Novel

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Novel nya éta karya sastra wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina éta carita.[1][2]Galur caritana leuwih rumit lamun dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu.[2] Novel asalna tina basa Italia ''novella'', dina basa Jerman ''novelle'', sarta di basa Yunani ''novellus'', tuluy asup ka Indonesia jadi novel.[3] Istilah-istilah éta téh hartina sarua nya éta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu pondok teuing.[3] Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén sosial, ajén étnik, ajén hédonik, ajén spirit, ajén koléktif, jeung ajén struktural.[3]

Babandingan novel jeung carpon[édit | sunting sumber]

Novel Carpon
aya konflik batin[4] teu kudu aya[4]
watek palaku digambarkeun detail[4] watek palaku digambarkeun singget[4]
galur carita leuwih rumit[4] galur carita leuwih sederhana[4]
latar leuwih lega jeung waktuna leuwih lila[4] latar jeung waktu kawawatesanan[4]
wangunna leuwih panjang[4] wangunna leuwih pondok[4]
jumlah kecap dina novel minimal 35.000 kecap[4] jumlah kecap dina carpon maksimal 10.000 kecap[4]

Sajarah kamekaran novel sunda[édit | sunting sumber]

Sabada urang Sunda diajar di sakola nu diadegkeun ku pamaréntah Walanda, gelar rupa-rupa karya sastra nu mangrupa pangaruh kulon saperti roman, nu ayeuna disebut novel.[5]Sakapeung éta dua istilah téh dianggap sarua, tapi aya ogé nu nganggap yén éta istilah téh aya bédana.[5]Ayana penerbitan nu harita diadegkeun ku pamaréntah Walanda, Commissie voor de Volkslectuur, nu ayeuna jadi Balé Pustaka, nu diadegkeun dina taun 1908, mangrupa hiji badan nu mantuan hirup huripna pangarang-pangarang jaman harita.[5]karangan-karangan nu diterbitkeunna mangrupa tulisan anu teu papalingpang jeung aturan pamaréntah, nu raket patalina jeung tujuan pamaréntah kolonial.[5]Lian ti Balé Pustaka, aya panerbit swasta saperti Dachlan Bekti jeung M.I Prawirawinata di Bandung nu mantuan nyeuyeuban hirup huripna sastra Sunda.[5]penerbit swasta mah leuwih bébas ngaluarkeun terbitanna.[5]Sabada Indonésia merdeka, novel sunda téh beuki ngeuyeuban, saperti Baruang ka nu Ngarora, Carios Radén Ustama, Ceurik Abdi, jsb.[5]Salian ti novel-novel éta, aya ogé novel-novel anu dicitakna mangrupa buku-buku laleutik, nepi ka hiji judul téh jadi sababaraha jilid. Novel-novel nu kieu téh kaitung laku dijual sabab salian ti bisa ditungtut dibeulina, promosi ngaliwatan radio kacida ngarojongna.[6] Éta buku téh dibaca ku penyiar sarta dijomantarakeun mangrupa dongéng énténg.[6]Lantaran dibacana nyambung sarta sok dipotong palebah nu dianggap ramé ku nu ngadéngékeun, biasana mah nu ngadéngékeun jadi panasaran.[6] Salian ti éta novel-novel nu dianggap ramé ku nu macana biasana leuwih payu.[6] Upama éta buku aya di taman bacaan, nu maca leuwih babari néanganana.[6] ku kituna, dibandingkeun jeung novel nu dianggap ngandung ajén sastra, carita-carita modél kieu mah leuwih dipikawanoh ku masarakat.[6]


Unsur-unsur nu ngawangun novel[édit | sunting sumber]

Téma[édit | sunting sumber]

Téma téh nya éta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.[7]Téma mangrupa unsur penting lantaran bisa nunjukkeun pasualan nu rék ditepikeun ku pangarang dina éta karyana.[7] Téma anu dipilih bisa ngeunaan tangtungan hirup, ajaran agama, adat istiadat, ajaran moral, jeung sajabana.[7]

Galur[édit | sunting sumber]

Galur mangrupa runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita.[7]Pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense.[7] Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi ka réngséna masalah.[7]

Latar[édit | sunting sumber]

Latar atawa sétting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita.[7] Tegesna mangrupa salasahiji dina adegan karangan.[7] Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan.[7]

Palaku[édit | sunting sumber]

Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita.[7]

Amanat[édit | sunting sumber]

Amanat mangrupa pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu hayang ditepikeun panulis kanu maca.[7] Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hayang ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat.[7] Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol.[7] Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.[7]

Papasingan novel[édit | sunting sumber]

Novel bertendens[édit | sunting sumber]

Novel bertendens téh nya éta novel nu miboga tujuan nu tangtu.[7] Misalna dina hiji carita, pangarang némbongkeun akibat nu goréng tina hiji adat atawa kabiasaan, boh masarakat boh individu.[7]

Novel sosial[édit | sunting sumber]

Novel sosial nya éta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan.[7]

Novel sajarah[édit | sunting sumber]

Novel sajarah nya éta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah.[7]

Novel psikologi[édit | sunting sumber]

Novel psikologi nya éta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana.[7]

Novel misteri[édit | sunting sumber]

Novel misteri nya éta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjénna.[7]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Satjadibrata,R.2008.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat
  2. a b Koswara,Dedi.2007.Racikan Sastra.Bandung
  3. a b c (id)http://www.definisionline.com/2010/11/pengertian-novel.html(Diaksés kaping 23 September 2011)
  4. a b c d e f g h i j k l (id) http://www.slideshare.net/buwarnisutopo/3-novel(Diaksés kaping 24 September 2011)
  5. a b c d e f g Ruhaliah.2010.Sajarah Sastra Sunda Modérn.Bandung.kaca 30
  6. a b c d e f Ruhaliah.2010.Sajarah Sastra Sunda Modérn.Bandung.kaca 34
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) http://repository.upi.edu/operator/upload/t_bind_009795_chapter2.pdf(diaksés kaping 25 September 2011)