Antigén leukosit manusa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
(dipindahkeun ti HLA)
Luncat ka: pituduh, sungsi
Daérah HLA dina kromosom 6

Sistem antigén leukosit manusa (human leukocyte antigen, HLA) nyaéta ngaran lokus-lokus gén anu nyandi kompléx histokompatibilitas mayor (major histocompatibility complex, MHC) di manusa. Super-lokus ieu ngandung loba gén nu tumali jeung fungsi sistem imun manusa. Gorombolan gén ieu ayana di kromosom 6, nyandi protéin panyodor-antigén dina beungeut sél jeung fungsi-fungsi lianna. Gén-gén HLA minangka vérsi manusa gén-gén MHC anu aya di ampir sakabéh vertebrata. Protéin-protéin anu disandi ku gén-gén ieu katelah ogé antigén, dumasar kana asal-usul papanggihanana salaku faktor-faktor dina transplantasi organ. HLA utama téh unsur ésénsial pikeun faktor imun. Kelas anu béda méré fungsi anu béda:

HLA pikeun MHC kelas I (A, B, jeung C) némbongkeun péptida ti jero sél (kaasup péptida ti virus lamun aya). Ieu péptida dihasilkeun tina cernaan protéin di protéasom. Antigén asing ngarangsang sél-T pamaéh (CD8+ atawa sél-T sitotoxik) anu maéhan sél.

HLA pikeun MHC kelas II (DP, DM, DOA, DOB, DQ, jeung DR) nyodorkeun antigén ti luar sél ka limfosit-T. Antigén-antigén ieu ngarangsang ngalobaanana sél T-panulung, anu engkéna bakal ngarangsang sél-B produsén antibodi pikeun ngahasilkeun antibodi anu spésifik. Antigén-diri (self-antigen) diteken ku sél-T suprésor.

HLA pikeun MHC kelas III nyandi komponén sistem komplemén.

HLA boga peran penting dina merangan sasalad, nolak transplantasi organ, jeung merangan kangker.[1] Mutasi dina HLA bisa jadi aya patalina jeung sasalad otoimun (conto: diabétes tipe I). HLA ogé dipatalikeun jeung persépsi bau jalma séjén, pamilihan pasangan.[2]

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Skéma MHC kelas I

Protéin MHC kelas I ngabentuk reséptor fungsional di ampir sakabéh sél anu intian.

Masing-masing aya tilu gén HLA mayor jeung minor:

Ilustrasi molekul HLA-DQ (magenta jeung biru) katut liganna (konéng) 'ngambang' dina mémbran plasma.

Protéin MHC kelas II aya 3 mayor jeung 2 minor. Gén-gén ieu ngabentuk reséptor protéin hétérodimér (αβ) anu husus diéksprésikeun dina beungeut sél panyodor antigén (APC, antigen-presenting cell).

MHC kelas II mayor

  • HLA-DP
    • ranté-α disandi ku lokus HLA-DPA1
    • ranté-β disandi ku lokus HLA-DPB1
  • HLA-DQ
  • HLA-DR
    • ranté-α disandi ku lokus HLA-DRA
    • ranté- disandi ku lokus HLA-DRB1, DRB3, DRB4, jeung DRB5

Protéin MHC kelas II, DM jeung DO, dipaké nalika mrosés antigén internal, ngamuat péptida antigénik nu dihasilkeun tina patogén ka molekul HLA dina APC.

Karageman[édit | sunting sumber]

Éksprési kodominan gén HLA.

Lokus MHC kaasup lokus panyandi anu sacara genetik paling loba ragemna di mamalia, kaasup HLA. Ti salapan lokus anu disebut di luhur, dina unggal lokusna bisa boga leuwih ti salosin alél. Genep lokus mibanda leuwih ti saratus alél anu kapanggih di populasi manusa. Ti anu genep ieu, nu pangeuyeubna nyaéta HLA B jeung HLA DRB1.

Tabél alél varian[édit | sunting sumber]

Jumlah alél varian dina lokus kelas I dumasar kana databasis IMGT-HLA:

MHC kelas I
lokus #[3][4]
Antigén Mayor
HLA A 1,884
HLA B 2,490
HLA C 1,384
Antigén Minor
HLA E 11
HLA F 22
HLA G 49

Jumlah alél varian dina lokus kelas II (DM, DO, DP, DQ, jeung DR):

MHC kelas II
HLA -A1 -B1 -B3 to -B51 Theor. possible
locus #[4] #[4] #[4] combinations
DM- 7 13 91
DO- 12 13 156
DP- 34 155 5,270
DQ- 47 165 7,755
DR- 7 1,094 92 8,302
1DRB3, DRB4, DRB5 have variable presence in humans

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. (1991). "Imaging cytometry by multiparameter fluorescence.". Cytometry 12 (7): 579–96.
  2. (2006). "Mammalian social odours: attraction and individual recognition". Philos Trans R Soc Lond B Biol Sci 361 (1476): 2061–78.
  3. Marsh SG, Albert ED, Bodmer WF, Bontrop RE, Dupont B, Erlich HA, Geraghty DE, Hansen JA, Hurley CK, Mach B, Mayr WR, Parham P, Petersdorf EW, Sasazuki T, Schreuder GM, Strominger JL, Svejgaard A, Terasaki PI, and Trowsdale J. (2005). "Nomenclature for factors of the HLA System, 2004". Tissue Antigens 65 (4): 301–369.
  4. a b c d IMGT/HLA Database

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Harsanyi, Zsolt (1982). "Genetic Prophecy: Beyond the Double Helix".

Tutumbu kaluar[édit | sunting sumber]