Féri
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Féri Amsterdam
Féri nyaeta salasahiji wangun kapal keur angkutan jarak deukeut. Féri miboga pancén penting dina sistim pangangkutan keur kalolobaan kota di basisir, nyieun transit langsung di antara dua tujuan kalayan béya nu leuwih saeutik lamun dibandingkeun jeung maké sasak atawa torowongan.
Féri keur nu laleumpang kalayan loba tempat eureunna, kawas di Vénésia, kadang katelah ogé minangka beus cai atawa taksi cai.