Dénmark

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kongeriget Danmark
Karajaan Dénmark
Bandéra Dénmark Lambang Dénmark
Motto

(Motto karajaan: Guds hjælp, Folkets kærlighed, Danmarks styrke
"Bantosan Gusti, Cinta Rahayat, Kakiatan Dénmark")
Lagu
Der er et yndigt land (nasional)
Lagu Karajaan
Kong Kristian stod ved højen mast (karajaan jeung nasional)
Location of Dénmark
Ibu kota Kopenhagen
55°43′N 12°34′E
Kota panggedéna ibu kota
Basa resmi Dénmark 2
Grup étnis  90.1% Dénmark
9.9% nu séjén (2010)[1]
Pamaréntah Démokrasi parleménter jeung Monarki konstitusional
 -  Ratu Margrethe II
 -  Perdana Menteri Lars Løkke Rasmussen
 -  Perdana Menteri nu ditunjuk Helle Thorning-Schmidt
Konsolidasi abad ka-8 
Asup ka
 Uni Éropa
1 Januari 1973 (7th)
Aréa
 -  Total 43.098,31 km² (ka-1342)
16.640 mil² 
 -  Cai (%) 1,642
Populasi
 -  Perkiraan  1 April 2010 5.540.241 (ka-108)
 -  Kapadetan 127,9 /km² (ka-782)
331,2 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2009
 -  Total $197,058 milyar[2] 
 -  Per kapita US$35.757[2] 
GDP (nominal) Perkiraan 2009
 -  Total US$309,252 milyar[2] 
 -  Per kapita US$56.115[2] 
Gini? (2009) 24,7 (handap) (réngking 1)
HDI (2007) Green Arrow Up Darker.svg 0,955[3] (luhur pisan) (ka-16)
Mata uang Krone (DKK)
Zona wanci CET² (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST² (UTC+2)
TLD Internét .dk2,3
Kode telepon +454
1 Basa Faroe mangrupakeun basa resmi di Kapuloan Faroe jeung Basa Kalaallisut mangrupakeun basa resmi di Greenland. Basa Jérman mangrupa basa minoritas nu dilindungan di Jutlandia Kidul (Sønderjylland) di Dénmark. Ogé Basa Dénmark mangrupa basa minoritas nu dilindungan di Schleswig-Holstein di Jérman.
² Ku sabab Dénmark heunteu ngasupkeun Kapuloan Faroe jeung Greenland.
³ TLD (Top Level Domain) .eu piboga sasama nagara-nagara Uni Éropa.
4 Kapuloan Faroe ngagunakeun +298, upami Greenland ngagunakeun +299.

Karajaan Dénmark (basa Dénmark: Kongeriget Danmark) mangrupakeun nagara Nordik nu pangleutikna jeung pangkidulna. Nagara ieu aya di Skandinavia, Éropa Kalér, tapi teu aya dina samenanjung Skandinavia. Nagara ieu kaasup anggota Uni Éropa.

Dénmark tepung wates jeung Laut Baltik jeung Laut Kalér. Wewengkonna kaasup hiji samenanjung di Jérman kalér nu ngaranna Jylland (Jutlandia), Kapulauan Fyn (Funen), Sjælland (Zealand), Vendsyssel-Thy, Lolland, Falster, Bornholm, jeung ratusan pulo leutik, nu mindeng disebut kapuloan Dénmark. Saméméh Terusan Kiel dikali, jalan laut ka Laut Baltik ngan bisa liwat tilu Selat Dénmark.

Nagara ieu ngagunakeun monarki konstitusional jeung sistem pamaréntahan parleménter. Dénmark boga hiji pamaréntah pusat jeung 98 munisipalitas minangka pamaréntah wewengkon. Dénmark geus jadi anggota Uni Éropa ti 1973, tapi nepi ka ayeuna masih kénéh teu gabung kana Eurozone. Dénmark mangrupakeun salha sahiji pawangun NATO jeung OECD. Dénmark ogé hiji anggota OSCE.

Basa resmina, Basa Dénmark, sarumpun jeung Basa Swédia jeung Basa Norwégia, lantaran basa-basa éta miboga kakaitan sajarah jeung budaya nu kiat. 82% ti populasi Dénmark jeung 90.3% séké Dénmark pangagem garéja Lutheran. Dina taun 2010, 548.000 urang (9.9% populasi Dénmark) mangrupa imigran atawa katurunanna. Mayoritasna (54%) asalna ti Skandinavia atawa bagian Éropa nu séjén, sésana asalna ti nagara-nagara di Asia jeung Afrika.

