Sireum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sireum mangrupa salah sahiji kelompok insékta nu nanjung terus hirup nepi ka kiwari, matak ngirut para élmuwan ku sabab kaasup insékta sosial sarta boga bentuk koloni atawa sayang nu ditata rapih, nu anggotana bisa nepi ka jutaan. Koloni sireum nu invasif kadang réréongan ngawangun superkoloni nu ngawengku wilayah nu cukup lega. Koloni sireum kadang digambarkeun salaku superorganisme, sabab némbongkeun ketakna salaku hiji éntitas.[1]


Sireum ngeusi ampir sakuliah Marcapada nu jumlahna bisa nepi ka 15% ti jumlah biomassa sato di leuweung hujan tropis. Nepi ka 2006, geus kacatet 11.844 spésiés sireum, nu lolobana hirup di wewengkon iklim panas.

Morfologi[édit | édit sumber]

Sireum dibédakeun ti insékta lianna ku ayana gabungan anténeu nu bingkeng, ruas abdominal kadua, kasta pagawé nu teu jangjangan, sarta ayana kelenjar métapleural.

Sireum bisa ngarasakeun ku organ nu aya dina anténeuna nu bisa ngarasakeun féromon (sanyawa tunggal) jeung hidrokarbon dina lapisan luar awakna. Nu panungtungan ieu penting pikeun ngabédakeun baturna sasayang jeung nu henteu. Sireum ogé bisa komunikasi ku ngaluarkeun sora dina bentuk geteran nu ngarambat dina taneuh.

Sireum ratu jeung nu jalu biasana mah jangjangan, tapi bisa ogé henteu.

Kamekaran[édit | édit sumber]

Sireum téh holométabolus sarta mekar ngalaman métamorfosis sampurna, ngaliwatan hambalan larval jeung pupal saméméh jadi sawawa. Dina hambalan larva mah sireum téh éstuning teu walakaya antukna kudu diurus ku nu sawawa. Béda antara ratu jeung pagawé sarta antarkasta, mun aya, ditangtukeun ku parab dina hambalan larvana.

Komunikasi jeung paripolah[édit | édit sumber]

'Sireum akrobat' (Crematogaster - Myrmecidinae)

Komunikasi sireum utamana lumangsung ngaliwatan bahan kimia nu katelah féromon. Ku sabab sireum mah lolobana méakkeun waktuna dina taneuh, iber kimiawi ieu leuwih ngembang batan di Hymenopterans lianna. Ku kituna, misalna, nalika hiji sireum manggih hakaneun di hiji tempat, nya manéhna téh terus mulang bari ninggalkeun tapak kimiawi sapanjang jalanna, antukna balad-baladna bisa datang nuturkeun éta tapak nyokot hakaneunana. Nalika balik bari mawa hakaneun téa, si sireum téh bakal nambahkeun tapak kimiawi téa, antukna baladna nu ti sayang bisa nuturkeun éta tapak salajengna. Kitu jeung kitu nepi ka hakaneun téa béak, sedengkeun tapak kimiawina lila-lila bakal leungit (mun teu ditambahan deui).

Sireum nyerang atawa ngajaga dirina ku nyoco jeung, pikeun sababaraha spésiés, nyuntikkeun bahan kimia, misalna asam format.

Gawé bareng jeung kompetisi[édit | édit sumber]

Sireum keur niungan liangna, sangkan cai teu asup ka sayangna nalika hujan.

Aya sababaraha spésiés sireum nu sok nyerang sarta ngawasa koloni spésiés sireum lianna. Aya ogé nu nyerang koloni lian pikeun maling endog jeung bilatungna pikeun hakaneun atawa dikukut salaku kuli.

Tipeu[édit | édit sumber]

Sireum jeung spésiés séjén[édit | édit sumber]

Manusa jeung sireum[édit | édit sumber]

Sireum mangpaat pikeun ngagebah insékta nu sok ganggu sarta pikeun aérasi taneuh. Lian ti mangpaatna, sireum ogé mindeng ngaganggu mun geus asup ka imah, buruan, patamanan, jeung lapangan. Datangna sireum bisa dicegah ku, misalna, kapur biasa nu megatkeun bau féromon, atawa kapur insékta nu bisa maéhan rupa-rupa insékta.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.