Islandia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Lýðveldið Ísland
Républik Islandia
Bandéra Islandia Lambang Islandia
Lagu
Lofsöngur
Location of Islandia
Lokasi  Islandia  (héjo kolot)

di buana Éropa  (kulawu kolot)  —  [Legenda]

Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Réykjavík
Basa resmi Islandia
Pamaréntah Républik parleménter
 -  Présidén Ólafur Ragnar Grímsson
 -  Perdana Menteri Jóhanna Sigurðardóttir
Kamerdékaan ti Dénmark 
 -  Kadaulatan 1 Désémber 1918 
 -  Républik 17 Juni 1944 
Aréa
 -  Total 103.000 km² (107)
 mil² 
 -  Cai (%) 2,7
Populasi
 -  Perkiraan  Désémber 2007 312.8721 (172)
 -  Sénsus Oktober 1980 229.187 
 -  Kapadetan 3,1 /km² (222)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2006
 -  Total USD 12,172 milyar (132)
 -  Per kapita 40.277 (2005) (5)
GDP (nominal) Perkiraan 2006
 -  Total USD 16,579 milyar (93)
 -  Per kapita USD 62.976 (4)
HDI (2004) Green Arrow Up Darker.svg 0,960 (luhur) (2)
Mata uang Króna Islandia (ISK)
Zona wanci GMT (UTC+0)
TLD Internét .is
Kode telepon +354
1"Badan Statistik Islandia". Éror: titimangsa teu valid. 

Républik Islandia (basa Islandia: Lýðveldið Ísland) atawa Lemah És nya éta hiji nagara pulo di bagian kalér Samudra Atlantik. Islandia aya kira-kira 300 kilométer di wétaneun Greenland jeung kira-kira 1.000 kilométer ti Norwégia.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Lukisan ti abad ka-19 nu nggambarkeun patepungan Alþingi di Þingvellir.

Jalmi kahiji nu ngadumuk di Islandia nya éta para pendéta Irlandia nu datang dina awal abad ka-9. Dina panengahan abad ka-9, bangsa Viking migrasi jeung ngadumuk di Islandia. Viking kahiji nu ngadumuk di Islandia nya éta Flóki Vilgerðarson. Ingólfur Arnarson, hiji pupuhu séké ti Norwégia, ngadumuk jeung nyicing di barat daya Islandia jeung ngawangun kota Reykjavik.

Kira-kira taun 930-an, para pangawasa Islandia mimiti nyerat konstitusi nagara aranjeunna. Aranjeunna naon nu dingaranan Althing, sarupa parlemén nu kantor pusatna di kota Þingvellir. Islandia bisa disebut salaku nagara démokrasi pangkolotna nu masih aya nepi ka ayeuna.

Dina taun 985, Érik si Beureum diasingkeun ti Islandia sabab geus maéhan hiji jalma. Manéhna terus balayar ka kulon jeung manggihan Greenland. Budakna Érik, Léif Érikson, manggih Amérika dina taun 1000 jeung méré ngaran Vinland. Lalampahan Érik, Léif, jeung pangiringna dicaritakeun dina hiji saga.

Dina taun 1262, Islandia minangka bagian ti Norwégia nepi ka taun 1814, Islandia minangka bagian ti Dénmark. Dina ahir abad ka-19, loba padumuk Islandia nu hayang merdéka ti Dénmark. Dina taun 1918, Islandia miboga kadaulatanna, tapi raja Dénmark masih didaulat minangka raja Islandia.


Wanci Jérman ngawasaan Dénmark dina kaping 9 April 1940, Althing netepkeun yén Islandia téh pibanda rahayat Islandia. Tapi, maranéhna masih heunteu ngadéklarasikeun kamerdékaan waktos éta. Pasukan Inggris jeung engkéna Amérika Sarikat boga inisiatif pikeun ngawasaan Islandia sangkan heunteu ditarajangan ku Jérman. Dina taun 1944, Islandia ahirnya ngadéklarasikeun kamerdékaanna.