Greenland jeung Kapuloan Faroe mangrupakeun wewengkon ti karajaan Dénmark, tapi aya kakawasaan politikna sorangan.

Wewengkon[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Amt Dénmark.

Ti kaping 1 Januari 2007, dumasar kana 2007 Danish Municipal Reform, Dénmark ngarobah babagian wewengkon administrasina jadi 5 region, ngaganti sistem 13 amt jeung ngagabung sababaraha munisipalitas leutik kana sababaraha munisipalitas nu leuwih gedé jadina jumlah nu tadina, 270, ngaleutik nepi ka ngan 98 munisipalitas.

Ngaran region Ibu kota administrasi Kota panggedéna Populasi
(1 Januari 2008)
Lega (km²) Kagegekan
(per km²)
Amt (1970-2006)
Hovedstaden Hillerød København 1.645.825 2.561 642,6 Københavns jeung Frederiksborg, jeung munisipalitas København, Frederiksberg jeung Bornholm
Midtjylland Viborg Århus 1.237.041 13.142 94,2 Ringkjøbing, méh sakabéh Århus, bagian kidul Viborg jeung bagian kalér Vejle
Nordjylland Aalborg Aalborg 578.839 7.927 73,2 Jutlandia Kalér, bagian kalér Viborg jeung sabagian leutik Århus
Sjælland Sorø Roskilde 819.427 7.273 112,7 Roskilde, Storstrøm, jeung Sjælland Kulon
Syddanmark Vejle Odense 1.194.659 12.191 97,99 Funen, Ribe, Jutlandia Kidul jeung sabagian ti Vejle kidul
Total 5.475.791 43.094 127,0

Étimologi[édit | sunting sumber]

Asal kecap "Danmark", pakaitan antara séké Dane jeung Dénmark, jeung sajarah ngahijina Dénmark salaku karajaan masih kénéh dipaséakeun[4][5]. Aya nu boga pamikiran, "Dan" asalna ti séké Dane atawa ti Dan, sang raja légéndaris ti séké Dane. Dua téori ieu ngarujuk ti kitab-kitab séké Dane di Skandinavia, Yunani, jeung Romawi (kawas Ptolomeus, Jordanes, jeung Santo Gregorius ti Tours), sarta literatur abad patengahan (kawas Adam ti Bremen, Beowulf, Widsith, jeung Poetic Edda).

Sababaraha kitab nyebutkeun[6] "Dan" jeung "Dane" asalna ti kecap nu hartina "taneuh datar" , atawa ti Basa Jérman Tenne hartina lantai pangirik, Basa Inggris den hartina guha, Sanskrit dhánuṣ- (धनुस्) hartina gurun. -Mark hartina wewengkon leuweung atawa wewengkon pawatesan, meureun lantaran wawatesan jeung leuweung di kidul Kaharyapatihan Schleswig,[7] kawas -mark dina Finnmark, Telemark, jeung Dithmarschen.[8]

Sababaraha déskripsi awal ngeunaan asal kecap 'Denmark', ditepungan dina Chronicon Lethrense(abad ka-12), Sven Aggesen (ahir abad ka-12), Saxo Grammaticus (awal abad ka-13), jeung Balada Eric (patengahan abad ka-15). Chronicon Lethrense nerangkeun yén wanci Kaisar Romawi, Augustus, ngalawan Dénmark di jaman Dawud. Dénmark waktos éta kawangun ti tujuh wewengkon Jutlandia, Fyn, Sjælland, Møn, Falster, Lolland, jeung Skåne nu dipingpin ku Raja Ypper ti Uppsala. Anjeunna kagungan tilu putra, Nori, Østen, jeung Dan. Dan dipilih pikeun mingpin Sjælland, Møn, Falster, jeung Lolland, nu kawanoh katelah wewengkon Videslev. Wanci urang Jutlandia ngalawan Kaisar Augustus, maranéhna ménta Dan sangkan ngabantuan maranéhna. Saenggeus meunang, Dan diistrénan jadi raja Jutlandia, Fyn, Videslev, jeung Skåne. Hiji déwan mutuskeun ngaranan nagri ngahiji ieu "Danmark" (Dania) ti jenengan raja anyar maranéhna, Dan. Saur sajarawan Jordanes[9] Dani di "Asal bangsa Deed ti Goth" ti taun 551 kira-kira minangka taun awal disebutna urang Dénmark.[10] Struktur tatahanan Danevirke diwangun dina sababaraha tahap ti abad ka-3 salajengna, jeung ukuran leutik usaha konstruksi éta dina 737 disumbangkeun sangkan ayana Raja Dénmark.[11]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Dénmark.

