Mohandas Gandhi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Citakan:Infobox revolution biography

Mohandas Karamchand Gandhi (Gujarati: મોહનદાસ કરમચંદ ગાંધી; Hindi: मोहन्दास करमचंद गांधी, Pronunciation-IPA: / moːhənd̪aːs kərəmtʃənd̪ gaːnd̪ʰiː / ) (2 Oktober 186930 Januari, 1948) salah saurang politikus utama jeung pamingpin spiritual India jeung gerakan kamerdekaan India. Gandhi pionir[1] tur panutur Satyagraha — ngalawan ku cara teu nurut babarengan dumasar kana ahimsa (bajoang teu make kekerasan) nu jadi salah sahiji filosofi sumanget dina Gerakan Kamerdekaan India, tur jadi inspirasi gerakan keur hak asasi jeung kamerdakaan di dunya. Gandhi ilahar jeung kawentar boh di India atawa di dunya ku ngaran Mahatma Gandhi (Hindi: महात्मा, / məhatma /; tina Basa Sansakerta, Mahatma: Great Soul) nyaeta Bapu (dina Basa India, Bapak).

Salah saurang ahli hukum didikan Inggris, Gandhi mimiti ngusulkeun idena keur bajoang sipil ku cara damey di komunitas perjuangan India keur hak asasi di Afrika Kidul. Sanggeus mulang ka India, Gandhi ngumpulkeun patani miskin jeung buruh keur protes kana "penindasan" pajak jeung diskriminasi. Mingpin Kongres Nasional India, Gandhi ngayakeun kampanye keur ngurangan kamiskinan, ngabebaskeun awewe India, babarayaan antara komunitas nu beda kapercayaan jeung etnis, ngeureunkeun perbudakan jeung diskriminasi kasta, sarta minuhan kabutuhan ekonomi nasional sorangan, sakabeh diluhur keur Swaraj — kamerdakaan India tina dominasi bangsa asing. Gandhi kawentar mingpin dina nolak pajeg uyah ku cara cara 400 kilometer (248 miles) Dandi Salt March dina 1930, sarta menta sacara terbuka ka Inggris keur Kaluar India dina taun 1942. Gandhi meakeun umur hirup keur kadameyan tur hirup tumuwuh babarengan antara Hindus, Muslims jeung Sikhs.

Salila bajoangna, Gandhi konsisten bajoang tanpa kekerasan jeung kebenaran sanajan dina kaayaan ekstrim. Gandhi jadi mahasiswa filosofi Hindu sarta hirup sederhana, "mengelola" ashram nyaeta minuhan kabutuhan sorangan. Gandhi nyieun baju ku sorangan — baju tradisional Indian dhoti jeung shawl, tinun make charkha — sarta hirup diet salaku vegetarian. Gandhi remen puasa — pantang tina dahareun tur cai dina waktu nu lila — keur pembersihan diri tur nandakeun protes. Kahirupan jeung ajaran Gandhi mere ilham keur Dr. Martin Luther King Jr., Steve Biko jeung Aung San Suu Kyi sarta gerakan hak asasi sipil Amerika, perjuangan hak asasi manusa di Afrika Kidul jeung Myanmar. Kritikna kana sababaraha aspek modernisasi kulon (saperti tehnologi jeung industrialisasi modern) oge nambahn reputasina dina ngawangun kritik nu jadi inspirasi pamikir politik saterusna.

Gandhi dibere gelar Bapak Nasional India, gelar mimitina Subhash Chandra Bose [1] [2]. Ulang taun Gandhi dina 2 Oktober dieling-eling salaku Gandhi Jayanti, sarta jadi poe libur nasional.

Awal kahirupan[édit | sunting sumber]

The young Mohandas

Mohandas Karamchand Gandhi lahir ti kulawarga Hindu Modh Vanik di Porbandar, Gujarat, India taun 1869. Gandhi putra ti Karamchand Gandhi, diwan (Menteri Kepala) Porbandar, jeung Putlibai, istri kaopat Karamchand, runtuyan Hindu Pranami Vaishnava. Dua istri Karamchand mimiti, boga dua baraya awewe, maotna ku alesan nu teu dipikanyaho (rumorna waktu ngalahirkeun). Istri katilu teu daya upaya tur ngidinan ka Karamchand keur kawin deui. Hirup tumuwuh jeung indung nu taat tur dikurilingan ku pangaruh Jain Gujarat, Gandhi diajar ti umur nu leuwih ngora kahirupan teu nganyenyeri, vegetarian, puasa keur ngabersihkeun diri, tur toleran ka rupa-rupa agama jeung sekte. Gandhi lahir dina vaishya, ataw kasta padagang.

