Carita pondok

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Carita pondok atawa mindeng disingkat minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.

Carita pondok asalna tina anekdot, hiji kaayaan anu digambarkan singget anu kalawan gancang anjog kana tujuanana, paralel jeung talari carita lisan. Kalawan mecenghulna novel anu realistis, carita pondok mekar minangka hiji miniatur, contona dina carita-carita karya E.T.A. Hoffmann sarta Anton Chekhov.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Asal-usul[édit | sunting sumber]

Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.

Fabel, anu umumna mangrupa carita rahayat kalawan talatah-talatah moral di jerona, cenah dianggap ku sajarahwan Yunani Herodotus minangka hasil timuan saurang budak Yunani anu ngaranna Aesop dina abad ka-6 SM (sanajan aya carita-carita séjén anu asalna ti bangsa-bangsa séjén anu dianggap asalna ti Aesop). Fabel-fabel kuna ieu kiwari dipikawanoh minangka Fabel Aesop. Tapi aya ogé anu mikeun definisi séjén patali jeung istilah fabel. Fabel, dina hasanah Sastra Indonésia remen ogé, diartikeun minangka carita ngeunaan sato. Carita fabel anu populer contona Carita Si Peucang, jeung sajabana.

Saterusna, jenis carita mekar ngawengku sage, mite, sarta legenda. Sage mangrupa carita kapahlawanan. Contona Joko Dolog. Mite leuwih menyaran dina carita anu patali jeung kapercayaan balaréa satempat ngeunaan hiji hal. Contona Nyi Roro Kidul. Sedengkeun legenda ngandung harti minangka hiji carita ngeunaan asal usul lumangsungna hiji tempat. Contona Banyuwangi.

Wangun kuna séjénna tina carita pondok, nyaéta anekdot, populer dina mangsa Kakaisaran Romawi. Anekdot boga fungsi kawas paumpamaan, hiji carita realistis anu singget, anu ngawengku hiji talatah atawa tujuan. Réa tina anekdot Romawi anu aya keneh kiwari dikumpulkeun dina Gesta Romanorum dina abad ke-13 atawa 14. Anekdot tetep populer di Éropa nepi ka abad ke-18, sedengkeun surat-surat anekdot eusina fiksi karya Sir Roger de Coverley dipedar.

Di Éropa, talari nyaritakeun lisan mimiti ngembang jadi carita-carita nu ditulis dina munggaran abad ka-14, utamana pisan mah kalawan medalna karya Geoffrey Chaucer Canterbury Tales sarta karya Giovanni Boccaccio Decameron. Kadua buku ieu disusun tina carita-carita pondok anu misah (ti anekdot lucu tepi ka fiksi sastra anu dikarang kalawan hade), anu ditempatkeun di jero carita naratif anu leuwih badag (hiji carita carangka), sanajan pakakas carita carangka henteu diadopsi ku kabéh nu nulis. Dina ahir abad ka-16, sawaréh tina carita-carita pondok anu pangpopulerna di Éropa nyaéta "novella" poek anu tragis karya Matteo Bandello (hususna dina tarjamahan Perancisna). Dina mangsa Renaisan, istilah novella dipaké pikeun ngarujuk dina carita-carita pondok.

Dina panengah abad ka-17 di Perancis lumangsung kamekaran novel pondok anu diperhalus, "nouvelle", ku pengarang-pengarang kawas Madame de Lafayette. Dina 1690-an, dongeng-dongeng tradisional mimiti dipedar (salah sahiji ti kumpulan anu pangkawentarna nyaéta karya Charles Perrault). Mecenghulna tarjamahan modern kahiji Sarébu Hiji Peuting karya Antoine Galland (ti 1704; tarjamahan séjénna mecenghul dina 1710–12) ngabalukarkeun pangaruh anu hébat kana carita-carita pondok Éropa karya Voltaire, Diderot sarta lian-liana dina abad ka-18.

