajang sababaraha universitas nu patali jeung Hamas di Jalur Gaza. Pejabat Pangawal Kaprésidénan Abbas temupur jeung tentara Hamas nu ngawal Kamentrian Jero Nagri nu dipingpin ku Hamas.[37]

Patempuran kasebar di Jalur Gaza. Kadua pihak narajang kandaraan jeung sarana lawanna. Ku sabab ditarajang ku rokét ti Jalur Gaza, Israél ngalaksanakeun panarajangan udara nu mana ngancurkeun wangunan nu dipaké ku Hamas. Karusuhan nu tetep lumangsung bisa ngarah ka ahir ti pamaréntahan koalisi Fatah-Hamas, sarta kamungkinan ahir ti Otoritas Paléstina.[38]

Korban[édit | sunting sumber]

Ti 2006-2007, leuwih ti 600 Urang Paléstina pupus dina papaséaan antara Hamas jeung Fatah.[39] Sanggeus Perang Gaza, saruntuyan kajadian nelasan 54 Urang Paléstina, samentawis ratusan ngaku disiksa.[40] 349 Urang Paléstina ditelasan dina patempuran antawis pihak dina 2007. 160 Urang Paléstina patelas-telas ngan dina bulan Juni hungkul.[41]

Kakawasaan Hamas (2007–kiwari)[édit | sunting sumber]

Sanggeus meunangna Hamas dina Pamilu législatif Paléstina 2006, Hamas jeung Fatah ngawangun hiji Pamaréntahan kahijian nasional Otoritas Paléstina, diluluguan ku Ismail Haniya. Sakedap sanggeusna, Hamas ngawasaan Jalur Gaza dina Patempuran Gaza,[42] nyandak lembaga pamaréntahan jeung ngagentos Fatah jeung pajabat pamaréntahan lianna.[43] Dina 14 Juni, Hamas sacara pinuh ngawasaan Jalur Gaza. Présidén Paléstina, Mahmoud Abbas, ngaréspon ku cara nyatakeun kaayaan darurat nagara, ngabubarkeun pamaréntahan kahijian sarta ngawangun hiji pamaréntahan nu anyar tanpa partisipasi Hamas. Pasukan Kaamanan ONP di Sisi Kulon nahan sababaraha anggota Hamas.

Pamaréntahan Abbas nampi raloba dukungan internasional. Dina ahir Juni 2008, Mesir, Yordania, jeung Arab Saudi nyebatkeun yén Kabinét Sisi Kulon nu diwangun ku Abbas mangrupa sahiji-hijina pamaréntahan Paléstina anu sah. Mesir mindahkeun kadutaanna ti Gaza ka Sisi Kulon.[44] The Hamas government in the Gaza Strip faces international, diplomatic, and economic isolation.

Munara pangawas, wates Rafah-Mesir

Boh Arab Saudi jeung Mesir ngadukung pamulihan hubungan jeung dibentukna pamaréntahan kahijian nu anyar, sarta neken Abbas sangkan ngawitan parundingan nyata jeung Hamas. Partéy oposisi jeung pulitisi ogé nyorakeun hiji parundingan jeung Hamas ogé hiji ahir hukuman ékonomi.

Sanggeus panyandakan alih, Israél jeung Mesir nutup pameuntasan watesna jeung Gaza. Sumber-sumber Paléstina ngalaporkeun yén pangawas Uni Éropa kaluar ti Pameuntasan Wates Rafah, di Wates Mesir-Gaza lantaran sieun diculik atanapi disiksa.[45] Mentri-mentri luar nagri Arab jeung pajabat pamaréntahan Paléstina ngawangun hiji fron ngalawan kakawasaan Hamas di wates éta.[46]

Sawatara éta, laporan kaamanan Israél jeung Mesir nyebatkeun yén Hamas terus nyalurkeun bahan éksplosif jeung pakarang ti Mesir liwat torowongan. Pasukan kaamanan Mesir manggih 60 torowongan dina 2007.[47]

Sanggeus Hamas nyandak kadali[édit | sunting sumber]

Sanggeus meunangna Hamas dina Juni, pajabat-pajabat nu patali jeung Fatah dikaluarkeun ti wewenang jeung kakawasaanna (saperti jabatan pamaréntahan, kaamanan, universitas, koran, jsb.) sarta ngusahakeun ngalaksanakeun hukum ku cara progrésif nurunkeun pakarang ti gerilyawan, marga, jeung kelompok kajahatan di sakurilingeunana, jeung ngawasaan torowongan suplai. Dumasar kana Amnésti Internasional, dina kakawasaan Hamas, surat kabar ditutup sarta wartawan dilécéhkeun.[48] Unjuk rasa Fatah dilarang atanapi diteken, sakumaha contona dina kasus démonstrasi pikeun miélingan pupusna Yasser Arafat, nu mana ngakibatkeun maotna 7 urang, sanggeus démonstran ngalungkeun batu kana pasukan kaamanan Hamas.[49]

