Ernest Hemingway

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ernest Hemingway, 1923
Ernest Hemingway Signature.svg

Lahir 21 Juli 1899 di Oak Park, Illionis, Amérika Serikat.[1] Ngamimitian karirna minangka panulis dina surat kabar The Kansas City Star dina taun 1917.[1] Mangsa Perang Dunya Kahiji jadi tanaga sukaréla nyupiran ambulan. [1] Nalika mancén tugas babarengan jeung satuan infanteri inyana ngalaman tatu tur dipulangkeun ka Amérika Serikat. [1] Dina taun 1921 Hemingway mukim di Paris. [1] Di dinya ngagabung jeung kelompok pangarang Amérika anu mukim di Paris mangsa harita, saperti Gertrude Stein, F. Scott Fitzgerald, Ezra Pound, jeung Ford Madox Ford. [1] Buku Hemingway nu munggaran Three Stories and Ten Poems, medal di Paris taun 1923. [1] Ieu buku dituturkeun ku buku kumpulan carita pondok anu judulna Our Time, medal taun 1925, sakaligus jadi tuturus kiprahna minangka pangarang Amérika. [1] Ku medalna The Sun Also Rises dina taun 1926, Hemingway lain baé ngagedurkeun sora 'lost generation' tapi ogé salaku pangarang kawentar dina jamanna. [1] Buku Hemingway anu pangpopulérna The Old Man and the Sea meunang panghargaan Pulitzer Prize dina taun 1953. [1] Dina taun 1954 inyana meunang panghargaan Nobel Prize in Literature. [1] Ngaliwatan karya-karyana, Hemingway kacida mangaruhan kana kamekaran wangun carpon jeung fiksi di Amérika Serikat tur dipunjung-puja ku masarakat Amérika tinimbang pangarang-pangarang lianna. [1] Dina tanggal 2 Juli 1961 Hemingway tiwas lantaran maéhan manéh di Ketchum, Idaho. [1]


Papatah Hemingway keur Pangarang Ngora[édit | sunting sumber]

Teu aya hiji pangarang nu diajar ngarang kasusastraan tina buku pelajaran. [2] Kuring teu kungsi kursus ngarang, kuring diajar ngarang sacara wajar tur hasil usaha sorangan. [2] Teu kungsi kuring suksés sacara kabeneran, kuring suksés lantaran usaha satékah polah tur junun. [2] Tulisan téh kudu mangrupa hasil tina gawé fakta anu dirungrum ku trésna asih, lamun teu kitu, éta lain tulisan. [2] Hal anu panghéséna dina diri pangarang nyaéta mertahankeun daya hirup jeung kasuburan daya hayalna. [2] Kuring moal asa-asa ngajejeléh, ngalawan unggal pangarang anu hasil gawéna satengah-satengah. [2] Pangarang anu hadé weruh kumaha carana ngumpulkeun bahan-bahan tina tumpukan-tumpukan informasi. [2] Kalolobaanana pangarang gagal lantaran samata-mata kakurangan sarat anu kudu aya dina diri pangarang sajati, heureut pisan tilikan arinyana, upama dibandingkeun jeung tingkat atikanana. [2] Buku-buku anu hadé téh anu basajan, langsung keuna kana mamaras, tur henteu inteléktualistis. [2]


Nulis.jpg



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m Hemingway, Ernest. 1997. Pertempuran Penghabisan (ditarjamahkeun tina A Farewell to Arms ku Toto Sudarto Bachtiar). Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. ISBN 979-461-272-3.
  2. a b c d e f g h i Hemingway, Ernest . 1980. Ernest Hemingway, Nasihat untuk Penulis Muda serta Karya Sastranya (ditarjamahkeun ku Kelana sastra Derita jeung Ben Handaya). Yogyakarta: Karya Kencana.