Lomari
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Lomari nya éta kotak dialus-alus paranti panyimpenan papakéan, parabotan anu teu dipaké. Sok disebut alamari atawa lamari [1].
Gambaran [édit]
Biasana lomari sok aya kacaan, kaca lomari nu di gigireun jeung pantona maké kaca nepi ka saeusi lomari bisa témbong ka luar, osok disebut ogé prongkas[1]
Rupa-Rupa Lomari [édit]
- Lomari baju [2]
- Lomari buku [2]
- Lomari makan [2]
- Lomari piring
- Lomari És atawa kulkas nya éta lomari beusi anu dialus-alus, di jerona aya mesin otomatis pikeun niiskeun bahan dahareun, inumeun jst, sangkan rasana tetep seger jeung tiis.[1]
- Lomari Beusi atawa Brankas nya éta lomari paranti nendeun barang-barang nu berharga saperti duit, emas, jeung dokumén-dokumén penting. Lomari beusi leuwih aman ku sabab aman tina rampog jeung kahuruan alatan bahana tina beusi.[3] Contoh brankas anu alus nya éta brankas Daichiban, brankas Ichiban, ku sabab mérek-mérek kasebut téh geus loba anu maké jeung produksina anu alus. [3]
Cara milih lomari beusi (brankas) :
- Pilih lomari beusi anu ukuranan saluyu jeung barang anu rék di tendeunna, ulah milih brankas anu ukurana pas-pasan dina artian leutik teuing atawa meujeuh bisi ngarusak kana barang anu rék di tendeun.[3]
- Pilih brankas anu bobot beuratna beurat pisan, sangkan teu bisa dipaling atawa di angkut ku nu maling.[3]
- Pilih brankas anu anti panas jeung seuneu, ku sabab loba brankas anu babari kaduruk jeung henteu tahan panas. [3]
- Pilih brankas anu bisa diubah-ubah kodeu koncina, sangkan leuwih aman bisi geus kanyahoan éta kodeu nu saméméhna. [3]