Kajahatan kana urang Kristen aya ogé. Saurang Kristen nu mibanda hiji toko buku diculik jeung ditelasan,[50] sarta dina 15 Pébruari 2008, perpustakaan hiji organisasi Kristen di Kota Gaza dibom.[51]

Hamas jeung grup militan lianna neraskeun ngaluncurkeun rokét Qassam ka Israél. Dumasar kana Israél, antara Panyandakan Alih ku Hamas jeung ahir Januari 2008, 697 rokét jeung 822 mortir diarahkeun ka kota-kota Israél.[52] Balesannana, Israél ngarah paluncur rokét Qassam jeung targét-targét militér sarta dina 19 Séptember 2007, nyatakeun Jalur Gaza salaku hiji éntitas musuh. Dina Januari 2008, Israél ngawatesan lalampahan ti Gaza, asupna barang-barang, sarta motong pasokan suluh, ngakibatkeun kakirangan listrik. Hal ieu ngarah ka tuntutan yén Israél méré hukuman koléktif kana populasi Gaza, nu ngarah ka panghukuman internasional. Sanajan raloba laporan ti Jalur Gaza nyebatkeun yén pangan sarta kabutuhan poko lianna kirang pisan pasokanna, [53] Israél ngabantah bari nyebatkeun yén Gaza geus miboga pangan jeung suplai énergi nu cekap pikeun sababaraha minggu.[54] Dina awal Maret 2008, panarajangan udara jeung darat ku IDF ngakibatkeun maotna leuwih ti 110 urang Paléstina sarta dampak kaancuran di Jabalia.[55] Sanggeus Présidén Mesir, Hosni Mubarak, mundur dina 28 Méi 2011, Mesir muka watesna jeung Jalur Gaza.[56]

Panorobosan wates[édit | sunting sumber]

Dina 23 Januari 2008, sanggeus sababaraha bulan persiapan nalika pangiatan wates ku baja jadi ruksak,[57] Hamas ngancurkeun sababaraha bagian témbok nu ngawatesan Gaza jeung Mesir di kota Rafah. Raloba urang meuntas ka Mesir néangan pangan jeung suplai. Ku sabab krisis, Présidén Mesir keur éta, Hosni Mubarak, maréntahkeun pasukanna sangkan diijinkeun éta Urang Paléstina téh, tapi pastikeun teu aya pakarang anu dibawa balik.[58] Mesir nahan jeung teras ngabébaskeun sababaraha gerilyawan Hamas nu boga pakarang di Sinai nu mana presumably hayang asup ka Israél. Keur éta ogé, Israél ningkatkeun kaayaan pangélingannana di sapanjang wates Sinai Israél-Mesir, sarta nyauran wargina sangkan ninggalkeun Sinai "langsung."

Pangawas Wates UE nunjukkeun kasiapanna dina balik deui ngawas wates éta, sarta Hamas kedah ngajamin kaamananna; samentawis Otoritas Paléstina ménta sangkan Mesir sawala jeung pihak Otoritas hungkul ngeunaan urusan nu patali jeung wates éta. Israél ngagampangkeun sababaraha panyaluran barang jeung suplai médis ka Jalur Gaza, tapi ngawatesan listrikna 5% dina salasahiji ti 10 saluranna, samentawis Hamas jeung Mesir ngadeukeutkeun jarak antara kadua pihak.[59] Usaha kahiji mesir dina nutup deui watesna éta diréspon kalawan karusuhan ku gerilyawan Gaza, tapi sanggeus 12 poé, wates éta ditutup deui.[rujukan?]

Dina patengahan Pébruari, pameuntasan wates Rafah masih tutup.[60] Dina Pébruari 2008, hiji survéi Haaretz nunjukkeun yén 64% masarakat Israél hoyong pamaréntahna ngayakeun diskusi langsung jeung Hamas di Gaza ngeunaan gencatan senjata sarta pikeun ngamankeun dibébaskeunnana Gilad Shalit,[61] saurang prajurit Israél nu ditahan dina hiji panarajangan pameuntasan wates ku militan Hamas dina 25 Juni 2006 sarta geus jadi sandra saprak éta.[62][63][64]

Dina Pébruari 2008, patempuran antawis Israél jeung Paléstina nambih ripuh kalawan paluncuran rokét sarta ditarajangna militan Paléstina. Agrési militér ku Hamas ngarah ka aksi militér Israél dina 1 Maret 2008, ngakibatkeun leuwih ti 110 Urang Paléstina maot dumasar kana BBC News, kitu ogé kana 2 prajurit Israél. Kelompok hak asasi manusa Israél, B'Tselem, merkirakeun yén 45 korban nu ditelasan heunteu patali jeung karusuhan éta, samentawis aya 15 nu saeutik.[65]

