Sintaksis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sintaksis

Sintaksis mangrupa tata basa anu ngabahas hubungan antar kecap dina tuturan. Sarua jeung morfologi, tapi morfologi ngait struktur gramatikal di jero kecap. [1]


Unsur Basa[édit | sunting sumber]

Unsur basa anu kaasup di jero sintaksis nyaéta frase, klausa,jeung kalimah. [1] Tuturan dina hal ieu ngait naon anu diomongkeun jelema dina wangun kalimah. [1]. Tuturan dina hal ieu ngait naon anu diomongkeun jelema dina wangun kalimah. [1]. Kalimah mangrupa hijian atawa deretan kecap-kecap anu ngabogaan intonasi nu tangtu minangka pemarkah sakabéhna sarta sacara ortografi biasana dipungkas tanda titik atawa tanda ahir séjén anu luyu. [1].


Frase[édit | sunting sumber]

Frase nyaéta satuan gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu henteu ngaleuwihan wates fungsi. [2] Contona: baris datang, kamari isuk-isuk, anu keur nulis.

Ti watesan di luhur bisa dicindekkeun yén frase miboga dua sipat, nyaéta: [2]

a. Frase mangrupa satuan gramatik anu diwangun ti dua kecap atawa leuwih. [2]

b. Frase mangrupa satuan anu henteu ngaleuwihan wates fungsi unsur klausa, maksudna frase éta sok aya dina hiji fungsi unsur klausa nyaéta: S, P, O, atawa K. [2]


Macem-macem frase:

A. Frase endosentrik

Frase endosentrik nyaéta frase anu miboga distribusi anu sarua jeung unsurna. [2] Frase endosentrik bisa dibédakeun jadi tilu golongan nyaéta: [2]

Contona: méja korsi, maju mundur, bapa ibu. [3]

(Diterangkan/D) sarta unsur penjelas (Ngajelaskeun/M). [3]


B. Frase eksosentris

Frase eksosentris nya eta hiji susunan anu mangrupa gabungan dua kecap (atawa leuwih) anu némbongkeun yén kelas kecap ti perpaduan éta henteu sarua jeung kelas kecap ti salah sahiji(atawa leuwih) unsur pembentukanna. [3]


Klausa[édit | sunting sumber]

Klausa nyaéta satuan gramatik anu diwangun ku S–P boh dibarengan ku O, PEL, sarta KET boh henteu. Kalayan ringkas, klausa ialah S P (O) (PEL) (KET). [4] Tanda kurung nandakeun yén anu perenahna dina kurung éta boga sipat manasuka, hartina kaci aya, kaci ogé euweuh. [4]

Penggolongan klausa:[2]

  • Dumasar unsur intina
  • Dumasar aya henteuna kecap négatif anu sacara gramatik menegatifkan predikat
  • Dumasar kategori kecap atawa frase anu menduduki fungsi predikat


Kalimah[édit | sunting sumber]

Kalimah nyaéta hijian basa anu diwangun ti dua kecap atawa leuwih anu ngandung pikiran anu pepek sarta boga pola intonasi ahir. [2]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e Sintaksis
  2. a b c d e f g h i Unsur Basa
  3. a b c Frase
  4. a b Klausa