Surat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Surat dicap ku patugas pos saméméh diiangkeun ka tempat tujuan

Surat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.[1] Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.[1] Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pameredih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana.[1] Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi, peranan surat angger dipikabutuh.[1]

Fungsi Surat[édit | sunting sumber]

  1. Sarana komunikasi.[1]
  2. Wawakil atawa duta[1]
  3. Barang bukti anu kuat[1]
  4. Sumber data[1]
  5. Sarana pangéling-éling[1]
  6. Jaminan[1]
  7. Média anu ngiket anu mibanda kakuatan hukum[1]
  8. Alat promosi.[1]

Jenis-jenis Surat[édit | sunting sumber]

  1. Surat kulawarga: sipatna kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.[1]
  2. Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.[1]
  3. Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.[1]
  4. Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.[1]

Kauntungan Surat[édit | sunting sumber]

  1. Surat kaitung praktis.[2]
  2. Surat leuwih irit[2]
  3. Surat leuwih éféktif[2]


Babagian Surat[édit | sunting sumber]

  1. Puhu Surat,nuduhkeun idéntitas lembaga/ organisasi, biasana biasana dikaluarkeun ku lembaga, pausahaan, organisasi/ instansi.[2]
  2. Tempat jeung Titimangsa, tempat nuduhkeun lokasi nalika nulis surat, titimangsa nuduhkeun tanggal nalika nulis surat.[2]
  3. Nomer Surat, dicantumkeun sangkan gampang nalika sawaktu-waktu dibutuhkeun.[2]
  4. Lampiran, nuduhkeun dokumén anu dihijikeun kana surat.[2]
  5. Hal, poko eusi surat[2]
  6. Alamat, dimimitian ku kecap kahatur.[2]
  7. Salam bubuka, kalimah bubuka minangka panghormat di awal surat.[2]
  8. Paragraf bubuka, saméméh asup kana inti pasualan, minangka panganteur kana inti.[2]
  9. Eusi Surat, masalah poko dina surat.[2]
  10. Panutup, ahir surat anu sipatna harepan, paneges tur aya hubunganana jeung sopan santun.[2]
  11. Salam Panutup[2]
  12. Tanda tangan[2]
  13. Tembusan, pikeun ngagampangkeun pamariksaan lamun aya pihak séjén anu aya patalina jeung éta surat.[2]


Catetan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Fajar M.N. 2009. Terampil Menulis Surat. Bandung: Puri Delco.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Warsidi, Edi. 2009. Kecil-kecil Berani Berkirim Surat. Bandung: Karsa Mandiri Persada.
Nulis.jpg