Sanggues silih nahan antawis Fatah jeung Hamas di Jalur Gaza jeung Tepi Kulon, kulawarga Hilles ti Gaza dipindahkeun ka Jericho dina 4 Agustus 2008.[66] Pénsiunan Perdana Mentri, Ehud Olmert, saurna dina 11 Nopémber 2008, "Naon nu ditaroskeun téh sanés bakal aya atanapi teu ayana konfrontasi, tapi basa éta lumangsung, dina kaayaan naon, sarta saha nu ngadalikeun situasi, saha nu bakal ngarahkeunnana, sarta saha nu bakal nyaho dina mangpaatkeun waktu ti awal gencatan senjata nepi ka konfrontasi kalawan cara anu pangalusna nu mungkin.” Dina 14 Nopémber 2008, Gaza diblokade ku Israél salaku balesan tina tarajangan mortir jeung rokét ku Hamas jeung kelompok militan lianna nu aya operasina di Gaza.[67] Sanajan kitu, pangan, listrik, jeung cai masih bisa asu ti Mesir upami pihak otoritas Mesir ngijinkeunnana.

Dina 28 Nopémber 2008, sanggeus masa 24 jam di mana teu aya rokét Qassam nu diluncurkeun ka Israél, IDF ngagampangkeun transportasi ti leuwih ti 30 truk nu mawa pangan, pasokan dasar, jeung alat médis ka Jalur Gaza, sarta ogé masok suluh ka pembangkit listrik utama di wewengkon éta.[68] Dina 25 Nopémber 2008, Israél nutup pameuntasan kargona jeung Gaza ku sabab 2 rokét nu diluncurkeun ka Israél.[69]

Perang Gaza[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Perang Gaza.
Urang Israél nu ditelasan ku Urang Paléstina di Israél (blue) sarta Urang Paléstina nu ditelasan ku Urang Israél di Gaza (red)
Imah-imah nu ruksak nalika Operasi Cast Lead

Dina 27 Désémber 2008,[70] F-16 Israél ngalaksanakeun hiji runtuyan panarajangan udara kana sasaran-sasaran di Gaza salaku balesan tina rokét-rokét nu ditémbakkeun teterusan ti Jalur Gaza ka Israél. Raloba tempat nu dipaké salaku panyimpenan pakarang ditarajang: pos polisi, sakola, rumah sakit, gudang PBB, masjid, raloba wangunan pamaréntahan Hamas, sarta wangunan lianna.[71] Israél nyebatkeun yén panarajangan éta mangrupa balesan ti tarajangan rokét Hamas di Israél beulah kidul, kalawan jumlah leuwih ti 3.000 dina 2008. Pagawé médis Paléstina ngaku yén paling saeutikna 434 Urang Paléstina maot, sarta minimalna 2.800 cedera, kasusun ti warga sipil jeung anggota Hamas, dina 5 poé kahiji panarajangan Israél kana Gaza. Pasukan Patahanan Israél nolak pangakuan ngeunaan korban panarajangan éta kalobaannanan warga sipil, nyadiakeun bukti yén Hamas ngahajan nyumputkeun pakarang jeung militan di "masjid, lapangan sakola, jeung imah warga sipil" pikeun ngahalangan hiji tarajangan sarta mangpaatkeun aturan patempuran Israél.[72] Israél mimiti invasi darat kana Jalur Gaza dina 3 Januari 2009.[73] Israel nolak raloba usulan gencatan senjata sarta kadua pihak nyatakeun gencatan senjata sapihak.[74][75]

Total 1.100-1.400[76] Urang Paléstina jeung 13 Urang Israél ditelasan dina Perang 22 poé.[77] Sanggeus tempur 22 poé, Israél nyatakeun gencatan senjata. Hamas bakal ngalanjutkeun patempuran upami pasukan Israél heunteu ninggalkeun Jalur Gaza.[78] Konflik éta ngaruksakkeun atanapi ngancurkeun sababaraha imah,[79] 15 ti 27 rumah sakit di Gaza sarta 43 ti 110 fasilitas kaséhatan utama,[80] 800 sumur,[81] 186 imah kaca,[82] sarta méh sadaya 10.000 ladang kulawarga;[83] ngakibatkeun 50.000 urang tanpa imah,[84] 400.000-500.000 urang tanpa cai nu ngocor,[84][85] 1 yuta urang tanpa listrik,[85] sarta nyababkeun stok pangan kritis.[86]

