Kolécér

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
kolecer pesawat ultralight

Kolécér nyaéta nu wangunna silinder sarta bilah-bilah di sisina anu bisa muter dina hiji as ngagunakeun tanaga mesin atawa aliran angin, gas, sarta cairan.[1] Kolecer oge bisa disebut kai atawa awi panjang ipis nu ditengah-tengahna make as sarta muih katebak angin.[2] Sabot muter, kolécér baris ngahasilkeun tanaga dorong anu kuat ku kituna sanggup ngagerakkeun hiji barang, kawas anu lumangsung dina kolécér kapal sarta kapal udara.[1] Kolécér kapal perenahna dina tungtung handap awak kapal.[1] Kolécér kasebut digawé kawas baud anu muter dina porosna, luyu jeung tanaga anu dibeunangkeun.[1] Waktu muter, kolécér nyorong cai ka tujul tukang.[1] Dorongan ieu anu saterusna ngagerakkeun kapal ka arah hareup.[1]

Kolécér kapal[édit | sunting sumber]

Kapal leutik ngan ngabogaan hiji kolécér, sedengkeun kapal badag ngabogaan sakurang-kurangna opat kolécér.[1] Jumlah bilah kolécér kira-kira antara dua nepi ka tujuh siki, sanajan biasana mah jumlahna téh opat atawa lima siki.[1] Bilah-bilah ieu umumna wangunna rubak sarta pondok ku kituna sanggup ngahasilkeun daya dorong anu leuwih badag pikeun kapal kasebut.[1] Kolécér dina kapal badag biasana ngahasilkeun kacepatan muterna 100 rpm (revolutions pér minute) ku kituna sanggup ngusikkeun kapal kalayan kacepatan kira-kira 20 knot (1knot = 1,85 km/jam) Diaméter kolécér kira-kira antara 0,15 m dina kapal anu ukuranana leutik nepi ka 7,6 m dina kapal tanker.[1] Umumna kolécér kapal dijieun tina logam, kawas parunggu, waja, nikel, alumunium, sarta beusi.[1]

Kolécér Kapal Udara[édit | sunting sumber]

Kolécér kapal udara ngabogaan ukuran bilah anu leuwih leutik batan kolécér kapal.[1] Sajaba ti éta, kolécér kapal udara ogé leuwih hampang ku kituna bisa muter leuwih gancang sarta digawé leuwih sakeudeung.[1] Bilah kolécér kapal udara ngabogaan karakteristik wangun anu sarua jeung jangjang kapal.[1] Duanana ngabogaan dua penampang sisi anu béda, sisi anu hiji rata sarta sisi anu séjén ngawangun budeuran.[1] Sisi kolécér anu ngawangun budeur éta nyanghareup ka arah hiberna kapal.[1] Sabot muter, aliran hawa anu nyérélék dina sisi budeuran leuwih kuat batan sisi rata di tukang ku kituna ngahasilkeun tekenan hawa anu leuwih badag di tukang kolécér.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Suda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Kaca 614
Nulis.jpg