Saenggeus Perang Dunya II, Islandia minangka anggota NATO, tapi heunteu jadi anggota Uni Éropa. Antara taun 1958 nepi ka 1976, aya tilu kali papaséaan paham antara Islandia jeung Inggris ngeunaan saha nu boga hak nyokot lauk kod ti cai sakurilingeun Islandia. Peperangan éta disebut Perang Kod. Teu aya korban dina perang éta. Dina taun 1980, Vigdís Finnbogadóttir kapilih jadi présidén. Anjeunna mangrupakeun présidén awéwé nu kahiji di Islandia.

Kota-Kota Penting[édit | sunting sumber]

Réykjavik nya éta ibu kota Islandia jeung miboga peran penting salaku kota palabuan. Kota-kota penting nu séjén contona Akureyri, Kópavogur, Hafnarfjördhur, Keflavík, jeung Vestmannaeyjar.

Démografi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Démografi Islandia.

Padumuk Islandia[édit | sunting sumber]

Kalobaannana urang Skandinavia. Basa nu dianggo nya éta basa Islandia nu ampir teu robih éjaan jeung tata basana dina 1.000 taun. Urang Islandia malah tiasa maca saga kuna nu nyaritakeun ngeunaan patualangan para Viking tampa sesah nu ngaharti. Ampir sadaya urang Islandia ngagem agama Kristen aliran Lutheran.

Nami Urang Islandia[édit | sunting sumber]

Nami tukang teu kawanoh dina nami Islandia. Urang Islandia nggunakeun patronim, di mana digunakeun ahiran -son lamun lalaki jeung -dóttir lamun awéwé.

Contona, Jón Stefánsson mibanda murangkalih lalaki nu namina Fjalar. Nami ahir Fjalar sanés Stefánsson kawas ramana, tapi Fjalar Jónsson nu hartina Fjalar, murangkalih lalaki ti Jón. Perkawis nu sarua aya kana wanita. Lamun Jón Stefánsson mibanda murangkalih awéwé nu namina Kata, teras nami tukangna sanés Stefánsson, tapi Jónsdóttir. Dina hal ieu, harti namina Kata, murangkalih awéwé ti Jón.

Dina sababaraha kasu, nami tukang hiji jalma bisa ogé dicandak lain ti nami kahiji sepuhna, tapi ti nami kaduana. COntona, upami Jón téh murangkalih lalaki ti Hjálmar Örn Vilhjálmsson, manéhna bisa dinamian Jón Hjálmarsson (Jón, murangkalih lalaki ti Hjálmar) atanapi Jón Arnarson (Jón murangkalih lalaki ti Örn). Alesanna nya éta yén sepuhna leuwih daék murangkalihna dipanggil kalawan nami tengah, lain nami kahiji.

Kalobaannana nami tukang urang Islandia mawa panjenengan ramana, tapi dina kasus katangtu, panjenengan indungna nu dainggo lantaran rupa-rupa alesan. Kadang murangkalihna atawa indungna arék megatkeun ikatan sosial dengan si ayah. Sababaraha féminis ngagunakeun hal ieu sabagé hiji nyanyataan sosial. Sabagian nu lian milih ukur lantaran masalah selera. Konvénsinya tetep sarua. Fjalar, murangkalih lalakina Bryndís, bakal ngagunakeun nami lengkep Fjalar Bryndísarson nu hartina Fjalar, murangkalih lalaki ti Bryndís.

Di raloba nagara, jalma nyauran jalma nu lian nganggo nami tukangna, tapi di Islandia urang nyauran urang lian nganggo nami payunna. Contona wanci ngomongkeun ngeunaan Halldór Ásgrímsson, aranjeunna heunteu nyebutna Ásgrímsson, tapi Halldór.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Islandia di Wikivoyage





Gnome-globe.svg