Dina Pébruari 2009, kasadiaan pangan pulih deui saperti saméméh perang tapi suplai kadaharan lokal nu seger diprédiksi bakal ngirang drastis dina April-Juni 2009 ku sabab akbiat fatal dina widang agrikultur nalika perang.[87]

Blokade Gaza[édit | sunting sumber]

Diblokadenya Jalur Gaza lanjut sanggeus perang, sanajan Israél ngijinkeun tulungan kamanusaan médis tapi dina kumlah nu kawates. Palang Beureum nyebatkeun yén blokade éta ngaruksakkeun ékonomi Gaza sarta nyababkeun kirangna kalengkepan jeung alat médis dasar kawas panawar nyeri jeung film sinar x.[88]

Diréktur Shin Bet (Badan Kaamanan Israél), Yuval Diskin nyarios yén anjeunna moal ngalawan kana dilogorkeunnana palarangan dagang, tapi percanten yén torowongan penyelundupan di Sinai sarta palabuan nu kabuka di Jalur Gaza ngabahyakeun kaamanan Israél. Saur Diskin, Hamas jeung Jihad Islam geus nyelundupkeun leuwih ti "5.000 rokét kalawan radius jangaku nepi ka 40 kilométer." Sababaraha rokét éta bisa nepi ka tempat sajauh Wewegkon Métropolitan Tel Aviv.[89]

Mark Regev, juru carios kantor Peradana Mentri Israél, nerangkeun yén kalakuan Israél mangrupa "hukuman", sanés blokade, tapi saurang konsultan hukum Gaza pikeun UNRWA nyebat blokade éta salaku "tindakan di luar hukum internasional.”[90]

Dina Juli 2010, Perdana Mentri Britania, David Cameron, ngritik blokade éta, nyarios yén "Bantosan jeung masarakat kamanusaan kedah tiasa kaluar asup kana dua arah. Gaza teu bisa jeung teu kénging dijadikeun penjara." [91] Balesanna, juru carios Kadutaan Israél di London nyebatkeun yén "Masarakat Gaza téh tahanan tina organisasai téroris Hamas. Kaayaan di Gaza téh hasil langsung tina aturan jeung prioritas Hamas."

Kémah ténda, April 2009

Liga Arab nuduh Israél ngabiayaan perang kauangan.[92]

IDF ngadalikeun lalampahan dina wewengkon titik pameuntasan antawis Israél jeung Jalur Gaza, sarta nutup watesna jeung Gaza. Kaayaan kaamanan di Gaza jeung sapanjang watesna, kaasup watesna jeung Mesir sarta basisirna, bahaya sarta bisa robah sawaktu-waktu.[93]

Nyanghareupan ningkatna panggilan internasional sangkan ngalogorkeun atanapi ngahupus blokadena, Mesir jeung Israél ngirangan palarangan éta mimiti Juni 2010, nalika Pameuntasan Wates Rafah ti Egypt ka Gaza dibuka sabagian ku Mesir, sarta mentri luar nagri Mesir nerangkeun yén pameuntasan wates éta bakal terus dibuka utamina pikeun jalma, tapi sanés pikeun pasokan barang, ngaliwat.[94] Israél ngumumkeun yén nagara éta bakal ngijinkeun barang-barang kabutuhan sipil kalawan pangawasan bari nyegah pakarang katangtu jeung barang dwifungsi asup ka Gaza nu dikawasaan ku Hamas.[95]

Trén Islamisasi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Islamisasi Jalur Gaza.

Ti 1987 nepi ka 1991, nalika intifada kahiji, Hamas ngampanyekeun pamakéan hijab sarta aturan-aturan lianna, kaasup maksa awéwé tinggal di imah jeung dipisahkeun ti lalaki, sarta kampanye poligami. Dina perkawis ieu, awéwé nu milih teu maké hijab disiksa sacara verbal jeung fisik, kalawan hasil hijabna dipaké 'ngan pikeun nyegah masalah di jalan'.[96]

Saprak Hamas nyandak kadali kana Jalur Gaza dina 2007, sababaraha anggotana ngusahakeun maksa pamakéan pakéan Islam atanapi Hijab pikeun awéwé.[97][98] "Kamentrian Pandukung Islam" ogé miboga anggota Komite Kahadéan ngélingkeun masarakat kana bahaya pakéan nu teu sopan, maén kartu, jeung bobogohan.[99] Tapi, teu aya aturan pamaréntah anu ngatur neguaan pakéan jeung aturan moral lianna, sarta kamentrian pangatikan Hamas malikkeun hiji usaha pikeun maksa pakéan Islam kana murid-murid.[97]

