Urug
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Urug nalika aya badai tropis Gaston
Urug nyaéta istilah anu biasa dipaké pikeun ngajelaskeun wangun jeung prosés anu ngalibetkeun gerakan taneuh, batu-batu ka arah handap ku sabab pangaruh gravitasi bumi.[1] Nyaéta runtuhna taneuh sacara ngadadak atawa ngésérna taneuh jeung batu-batu sacara ngadadak atawa saeutik-saeutik.[1] Umumna urug kajadian di daérah anu henteu stabil.[1] Taneuh urug aya hubunganana jeung garis nyéréng (kemiringan) taneuh.[1] Nalika stabilitas garis nyéréng taneuh kaganggu, mangka bakal aya gerakan turun anu bakal mindahkeun patempatan.[1] Urug ngalibetkeun gerakan taneuh, batu-batu ka handap ku sabab pangaruh gravitasi bumi.[2]
Tipeu-tipeu Taneuh Urug [édit]
- Urug Translasi[1]
- Bagerakna blok[1]
- Urug rotasi[1]
- Runtuhan batu[1]
- Ngésérna taneuh[1]
- Aliran bahan rombakan[1]
Sababna Taneuh Urug [édit]
- Geteran bumi ku sabab lini atawa beledugan (ledakan).[1]
- parobahan kadar cai dina taneuh akibat hujan gedé atawa naékna beungeut cai.[1]
- Leungitna panopang taneuh dina beungeut bumi.[1]
- Ngaronjatna beban kana taneuh ku sabab hujan gedé, salju, numpukna batu-batu, runtah, limbah, jeung tutuwuhan.[1]
- Tindakan fisik jeung kimiawi séjénna anu bisa nurunkeun kakuatan taneuh dina dangka waktu nu tangtu.[1]
- Taneuh urug ku sabab akibat parobahan-parobahan boh ngadadak atawa nahap kana komposisi, struktur hidrologi, atawa vegetasi dina hiji geger. Parobahan-parobahanana bisa ku cara alami bisa ku manusa.[2]
Wilayah Rawan Taneuh Urug [édit]
- Wilayah anu kungsi kakeunaan taneuh urug.[1]
- Aya di daérah anu terjal jeung bulistir.[1]
- Mangrupa daérah aliran cai hujan.[1]
- Taneuh kandel atawa remuy pisan dina geger gunung anu curah hujanna loba.[1]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Rujukan