Prasajarah[édit | sunting sumber]

Hankehøj, ku Thomas Lundbye. Hiji pasir di Dénmark. Perhatoskeun karakter glasial ti dataran, jeung di tengah aya gundukan makam ti pupuhu séké purba.

Dumasar kana pamanggihan arkéologis di Dénmark, kalacak banda arkéologis dina Periode Antarglasial Eem ti 130.000-110.000 SM.[12]Dénmark geus miboga populasi ti kira-kira 12.500 SM, jeung tatanén geus aya ti 3.900 SM.[13] Jaman Perunggu Nordik (1.800-600 SM) di Dénmark ditandaan ku gundukan makam, nu ningggalan loba pamanggihan, kaasup lur (tarompét purba tampa liang) jeung karéta tempur surya Trundholm.

Lur perunggu, dipanggih di Brudevælte Mose, kalér Lynge di Sjælland Kalér.[14]
Arca karéta tempur surya Trundholm.

Dina Zaman Beusi Pra-Romawi (500 SM - 1 M), populasi asli mimiti migrasi ka kidul, sanaos[13] urang Dénmark kahiji datang antara Jaman Beusi Pra-Romawi jeung Jaman Beusi Gérmania[15] di Jaman Beusi Romawi (1-400 M). Propinsi Romawi miara jalur dagang jeung hubungan jeung séké-séké asli di Dénmark, dibuktian ku dipanggihna koin Romawi di Dénmark. Bukti pangaruh budaya Kelt nu kiat, kalacak ti periode ieu di Dénmark jeung raloba bagian Éropa Kalér-Kulon, jeung mangrupa bukti nu ngadukung kana pamanggihan katél Gundestrup.

Populasi Dénmark kahiji datang ti beulah wétan Kapuloan Denmark (Sjælland) jeung Skåne. Maranéhna ngagunakeun basa Jérmanik Kalér kuna. Saur para sajarawan[saha?][rujukan?], saméméh maranéhna daratang, sabagian loba Jutlandia jeung kapuloan di sakitarna dicicingan ku séké Jutlandia, katurunan populasi nu dikenal ti sumber-sumber sajarah kuna (sapertos Tacitus jeung Ptolemeus). Sabagian loba urang Jutlandia dikenal salaku urang Angle jeung urang Sakson. Maranéhna teras diundang Inggris salaku prajurit bayaran ku Raja Britonia nu namina Vortigern jeung dibéré wewengkon tenggara ti Kent, nya éta Pulo Wight, jeung nyaricing di ditu. Teras budaya maranéhna kaserep atawa leungit ku sabab invasi Angle jeung Saxon, nu ngawangun Anglo-Saxon. Populasi Jutlandia nu nyésa ngaasimilasi jeung séké Dane.

Jaman Viking[édit | sunting sumber]

Rékonstruksi hiji kapal Viking

Antara abad ka-8 nepi ka 10, bangsa Dénmark katelah minangka Viking. Sasarengan jeung urang Norwégia jeung Swédia, maranéhna ngajajah, balap, jeung ngadagang dina sakabéh bagian Éropa. Kahiji kalina panjajah Viking nepungan Islandia liwat kacilakaan dina abad ka-9, liwat jalur Kapuloan Faroe (Føroyar) jeung ahirna nepungan "vinland" (taneuh anggur) nu ayeuna kakenal salaku New Foundland. Dina sababaraha wanci, bangsa Viking ogé nalukan bagian Inggris, anu kakenal ngaranna Danelaw, Irlandia, jeung Perancis, méré ngaran ka bagian Normandia di Perancis. Kawas nu diécéskeun ku batu Jelling, bangsa Dénmark ngahiji jeung dikristenan kira-kira dina taun 965 ku Harald Bluetooth, raja Dénmark kadua nu diakuan.[16]

Dénmark Abad Tetengahan[édit | sunting sumber]