Numutekun Panénjo Hak Asasi Manusa, pamaréntahan Gaza Hamas ningkatkeun usahana pikeun "ng-Islam-keun" Gaza dina 2010, usaha nu ngawengku, numutekun organisasi éta, "panekenan masarakat sipil" jeung "pangruksakan parah kana kabébasan pribados."[100]

Panalungtik Paléstina, Dr. Khaled Al-Hroub ngkritik kana nu ku anjeunnna disebat "léngkah-léngkah Taliban-an" nu dicandak ku Hamas. Numutkeun anjeunna, "Islamisasi nu geus dipaksa kana Jalur Gaza - panindasaan sosial, budaya, jeung pérs nu teu cocog jueng pandangan Hamas - mangrupa kalakuan kakoncara nu kedah dilawan. Éta téh mangrupa palaksanaan ulang tina pangalaman rézim totalitér jeung kadiktatoran liaana disamarkeun ku agama.[101]

Pajabat Hamas nolak ngeunaan miboga rancangan pikeun maksakeun aturan Islam, saurang anggota déwan nyarios yén “Naon nu ku manéh tempo téh kacilakaan, sanés kawijakan,” sarta aturan Islam éta téh standar nu dipikahayang "tapi urang percaya kana ajakan.”[99]

Gawé bareng Israél jeung program pitulungan internasional[édit | sunting sumber]

Antara Januari 2009-Juni 2010, kira-kira 137 yuta liter suluh, jeung 50.000 ton gas rumah tangga dikintun liwat Israél ka Jalur Gaza.[102][103][104] Aya ogé kasus di mana bantosan ka Gaza diblokade ku Israél saperti tarajangan armada Gaza,[105] sanajan bantosan éta dikintun liwat Israél sanggeus dipariksa tina pakarang jeung barang selundupan.

Dina Januari jeung Pébruari 2011, Badan Pasarikatan Bangsa-Bangsa pikeun Koordinasi Hubungan Kamanusaan (UNOCHA) maréntah hiji panalungtikan perkiraan tina akibat aturan éta pikeun ngalogorkeun palarangan aksés.[106] Tina panalungtikan éta, dicindekkeun yén hasilna kahirupan masarakat heunteu ningkat kalawan signifikan.[106] Dipanggih yén "kaayaan penting tina larangan nu masih aya" sarta akibat ti 3 taun blokade ketat nyegah paningkatan signifikan dina kahirupan jeung nyauran Israél sangkan ngahupus sapinuuhna blokade éta kaasup larangan impor material qangunan sarta ékspor barang, sarta sangkan naghupus palarangan umum dina lalampahan jalmi antawis Gaza jeung Sisi Kulon liwat Israél sangkan saluyu jeung anu diterangkeun salaku kawajiban kamanusaan internasional jeung hukum hak asasi manusa.[106]

Géografi jeung iklim[édit | sunting sumber]

Kaayaan géografis utama wewengkon Israél jeung Méditérania tenggara
Basisir Gaza

Jalur Gaza aya di Wétan Tengah (dina 31°25′N 34°20′E / 31.417°N 34.333°E / 31.417; 34.333Koordinat: 31°25′N 34°20′E / 31.417°N 34.333°E / 31.417; 34.333). Wewengkonna miboga wates 51 kilometres (32 mi) jeung Israél, sarta 11 km jeung Mesir, deukeut Kota Rafah. Khan Yunis aya di 7 kilometres (4.3 mi) kalér-wétaneun Rafah, sarta sababaraha kota sabundeureun Deir el-Balah aya dina sapanjang basisir terus ka Kota Gaza. Beit Lahia aya di kaléreun Kota Gaza samentawis Beit Hanoun aya di kalér-wétaneun Kota Gaza. Blok lokalitas Israél Gush Katif baheula aya dina pasir keusik deukeut Rafah jeung Khan Yunis, sapanjang sisi 40 kilometres (25 mi) kidul-kulon basisir Laut Méditérania.

Jalur Gaza mioga iklim garing, kalawan ususm tiis nu lemes, sarta usum panas nu panas jeung garing lantaran halodo. Titik pangluhurna nyaéta Abu 'Awdah (Joz Abu 'Auda), dina 105 metres (344 ft) luhureun laut. Sumber daya alam kaasup lemah subur (kira-kira sapertilu wewengkon Jalur Gaza kairigasi), sarta dipanggih gas alam. Masalah lingkungan kaasup desertifikasi; salinitas (kadar uyah) cai; sanitasi; dégradasi lemah; sarta kontaminasi jeung ngirangna sumber cai jero taneuh.

