Tradisi tilawatan di desa cikeleng

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Masarakat désa Cikeléng, kacamatan Japara, kabupatén Kuningan miboga tradisi karuhun anu teu meunang dirempak. [1]Tradisi anu geus turun-tumurun eta lamun dirempak bakal nimbulkeun mamala. [1] Boh keur calon pangantén boh keur budak anu dikhitan (sunatan). [1] Tradisi anu masih hirup jeung aya ti baheula éta, salila genep bulan teu meunang ngalaksanakeun hajatan. [1] Numutkeun tokoh désa Cikeléng (Kasnu, 70 taun), éta tradisi dina taun 2000 ieu di mimitian dina bulan Mei ka hareupna waktuna ‘usum hajatan’. [1] Sedengkeun genep bulan ka tukang teu meunang ngayakeun hajatan. [1] Keur saterusna, dina nangtukeun waktu iraha tradisi éta dilaksanakeun, ceuk kadés Cikeléng (Dulhalim) biasana dalakukeun tradisi anu disebut ‘Tilawatan Desa’, nya éta tradisi sukuran ka Allah SWT sanggeus masarakat désa Cikeléng ngalaksanakeun panén di sawahna séwang-séwangan. [1]

Di sagigireun éta, ngirim sapotong du’a ka karuhun anu geus aya di alam baqa, supaya salawasna meunang ampunan ti tina rido-Na. [1] Acara ‘Tilawatan Desa’ dilaksanakeun di komplék makam kramat Buyut Cikeléng anu dimimitian ku meuncit munding. [1] Tradisi sarupa ieu saenyana geus dimulai dina taun 1938. [1]Ti baheula, sato nu dikorbankeun téh munding, masarakat satempat ngaku yén teu resep miara sapi. VIwal ti sato piaraan saperti hayam, embé, jeung munding.[1] Alasanna, munding mah mangpaatna loba keur mantuan patani, nya éta nyambut sawah. [1]Numutkeun Dulhalim, satacan ‘Tilawatan’ dimulai, ditandaan ku musawarah mupakat masarakat, utamana soal waragad. [1]Sanggeus biaya eta kumpul karek tradisi tilawatan bisa dilaksanakeun.[1]

Unggal jalma ditangtukeun biasana Rp 5.000.[1] Anggaran éta dibeulikeun munding sarta lamun aya leuwih dimangpaatkeun keur biaya miara makam kramat Buyut Cikeléng.[1] Samentara éta, komplék makam kramat anu biasana réhé, nalika lumangsungna acara tilawatan ngadadak jadi ramé, pinuh ku warga.[1] Maranéhanana ti isuk kénéh padamiluan acara jiarah ka makam.[1] Maranèhanana ngadua anu dipingpin ku Kiai désa.[1] Sangges jiarah dilanjutkeun ku acara meuncit munding disaksian ku masarakat.[1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Hermawan, Wawan. 2000. Kuningan Menembus Waktu. Jakarta:PT.Martindo Gilang Pratama. Halaman 93