Gandhi jeung istrina Kasturba (1902)

Dina Mei 1883, waktu umur 13 taun, Gandhi geus nikah dijodokeun ku kolotna ka Kasturba Makhanji (dieja "Kasturbai" disebut "Ba"), nu umurna sarua. Maranehna boga 4 putra: Harilal Gandhi, lahir taun 1888; Manilal Gandhi, lahir taun 1892; Ramdas Gandhi, lahir taun 1897; jeun Devdas Gandhi, lahir taun 1900. Gandhi kaasup mahasiswa cukup di Porbandar jeung Rajkot. Gandhi lulus ujian matrikulasi keur University of Bombay dina 1887, numana asup ka Samaldas College. Gandhi teu betah di ieu college, sabab kulawargna hayang Gandhi jadi pengacara. Manehna ngamangpaatkuen kasempetan keur sakola di Inggris, nu ceuk pamikirna "taneuh para philosopher jeung sastrawan, pusat sagala kahirupan sipil."

Umur 18 taun dina 4 September 1888, Gandhi asup ka University College London keur dilatih jadi pengacara. Basa di London, ibukota Karajaan, geus dipangaruhan ku ajaran ti ibuna keur jadi Jain monk Becharji, salila ninggalkeun India patuh kana prinsip Hindu keur teu dahar daging, alkohol, sarta bandel. Sanajan Gandhi diajarkeun kana kabiasaan "urang Inggris" — diajar dansa contona — manehna teu bisa dahar daging domba jeung kubis ibu kosna. Ibu kosna nunjukeun rumah makan vegetarian di London. Kahirupanna sajalan jeung kahayang indungna, manehna maca ngeunaan kamampuan intelek vegetarian. Manehna gabung jeung Kumpulan Vegetarian, sarta kapilih jadi komite eksekutif tur ngadegkeun kleub lokal. Manehna ngaku loba meunang pangalaman salila ngurus ieu organisasi. Sababarha vegetarian nu papanggih nyaeta anggota Pakumpulan Teosofical, di didirikeun dina taun 1875 keur ngamajukeun babarayaan jeung nalungtik literatur Budha sarta Hindu Brahma. Maranehna nyarankeun Gandhi keur maca Bhagavad Gita. Teu nempo kana sabagean nu dipikaresrp dina agama samemehna, Gandhi loba maca buku ngeunaan Hindu, Kristen, Budha, Islam jeung agama sejenna. Manehna mulang ka India sanggeus ditrarima di bar Inggris jeung Wales, tapi ngan saeutik kasuksesan dina praktek hukumna di Bombay, saterusna daptar sarta ditolak keur gawe paruh waktu jadi guru di sakola menengah. Gandhi mulang ka Rajkot keur nyieun draft petisi tapi dipaksa nutup bisnisna saperti basa rek gawe di kantor Inggris. Dina catetan hirupna, Gandhi ngajelaskeu kajadian ieu salaku kagagalan dina lobi ka baraya nu leuwih kolot. Dina kaayaan ieu nyaeta (taun 1893) ditarima keur kontrak panjang di parusahaan India keur dikirim ka Natal, Afrika Kidul.

Gerakan hak asasi manusa di Afrika Kidul (1893–1914)[édit | sunting sumber]

Gandhi di Afrika Kidul (1895)
  1. Wikisource: The Birth of Satyagraha : From The Story of my Experiments with Truth, by Mohandas K. Gandhi
  2. ^ "Father of Our Nation" (Address to Mahatma Gandhi over the Rangoon Radio on 6th July 1944) The Essential Writings of Netaji Subhas Chandra Bose Edited by Sisir K Bose & Sugata Bose (Delhi: Oxford University Press) 1997 pp301-2
Nulis.jpg