Tingali ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Gaza Strip Entry at the CIA World Factbook
  2. Cobham and Kanafani, 2004, p. 179.
  3. Egypt Israel Armistice Agreement UN Doc S/1264/Corr.1 23 February 1949
  4. "Palestinian Territories". U.S. Department of State. Diakses pada 6 April 2009. 
  5. "Occupied Palestinian Territory". European Commission. Diakses pada 6 April 2009. 
  6. "Israel, the occupied territories and the autonomous territories — ICRC maps". ICRC. Diakses pada 6 April 2009. 
  7. "Country profile: Israel and Palestinian territories", BBC, 15 December 2009. Disalin 2009-04-06.
  8. Palestine Royal Commission Report Presented by the Secretary of State for the Colonies to Parliament by Command of His Majesty, July 1937, Cmd. 5479. His Majesty’s Stationery Office., London, 1937. 404 pages + maps.
  9. All-Palestine Government, by Shlaim, Avi
  10. (1978–79) Gardus, Yehuda; Shmueli, Avshalom The Land of the Negev (English title), Kamentrian Patahanan Publishing. (Basa Ibrani), pp. 369–370
  11. "How has the Gaza Strip influenced the Israeli-Palestinian conflict?" entry at ProCon.org citing "An Historical Encyclopedia of the Arab-Israeli Conflict"
  12. Samuels, David. "The Atlantic". The Atlantic. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  13. Almog, Major General Doron (2004-12-23). "Lessons of the Gaza Security Fence for the West Bank" 4.
  14. Barnard, Anne, "Life in Gaza Steadily Worsens", The Boston Globe, 2006-10-22.
  15. Myre, Greg, "Gaza Crossing:Choked Passages to Frustration", The New York Times, 2006-03-04.
  16. "Gaza crisis: key maps and timeline", BBC News, 2009-01-06. Disalin 2010-06-01.
  17. Tanya Reinhart, The Road to Nowhere, Verso, London 2006 pp.134-5
  18. "Israel/Occupied Palestinian Territories: The conflict in Gaza: A briefing on applicable law, investigations and accountability". Amnesty International. 19 Januari 2009. Diakses pada 5 Juni 2009. 
  19. "Human Rights Council Special Session on the Occupied Palestinian Territories" July 6, 2006; Human Rights Watch considers Gaza still occupied.
  20. Levs, Josh, "Is Gaza 'occupied' territory?", CNN, 2009-01-06. Disalin 2009-05-30.
  21. a b Dore Gold, JCPA Legal Acrobatics: The Palestinian Claim that Gaza is Still "Occupied" Even After Israel Withdraws, Jerusalem Centre for Public Affairs, Vol. 5, No. 3, August 26, 2005.
  22. International Law and Gaza: The Assault on Israel's Right to Self-Defense, Jerusalem Centre for Public Affairs, Vol. 7, No. 29 28 January 2008.
  23. Israeli MFA Address by Israeli Foreign Minister Livni to the 8th Herzliya Conference, Kamentrian Hubungan Luar Nagri (Israél), 22 Januari 2008.
  24. Panelists Disagree Over Gaza’s Occupation Status, Fakultas Hukum Universitas Virginia, 17 Nopémber 2005.
  25. Susan Power, Re-engaging the Gaza Debate: the impact of Operation "Cast Lead", (06) 2009 Intellectum, pp. 033-045,Re-engaging the Gaza debate: the impact of Operation "Cast Lead"
  26. Richard Falk, Statement by Prof. Richard Falk, United Nations Special Rapporteur for Human Rights in the Occupied Territories, United Nations Human Rights Council, December 27, 2008.
  27. A Debate on Israel’s Invasion of Gaza: UNRWA's Christopher Gunness v. Israel Project’s Meagan Buren Democracy Now, 5 Januari 2009.
  28. [1] "'Against whom could we demonstrate in the Gaza Strip? When Gaza was occupied, that model was applicable,' Zahar said." Ditampi ti Ma'an News Agency, 5 Januari 2012
  29. (25 November 2005) EU Border Assistance Mission for Rafah Crossing Point (EU BAM Rafah), United nations : European union.
  30. Counting underway in Palestinian elections, International Herald Tribune, 25 January 2006.
  31. Election officials reduce Hamas seats by two, ABC News Online, 30 January 2006.
  32. Weisman, Steven R., "U.S. and Europe Halt Aid to Palestinian Government", Nytimes.com, 2006-04-08. Disalin 2011-05-21.
  33. More Palestinians flee homelands[tumbu nonaktif], Sarah El Deeb, Associated Press, December 9, 2006.
  34. Abu, Khaled. "US to give $86 million to Abbas's forces". Jerusalem Post. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  35. Palestinian Cease-Fire Holds on 1st Day[tumbu nonaktif], Ibrahim Barzak, 31 January 2007, Associated Press; Cease-Fire Starts Taking Hold in Gaza[tumbu nonaktif] Ibrahim Barzak, 30 January 2007, Associated Press.
  36. [2][tumbu nonaktif]