Carita-carita pondok moderen[édit | sunting sumber]

Carita-carita pondok modern mecenghul minangka genrena sorangan dina mimiti abad ks-19. Conto-conto munggaran tina kumpulan carita pondok kaasup Dongeng-dongeng Grimm Duduluran (1824–1826), Evenings on a Farm Near Dikanka (1831-1832) karya Nikolai Gogol, Tales of the Grotesque and Arabesque (1836), karya Edgar Allan Poe sarta Twice Told Tales (1842) karya Nathaniel Hawthorne. Dina ahir abad ka-19, kamekaran majalah sarta jurnal ngababarkeun paménta pasar anu kuat kana fiksi pondok anu panjangna antara 3.000 nepi ka 15.000 kecap. Di antara carita-carita pondok kawentar anu mecenghul dina période ieu téh "Kamar No. 6" karya Anton Chekhov.

Dina panengah kahiji abad ka-20, sajumlah majalah kasohor, kawas The Atlantic Monthly, Scribner's, sarta The Saturday Evening Post, kabéhanana medar carita pondok dina saban terbitanana. Paménta kana carita-carita pondok anu mutuan kacida gedena, sarta bayaran pikeun carita-carita éta kacida luhurna, ku kituna F. Scott Fitzgerald deudeuieun nulis carita pondok pikeun ngalunasan sagala rupa hutangna.

Paménta kana carita-carita pondok ku majalah ngahontal penclutna dina panengah abad ka-20, nalika dina majalah 1952 Life medar carita pondok panjang Ernest Hemingway anu panjang (atawa novella) Lalaki Kolot sarta Laut. Terbitan anu ngamuat carita ieu payu 5.300.000 eksemplar ngan dina dua poé.

Saprak éta, jumlah majalah komérsial anu medar carita-carita pondok geus ngurangan, sanajan sawatara majalah kawentar kawas The New Yorker terus ngamuatna. Majalah sastra ogé mere tempat keur carita-carita pondok. Sajaba ti éta, carita-carita pondok kadieunakeun geus manggihan ambekan anyar ngaliwatan penerbitan online. Carita pondok bisa kapanggih dina majalah online, dina kumpulan-kumpulan anu diorganisir nurutkeun pengarangnya atawa témana, sarta dina blog.

Unsur sarta ciri has[édit | sunting sumber]

Carita pondok condong kurang kompleks dibandingkeun jeung novel. Carita pondok biasana museurkeun perhatian dina hiji kajadian, miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah inohong anu kawates, tur ngawengku jangka waktu anu singget.

Dina wangun-wangun fiksi anu leuwih panjang, caritana condong ngamuat unsur-unsur inti nu tangtu tina struktur dramatis: eksposisi (panganteur setting, kaayaan sarta inohong utamana), komplikasi (kajadian di jero carita anu ngawanohkeun konflik sarta inohong utama); komplikasi (kajadian di jero carita anu ngawanohkeun konflik); aksi anu ningkat, krisis (waktu anu nangtukeun pikeun si inohong utama sarta komitmen maranéhanana kana hiji léngkah); klimaks (titik minat pangluhurna dina harti konflik sarta titik carita anu ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna); pungkasan (bagian carita di mana konflik direngsekeun); sarta moralna.

Alatan pondok, carita-carita pondok bisa ngamuat pola ieu atawa bisa oge henteu. Contona, carita-carita pondok modern ngan sakali-kali ngandung eksposisi. Anu leuwih umum nyaéta mimiti anu dumadakan, jeung carita anu dimimitian di tengah aksi. Kawas dina carita-carita anu leuwih panjang, plot ti carita pondok ogé ngandung klimaks, atawa titik balik. Tapi sok sanajan kitu, ahir tina karéréaan carita pondok biasana dumadakan sarta kabuka sarta bisa ngandung (atawa bisa ogé henteu) talatah moral atawa palajaran praktis.

Kawas réa wangun seni naon wae oge, ciri has tina hiji carita pondok beda-beda nurutkeun pangarangna.

