Pupujian
Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir, nyaéta puisi anu asalna tina sastra Arab. Ku lantaran kitu, pupujian mah wangunna téh méh taya bédana jeung sa'ir, diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi sanajan kitu, aya ogé anu diwangun ku dua padalisan, genep padalisan, dalapan padalisan dina sapadana. Purwakanti anu aya dina pupujian umumna purwakanti laras wekas.
Sacara gurat badagna mah, fungsi pupujian téh aya anu mibanda fungsi éksprési jeung aya nu mibanda fungsi sosial. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosialna leuwih gedé ti batan fungsi éksprésina.
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibacana téh di masjid saméméh salat jamaah, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung kaislaman.
Dumasar kana eusina, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, nyaéta: (1) muji ka Gusti Alloh, (2) solawat ka Kanjeng Nabi, (3) do'a jeung tobat ka Pangéran, (4) pépéling, jeung (5) ajaran agama.
[édit] Conto pupujian pépéling
-
- Éling-éling dulur kabeh
- ibadah ulah campoléh
- beurang peuting ulah weléh
- bisina kaburu paéh
- Éling-éling dulur kabeh
-
- Sabab urang bakal mati
- nyawa dipundut ku Gusti
- najan raja nyakrawati
- teu bisa nyingkirkeun pati
- Sabab urang bakal mati
[édit] Rujukan
- Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999