  37. Gaza erupts in fatal clashes after truce[tumbu nonaktif], Associated Press, 2 February 2007.
  38. Israel attacks in Gaza amid factional violence[tumbu nonaktif], by Nidal al-Mughrabi, Associated Press, 16 May 2007.
  39. "Over 600 Palestinians killed in internal clashes since 2006". Ynetnews.com. 20 Juni 1995. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  40. Kalman, Matthew, "Hamas executes suspected Fatah traitors in Gaza", The San Francisco Chronicle, 22 January 2009.
  41. "B'Tselem - Violations of the human rights of Palestinians by Palestinians - Severe human rights violations in inter-Palestinian clashes". Btselem.org. 12 Nopémber 2007. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  42. "Hamas takes control of Gaza", Friday 15 June 2007. Disalin 3 June 2010.
  43. (2008) Internal fight: Palestinian abuses in Gaza and the West Bank, 14–15, Human Rights Watch.
  44. "Mubarak calls Hamas' takeover of the Gaza Strip a 'coup'". Haaretz Daily Newspaper. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  45. Dudkevitch, Margot (2006-03-14). "EU monitors flee Rafah border crossing". Jerusalem Post. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  46. "Middle East — Abbas wins Egypt backing on border". Al Jazeera English. 28 Januari 2008. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  47. "Egypt finds 60 Gaza tunnels in 10 months". Jerusalem Post. 13 Nopémber 2007. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  48. "Torn apart by factional strife". Amnésti Internasional. 24 Oktober 2007. Diarsipkan dari yang asli pada 25 Oktober 2007. Diakses pada 23 Oktober 2007. 
  49. Hamas kills seven at Arafat rally in Gaza[tumbu nonaktif] , AFP, (via SBS World News Australia), 13 November 2007.
  50. Silver, Eric, "Gaza's Christian bookseller killed", The Independent, 8 October 2007. Disalin 3 May 2010.
  51. http://www.maannews.net/en/index.php?opr=ShowDetails&ID=27804
  52. "Israeli MFA". Mfa.gov.il. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Oktober 2007. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  53. "Profile: Gaza Strip", BBC News, 2009-01-06. Disalin 2011-05-21.
  54. "IDF official rejects claims of humanitarian crisis in Gaza". Ynetnews.com. 20 Juni 1995. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  55. Dozens die in Israel-Gaza clashes BBC News. 2 Maret 2008.
  56. [3] Wall Street Journal. 29 Méi 2011.
  57. Ha'aretz[tumbu nonaktif]
  58. "Egypt 'won't force Gazans back'", BBC News, 23 January 2008. Disalin 2008-01-23.
  59. Abu Toameh, Khaled, "Fatah, Hamas fight for border control", Jerusalem Post, January 29, 2008. Disalin 2009-01-04.
  60. "Maan news". Maan news. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  61. Yossi Verter. "Poll: Most Israelis back direct talks with Hamas on Shalit", Haaretz, 2008-02-27. Disalin 2008-02-27.
  62. 'Israelis threaten a broader action' by Ian Fisher and Steven Erlanger, International Herald Tribune
  63. "Gilad Shalit's birthday marked", BBC News, 2007-08-28. Disalin 2010-06-01.
  64. 'Militants issue Israel hostage demands'(CNN)[tumbu nonaktif]
  65. "Israeli Gaza operation 'not over'", BBC News, 2008-03-03. Disalin 2010-06-01.
  66. Katz, Yaakov. "IDF: Hilles clan won't boost terrorism | Israel | Jerusalem Post". Jerusalem Post. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  67. "Blockade leaves Gazans in the dark", Los Angeles Times, 14 November 2008. Disalin 3 May 2010.
  68. Keinon, Herb (2008-11-24). "Ministries at odds over journalists' entry into Gaza". Jerusalem Post. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  69. "Israel closes Gaza crossings". Jerusalem Post. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  70. "Israelis Say Strikes Against Hamas Will Continue", The New York Times, 28 December 2008. Disalin 3 May 2010.
  71. Mozgovaya, Natasha. "IDF shell kills 30 in Gaza UN school; Israel mulls appeal over Hamas fire from UN facilities". Haaretz Daily Newspaper. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  72. Erlanger, Steven, "A Gaza War Full of Traps and Trickery", Nytimes.com, 2009-01-10. Disalin 2011-05-21.
  73. Template error: argument title is required.[tumbu nonaktif]
  74. McClatchy Newspapers, January 5, 2009, "Israel Rebuffs Cease-Fire Calls as Gaza Casualties Rise" http://www.mcclatchydc.com/world/story/58981.html