Unsur Intrinsik[édit | sunting sumber]

unsur intrinsik nyaeta unsur nu ngabangun karya eta sorangan. unsur-unsur intrinsik carpon nyaeta:

  • Tema nyaeta ide pokok hiji carita, nu diyakini jeung dijadikeun sumber carita.
  • Latar(setting) nyaeta tempat, waktu, suasana nu aya dina carita.Hiji carita kudu jelas dimana tempatna, iraha kajadianna jeung suasana keur carita.
  • Galur(Plot) nyaeta susunan kajadian nu ngabentuk hiji carita

Galur dibagi jadi 3 nyaeta:

  1. Galur maju nyaeta rangkaian kajadian nu urutanna sesuai jeung urutan waktu kajadian atawa nu gerakna kaharep terus.
  2. Galur mundur nyaeta rangkaian kajadian nu susunanna teu sesuai jeung urutan waktu kejadian atawa carita nu gerakna mundur(flashback).
  3. Galur Campuran nyaeta campuran antara galur maju jeung mundur.

Galur boga sababaraha tahap:

  1. Panganteur: bagian carita mangrupa lukisan, waktu, tempat atawa kajadian nu mangrupakeun mimitina carita.
  2. Penampilan masalah: bagian nu nyaritakeun masalah nu keur dihadapan ku palaku carita.
  3. Puncak kategangan/klimaks: masalah dina carita nu geus gawat pisan, konflikna keur memuncak.
  4. Kategangan nurun/antiklimaks: malasah tos bisa diatasi jeung kekhawatiran mulai leungit.
  5. Resolusi: masalah geus bisa di atasi atawa di bereskeun.
  • Perwatakan

ngagambarkeun watak atawa karakter tokoh nu bisa ditingali dina 3 segi nyaeta:

  1. Dialog tokoh
  2. Penjelasan tokoh
  3. Penggambaran fisik tokoh
  • Tokoh nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun dina carita jeung loba nyandak peran dina carita. tokoh dibagi jadi 3 nyaeta:
  1. Protagonis:tokoh utama
  2. Antagonis: tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama
  3. Tritagonis:Penengah dina tokoh utama jeung tokoh lawan
  • Amanat nyaeta pesan atawa nasehat nu rek disampaikeun pangarang lewat carita.

Unsur Ekstrinsik[édit | sunting sumber]

unsur ekstrinsik nyaeta unsur-unsur nu aya diluar karya sastra, tapi sacara teu langsung ngapengaruhan bangunan atawa sistem organisme karya sastra. unsur-unsurna nyaeta:

  • Nilai-nilai dina carita(agama,budaya,politik,ekonomi)
  • latar belakang kahirupan pangarang
  • situasi sosial keur carita diciptakeun

Ukuran[édit | sunting sumber]

Netepkeun naon anu misahkeun carita pondok ti format fiksi séjénna anu leuwih panjang nyaéta hiji hal anu problematis. Hiji definisi klasik tina carita pondok nyaeta yén manéhna kudu bisa dibaca dina waktu sakali diuk (hal ieu utamana pisan diajukeun dina esai Edgar Allan Poe "The Philosophy of Composition" dina 1846). Definisi-definisi séjénna nyebutkeun wates panjang fiksi tina jumlah kecap-kecapna, nyaéta 7.500 kecap. Dina pamakéan kontemporer, istilah carita pondok umumna ngarujuk kana karya fiksi anu panjangna henteu leuwih ti 20.000 kecap sarta henteu kurang ti 1.000 kecap.

Carita anu pondokna kurang ti 1.000 kecap kagolong kana genre fiksi kilat (flash fiction). Fiksi anu ngaleuwihan wates maksimum parameter carita pondok digolongkeun kana novelette, novella, atawa novel.

Genre[édit | sunting sumber]

Carita pondok umumna nyaéta hiji wangun karangan fiksi, sarta anu pangréana dipedar nyaéta fiksi kawas fiksi ilmiah, fiksi horor, fiksi detektif, jrrd. Carita pondok kiwari ogé ngawengku wangun nonfiksi kawas catetan lalampahan, prosa liris sarta varian-varian pasca modern sarta non-fiksi kawas fikto-kritis atawa jurnalisme anyar.

Carita pondok kawentar[édit | sunting sumber]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Asal-asal séjén[édit | sunting sumber]