Kaséhatan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.
Push-up mangrupakeun salasa hiji tarékah pikeun ngajaga kaséhatan

Kaséhatan nyaéta kaayaan sajahtra tina awak, jiwa, jeung sosial anu ngamumkinkeun sakabéh jalma hirup produktif sacara sosial jeung ékonomis.[1] Miara kaséhatan nyaéta tarékah sasadiaan jeung pangnyegah tina sagala wabah kaséhatan anu merlukeun pamariksaan, pangubaran jeung/atawa pangawulaan kaasup reuneuh jeung kababaran.[2]

Pangajaran kaséhatan nyaéta proses ngabantu hiji jalma, ku ngalakonan sacara sosoranganan atawa sacara babarengan, pikeun nyieun kaputusan dumasar kana nu dipikanyaho ngeunaan perkara-perkara anu mangaruhan kaséhatan pribadina ogé jalma séjén.[3]

Harti anu malah leuwih saderhana diajengkeun ku Larry Green jeung réngrénganna anu nulis yén pangajaran kaséhatan nyaéta campuran pangalaman diajar anu dirarancang pikeun ngagampangkeun adaptasi sukarela kana parilaku anu kondusif pikeun kaséhatan.[3] Data panungtung nojokeun yén kiwari leuwih ti 80 persén rahayat Indonésia henteu mampuh meunangkeun jaminan kaséhatan ti lembaga atawa parusahaan di widang pangurusan kaséhatan, saperti Akses, Taspen, jeung Jamsosték.[4]

Golongan masarakat anu dianggep 'dianaktérékeun' dina perkara jaminan kaséhatan nyaéta maranéhanana tina golongan masarakat leutik jeung tukang dagang.[4] Dina pangawulaan kaséhatan, masalah ieu jadi leuwih jangar, lantaran dina manajemén pangawulaan kaséhatan henteu patula-patali jeung sawatara jinis jalma hungkul, tapi ogé watek anu husus dina pangawulaan kaséhatan éta sorangan.[5]

Kaséhatan Nurutkeun Undang-Undang[édit | sunting sumber]

Dina Undang-Undang anu dipimaksud:[6]

  1. Kaséhatan nyaéta kaayaan sajahtra tina awak, jiwa, jeung sosial anu ngamumkinkeun sakabéh jalma hirup produktif sacara sosial jeung ékonomis.
  2. Usaha kaséhatan nyaéta tiap-tiap kagiatan pikeun miara jeung ngaronjatkeun kaséhatan anu dilakonan ku pamaréntah jeung atawa masarakat.
  3. Tanaga kaséhatan nyaéta tiap-tiap jalma anu ngabdikeun manéh dina widang kaséhatan sarta miboga pangaweruh jeung atawa rarapékan liwat atikan di widang kaséhatan anu pikeun jinis anu ditangtukeun merlukeun kawenangan pikeun ngalakonan usaha kaséhatan.
  4. Sarana kaséhatan nyaéta tempat anu dipaké pikeun ngayakeun usaha kaséhatan.
  5. Kaséhatan nyaéta hiji hal yang kacida mangpaat
Keur cageur mah urang bakal ngalaman hirup nu éndah

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Siti Nafsiah, "Prof. Hembing pemenang the Star of Asia Award: pertama di Asia ketiga di dunia", Gema Insani, 2000, 979915703X, 9789799157034.
  2. Yayasan Lembaga Bantuan Hukum Indonesia, Pusat Studi Hukum dan Kebijakan Indonesia, "Panduan bantuan hukum di Indonesia: pedoman anda memahami dan menyelesaikan masalah hukum", Yayasan Obor Indonesia, 2006, 9799662761, 9789799662767.
  3. a b George Pickett & John J. Hanlon, "Kaséhatan Masyararat Administrasi dan praktik", EGC, 9794488054, 9789794488058.
  4. a b Rudy S. Pontoh, "Janji-janji dan komitmen SBY-JK: menabur kata, menanti bukti", Gramedia Pustaka Utama, 2004, 9792221026, 9789792221022.
  5. Sulastomo, "Manajemen kaséhatan", Gramedia Pustaka Utama, 2000, 9796559552, 9789796559558.
  6. "Undang-undang No.23 Tahun 1992 Tentang Kaséhatan & Undang-undang No.29 Tahun 2004 Tentang Praktik Kedokteran", VisiMedia, 9791043604, 9789791043601.