  75. "Hamas Rejects Cease-Fire With Israel in Gaza — Mideast Watch". usnews.com. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  76. Kasher, Asa. "Analysis: A moral evaluation of the Gaza War". Jpost.com. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  77. "Slow recovery from wounds of Gaza conflict", BBC News, 27 December 2009. Disalin 3 May 2010.
  78. Erlanger, Steven, "Israel Declares Cease-Fire; Hamas Says It Will Fight On", The New York Times, 18 January 2009. Disalin 3 May 2010.
  79. http://www.iom.int/jahia/Jahia/media/press-briefing-notes/pbnAF/cache/offonce/lang/en?entryId=21830; Reuters, January 12, 2009 Lappin, Yaakov. IDF releases Cast Lead casualty, The Jerusalem Post, March 26, 2009.
  80. http://www.ochaopt.org/documents/ochaopt_who_gaza_health_fact_sheet_20100120_english.pdf
  81. "MIDEAST: Attack on Water Brings Sanitation Crisis - IPS". Ipsnews.net. 18 Juni 2009. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  82. http://postconflict.unep.ch/publications/UNEP_Gaza_EA.pdf
  83. http://www.fao.org/fileadmin/templates/tc/tce/pdf/FAO_brief_on_Gaza_23_Jan_09.pdf
  84. a b "Gaza 'looks like earthquake zone'", BBC News, 20 January 2009.
  85. a b "Gaza: Humanitarian situation", BBC News, 30 January 2009.
  86. "Launches Emergency Food Distributions to Families in Gaza | WFP | United Nations World Food Programme - Fighting Hunger Worldwide". WFP. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  87. "Gaza Emergency Food Security Assessment (EFSA) - FAO/WFP report (24 February 2009)". Unispal.un.org. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  88. "Red Cross: Israel trapping 1.5m Gazans in despair", Haaretz, 2009-06-29.
  89. "Diskin: No aid crisis in Gaza". Jpost.com. 15 Juni 2010. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  90. John Pike. "ISRAEL-OPT: UN report details grim effects of Israeli blockade on Gaza". Globalsecurity.org. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  91. Watt, Nicholas, "David Cameron: Israeli blockade has turned Gaza Strip into a 'prison camp'", 2010-07-27. Disalin 28 July 2010.
  92. Arab League : Israel waging a financial war[tumbu nonaktif]
  93. "Israel, the West Bank and Gaza Travel Warning". Travel.state.gov. Diarsipkan dari yang asli pada 30 Désémber 2004. Diakses pada 1 Juni 2010. 
  94. Egypt eases own Gaza blockade after Israel Freedom Flotilla raid, Christian Science Monitor, June 2, 2010 (page 2)
  95. Rabinowitz, Gavin (2010-06-20). "AFP: Israel to allow more 'civilian' goods into Gaza: official". Google.com. Diarsipkan dari yang asli pada 25 Méi 2012. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  96. Rubenberg, C., Palestinian Women: Patriarchy and Resistance in the West Bank (USA, 2001) p.230-231
  97. a b Hamas Fights Over Gaza’s Islamist Identity New York Times, September 5, 2009
  98. "Hamas encourages Gaza women to follow Islamic code". News.xinhuanet.com. 3 Januari 2010. Diakses pada 21 Méi 2011. 
  99. a b Hamas Bans Women Dancers, Scooter Riders in Gaza Push By Daniel Williams, Bloomberg, November 30, 2009
  100. "In Gaza, prisoners twice over; Palestinians are being squeezed by the Israeli blockade and Hamas' 'Islamizing' actions," Bill Van Esveld, Bill Van Esveld is a Middle East researcher for Human Rights Watch, June 27, 201o, Los Angelies Times.
  101. The Hamas Enterprise and the Talibanization of Gaza, by Khaled Al-Hroub, Al-Ayyam (Palestinian Authority), October 11, 2010. Translation by the Middle East Research Institute, October 22, 2010.
  102. "Israel resumes delivery of fuel to Gaza". Unmultimedia.org. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  103. "Increased humanitarian aid to Gaza after IDF operation". Mfa.gov.il. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  104. "Gaza Strip Merchandise and Humanitarian Aid May 30th - June 5th, 2010". Scribd.com. 5 Juni 2010. Diakses pada 12 Désémber 2010. 
  105. "Israeli ships attack Gaza aid flotilla: reports", CBC News, 2010-05-31.
  106. a b c "Easing the blockade – Assessing the humanitarian impact on the population of the Gaza Strip". UNITED NATIONS Office for the Coordination of Humanitarian Affairs occupied Palestinian territory. 1 Maret 2011. Diakses pada 16 Juli 2011. 

Pustaka[édit | sunting sumber]

  • (2004) The economics of Palestine: economic policy and institutional reform for a viable Palestinian state, Illustrated, Routledge.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Gaza Strip ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity
Peta