Langkung jaman ieu, raja Dénmark ngawasaan Skåneland (Skåne, Halland, jeung Blekinge), Éstonia Dénmark, kawas kadipaten Schleswig jeung Holstein di Jérman kalér. Dina 1397, Dénmark asup kana Himpunan Kalmar kalawan Norwégia jeung Swédia-Finlandia. Mangrupa himpunan sababaraha nagara-nagara Skandinavia nu ngajaga perkawis nagri masing-masing, jeung lumangsung nepi ka Swédia ngagedur dina 1523. Réformasi Protéstan datang di Skandinavia dina période 1530-an, jeung mimilu ogé perang sadulur Konfrontasi Pangéran, Dénmark asup Lutheranisme dina taun 1536. Teras dina taun éta, Dénmark ngahiji jeung Norwégia ogé koloni-koloni maranéhna.

Sajarah Modérn[édit | sunting sumber]

Skåneland dipasihan ka Swédia dina Pajangjian Roskilde dina 1658 jeung kahijian Dénmark-Norwégia bubar kalawan Pajangjian Kiel dina taun 1814, wanci Norwégia asup kana kahijian nu anyar jeung Swédia, nu lumangsung nepi ka taun 1905. Dénmark ngajaga koloni di Islandia, Kapuloan Faroe (Foroyar) jeung Gronland. Misah ti koloni Nordik, Dénmark ngawasaan India Dénmark (Tranquebar di India) ti taun 1620 nepi ka taun 1869, Basisir Emas Dénmark (Ghana) ti 1658 nepi ka taun 1850, jeung Hindia Kulon Dénmark (Kapuloan Virgin Amérika Sarikat) ti 1671 nepi ka 1917.

Den Grundlovgivende Rigsforsamling (Bapa pawangun konstitusi Dénmark), lukisan 1860-1864 ku Constantin Hansen.

Gerakan liberal jeung nasional Dénmark lumangsung dina période 1830-an, jeung saenggeus Révolusi 1848 Éropa Dénmark jadi monarki konstitusional dina kaping 5 Juni 1849.

Saenggeus Perang Schleswig Kadua (basa Dénmark: Slesvig) dina taun 1864, Dénmark dipaksa pikeun masihan Schleswig-Holstein ka Prusia. Saenggeus kajadian ieu, Dénmark milih jadi nétral, akibatna Dénmark tetep nétral dina Perang Dunya I. Saenggeus éléhna Jérman, Versailles ngajukeun sangkan mulangkeun Schelswig-Holstein—nu waktos éta bagian ti Jérman—ka Dénmark. Sieun ku iredentisme, Dénmark nolak mikirkeun balikna wewengkon éta jeung keukeuh kana plébisit nu kakait jeung balikna Schleswig. Kadua Plébisit Schleswig jadi nungturut dina kaping 10 Fébruari jeung 14 Maret. Dina kaping 10 Juli 1920, saenggeus plébisit jeung ditandatangananna ku raja dina 9 Juli di dokumén panghujuan deui, Schleswig Kalér (Sønderjylland) dibéré ka Dénmark. Dinten panghijian éta (Genforeningsdag) diélingan dina kaping 15 Juni tiap taun di Valdemarsdag.

Sanajan nétral, Dénmark ditarajang ku Jérman (Operasi Weserübung), dina kaping 9 April 1940. Sanajan dibéré kakawasaan mandiri (nu réngsé dina taun 1943, lantaran gerakan lalawan nu muncak), Dénmark tetep dijajah ku cara militér dina PD II. Akibat simpati Dénmark ka Sakutu kacida kiat; 1.900 pulisi Dénmark ditahan Géstapo jeung kalawan kakawal dikirim pikeun diinternir di Buchenwald. Dina perang, Islandia mroklamasikeun kamerdékaan jeung dina taun 1948 Kapuloan Faroe mibanda kakawasaan dina nagri. Saenggeus perang, Dénmark jadi salah sahiji anggota pawangun Sarikat Bangsa-Bangsa jeung NATO jeung dina taun 1973, ngagabung ka Masarakat Ékonomi Éropa (nu engké jadi, Uni Éropa). Dina taun 1979, Greenland mibanda kakawasaan dina nagri.

Politik[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Politik di Dénmark.

