Kungfu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Anu keur lalatihan Kungfu Monyét di Hungaria Budapest

Kungfu atawa Wu-Shu nyaéta seni béladiri anu asalna ti nagri keré awi (tirai bambu) Cina. [1] Awalna mah ukur gerakan-gerakan anu tujuanana pikeun kabugaran awak. [1] Gerakan-gerakan éta téh diwanohkeun jeung dimekarkeun di lingkungan Shaolin.[1]

Sajarah kungfu[édit | sunting sumber]

Mimitina hiji pandita Buda asal India datang ka Tiongkok kira-kira taun 505-556 Maséhi netep di kuil Siauw Liem ngamekarkeun ajaran Buda Chan (Zen).[2] Hiji mangsa katingali ku éta pandita, ampir kabéh biksu anu keur dialajar agama narundutan.[2]

Ti harita biksi-biksu di Siauw Liem diwajibkeun latihan 18 jurus senam pikeun kabugaran anu asalna ti India.[2] Éta senam diajangkeun pikeun parabiksu, lantaran arinyana kudu diuk mangjam-jam lilana dialajar kaagamaan.[2] Éta gerakan senam tétéla nimbulkeun ciri mandiri kana élmu silat Siauw Liem Sie.[2] Ku lajuna kahirupan, 18 jurus senam éta téh ampir musnah, kapopohokeun.[2] Untungna aya ahli kungfu anu ngora kénéh anu datang ka dinya jadi biksu.[2] Nya inyana nu satuluyna boga jujuluk Ciok Yen Shang Ren kalawan jejem jeung daria nyampurkeun 18 jurus asal jeung jurus-jurus kabisana.[2] Nya timbul élmu anyar anu disebut shaolin kungfu.[2]


Gerakan-gerakan dasar kungfu[édit | sunting sumber]

  1. Sikep Dasar ngawengku Salut, kuda-kuda dasar, kuda-kuda ijén. [1]
  2. Latihan Pamanasan ngawengku pamanasan pingping jeung pigeulang leungeun, pamanasan pigeulang suku katut suku, meulah (split), pamanasan ngejegangkeun suku, pamanasan cangkéng jeung tonggong, push up dina buku ramo, push up kalawan suku ngajégang.[1]
  3. Blocking, Giwaran (elakan), peupeuhan, jeung tajongan.[1] Blocking ngawengku blocking garis luhur, blocking garis handap, blocking garis tengah jero, blocking garis tengah luar, blocking maké dampal leungeun, blocking kana tajongan handap, jeung tajongan keuneung.[1] Giwaran ngawengku giwaran bari nyarandé, giwaran ngalabuhkeun diri, condong ka tukang atawa mundur, ngagiwar ka gigir, jeung ngagiwar bari muter.[1] peupeuhan ngawengku peupeuhan peureup, peupeuhan anggang, peupeuhan tibalik, peupeuhan siku, peupeuhan leungeun péso, peupeuhan tonggong péso, peupeuhan sirah naga, peupeuhan cakar macan, peupeuhan tekuk oray, jeung peupeuhan pacok oray.[1] Tajongan ngawengku tajongan dasar daérah tengah, tajongan dasar daérah luhur, tajongan ka gigir, tajongan ka tukang, tajongan sisi keuneung, tajongan muter, tajongan ngayun, jeung tajongan keuneung.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j Putra, Adika Rohmat. 2009. Kungfu (Wu-Shu). Bandung: Indahjaya Adipratama.
  2. a b c d e f g h i http://www.propatria.ukm.ugm.ac.id/index.php?option=content&task=view&id=26, diaksés 26 Oktober 2011


Nulis.jpg