Dénmark mangrupakeun monarki pangkolotna nu masih lumangsung di buana Éropa. Dina 1849, minangka monarki konstitusional kalawan diadopsina konstitusi nu anyar. Pamingpinna resmina mangrupa pupuhu nagara, lalaku nu sipatna sérémonial, ti kakawasaan éksekutif, nu dilaksanakeun ku raja atawa ratu, dilaksanakeun langkung kabinét menteri, jeung PM nu ngagunakeun prinsip primus inter pares. Kakawasaan législatif dipasihan ka monarki jeung parlemén Dénmark, diwanoh salaku Folketing, nu diwangun ti (teu leuwih ti) 179 anggota. Kakawasaan yudisial aya dina pangadilan.

Pamilu parlemén kedah dilaksanakeun minimal tiap 4 taun; nanging PM bisa maréntah sangkan dilaksanakeun leuwih awal. Upami Parlemén ngayakeun mosi teu percaya kana PM jadina pamaréntahan eureun.

Dénmark ngagunakeun hak pilih universal dina sakabéh perkawis, awéwé dianggap sami jeung lalaki dumasar hukum Dénmark (nanging aranjeunna teu teu diwajibkeun ngalaksanakeun wajib militér).

Hukuman maot dihupus di Dénmark dina 1930. Diterapkeun singket saenggeus Perang Dunya II, ku raloba masarakat. 46 urang dihukum maot ku sabab kajahatan perang, saenggeus hukuman mati teu diterapkeun dina sababaraha taun. Dina 1978 ahirna dihupus deui. Dumasar kana hukum Dénmark, éta téh ilégal ngékstradisi warga nagarana ka nagri di mana maranéhn bakal dihukum maot.

Géografi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Géografi Dénmark.
Peta Dénmark

Wawatesan Dénmark jeung Jérman nya éta panjangna 68 km jeung dikurilingan 7.314 km garis basisir. Legana 43.094 km2. Ti taun 2000, Dénmark geus kahubung jeung Swédia kidul ku Rawayan Øresund.

Titik pangkalérna di Dénmark nya éta Skagen (basisir kalér Skaw) di 57° 45' 7" lintang kalér, pangkidulna nya éta Gedser (bagian ti Falster kidul) 54° 33' 35" lintang kalér, pangkulonna nyaéta Blåvandshuk di 8° 4' 22" bujur kalér, jeung pangwétanna nya éta Østerskær di 15° 11' 55" bujur wétan, nya éta di kapuloan Ertholmene 18 km di wétan laut Bornholm. Jarak titik kulon ka wétan nya éta 452 km, ti kalér ka kidul nya éta 368 km.

Dénmark kawangun ti samenanjung Jutlandia (Jylland) jeung 443 pulo nu boga ngaran (total 1.419 pulo nu legana leuwih ti 100 m²)[17]. Ti sakabéhna, 367 aya populasina[18]. Pulo panggedéna Sjælland (Zealand) jeung Funen (Fyn). Pulo Bornholm aya di beulah wétan, di Laut Baltik. Raloba pulo garedé ieu kahubung jeung rawayan: Rawayab Øresund ngubungkeun Sjaelland jeung Swédia, Rawayan Sabuk Gedé ngubungkeun Funen jeung Sjælland, jeung Rawayan Sabuk Leutik ngubungkeun Jutlandia jeung Funen. Kapal féri atawa penerbangan leutik (penerbangan kalawan beurat maksimalna 12.500 pound) ngubungkeunnana ka pulo nu leuwih leutik.

Nagara ieu datar kalawan saeutik élévasi, rarata 31 m di luhureun laut. Titik alam pangluhurna nya éta Møllehøj (170,86 m). Pasir nu séjén di kulon daya Århus nyaéta Yding Skovhøj (170.77 m) jeung Ejer Bavnehøj (170.35 m).[19] Aréal dina lautna nya éta: Dénmark wétan (210 km2); Dénmark kulon (490 km2).

Garis basisir Dénmark nya éta 7.314 km. teu aya patempatan di Dénmark nu jarakna ka basisir leuwih ti 52 km[rujukan?]. Lega Dénmark teu bisa diétang ku sabab mindengna érosi laut jeung ditambihna material basisir jeung lantaran proyék réklamasi taneuh ku manusa pikeun ngirangan érosi. Di basisir kidul Jutlandia, pasangna nya éta antara 1 jeung 2 m, jeung garis pasang gerak kaluar asup nepi ka 10 km.

Fitogeografisna, Dénmark (kaasup Taneuh Héjo jeung Kapuloan Faroe) kaasup Kingdom Boreal jeung babagi jeung Artik, Éropa Atlantik, jeung propinsi-propinsi Éropa Tengah di wewengkon Circumboreal. Dumasar kana WWF, wewengkon Dénmark bisa dibagi dua ékorégional: leuweung campuran Atlantik jeung leuweung campuran Baltik. Kapuloan Faroe kaasup padang jukut boréal Kapuloan Faroe, samentawis Taneuh Héjo miboga ékorégional tundra artik luhur Kalaallit Nunaat jeung tundra artik handap Kalaallit Nunaat.

Iklim[édit | sunting sumber]

Iklimna sedeng. Usum tiis teu tiis pisan kalawan suhu rarata di bulan Januari jeung Fébruari 0 °C jeung usum panas nu tiis kalawan suhu rarata di bulan Agustus 15.7 °C[20]. Raratana, Dénmark mibanda 121 dinten mrésipitasi per taun, raratana narima 712 mm per taun, usum gugur mangrupakeun usum pangbaseuhna jeung usum semi mangrupa usum pangsaatna.

Lantaran Dénmark aya di beulah kalér, lamina siang jeung wengi variasi. Dina usum tiis, panonpoé mijil tabuh +09.00 jeung surup tabuh +16.00, ari dina usum panas panonpoé mijil tabuh +02.15 jeung surup tabuh +22.00. Dinten pangpondokna aya kira-kira deukeut Natal (basa Dénmark: jul) biasana wengi Natal. Kecap jól (kecap banda jamak) nunjukkeun yén masarakat pra-Kristen ngarayakeun dinten pangpondokna eujeung loba parayaan. Upaya garéja Katolik pikeun ngagentos ngaranna kana kristmesse teu boga hasil. Parayaan hari pangpanjangna nya éta sankthansaften (sareupna Santo Yohanes).

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. "Immigrants and their descendants and foreign nationals". Statistics Denmark. Dst.dk. 12 Méi 2010. Diakses pada 10 Juni 2010. 
  2. a b c d "Denmark". International Monetary Fund. Diakses pada 21 April 2010. 
  3. UN (2009). Human Development Report 2009. The United Nations. Diakses tanggal 2009-10-05 dari http://hdr.undp.org/en/media/HDR_2009_EN_Complete.pdf.
  4. Kristian Andersen Nyrup, Middelalderstudier Bog IX. Kong Gorms Saga
  5. Indvandrerne i Danmarks historie, Bent Østergaard, Syddansk Universitetsforlag 2007, ISBN 978-87-7674-204-1, pp. 19–24
  6. J. de Vries, Altnordisches etymologisches Wörterbuch, 1962, 73; N.Å. Nielsen, Dansk etymologisk ordbog, 1989, 85–96.
  7. Navneforskning, Københavns Universitet Udvalgte stednavnes betydning.
  8. Asernes æt Daner, Danir, Vandfolket
  9. "The Origin and Deeds of the Goths, chapter III". 22 April 1997. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  10. Busck dan Poulsen (ed.) (2002), h. 19
  11. Michaelsen (2002), pp. 122-123
  12. Michaelsen (2002), p. 19
  13. a b Nielsen, Poul Otto (Mei 2003). "Denmark - History - Prehistory". Denmark. Royal Danish Ministry of Foreign Affairs. Diarsipkan dari yang asli pada 5 Séptémber 2004. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  14. Bronze lurs - The Brudevælte lurs
  15. Busck and Poulsen (ed.) (2002), p. 20.
  16. Lund, Niels (May 2003). "Denmark - History - The Viking Age". Denmark. Royal Danish Ministry of Foreign Affairs. Diarsipkan dari yang asli pada 5 Séptémber 2004. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  17. "Landet i tal  — Største øer". National Survey and Cadastre of Denmark. 23 Séptémber 2003. Diakses pada 14 Juli 2007. 
  18. Statistikbanken.dk/bef4
  19. Dahlgaard, Jørgen. "Danmarks nye top". Aktuel Naturvidenskab 2005 (1).
  20. "Climate Normals for Denmark". Danish Meteorological Institute. Diakses pada 28 Oktober 2008.  Figures, labeled in Danish: First plot is the whole country; Nedbør=Precipitation, Nedbørdage=Precipitation days (>1 mm), (Dag/Middel/Nat)temp.=(Daytime/Average/Nighttime) temperature, Solskinstimer=Hours of sunshine.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu luar[édit | sunting sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Dénmark di Wikivoyage