Kecap kantétan (basa Sunda)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kecap kantétan nyaéta kecap anu di wangu ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal, boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua ciri utama nyaéta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sematis) NYA BENER TINGGAL SUBSCRIBE CHANNEL UING :Ayubi Gaming

Adegan kecap Kantétan[édit | édit sumber]

Kecap kantétan umuna miboga adegan, di antarana :

  1. Diwangun ku dua unsur nu disebut leksem : pakan kundang
  2. Patali unsur-unsurna mibanda sifat :
  • Katanseselan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur lian. Conto : ngégél curug → ngégél (kana curuk)
  • Katanmulangan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun sabab sok robah jadi frasa. Conto : gedé hulu → hulu gedé
  • Katanjembaran, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dijembaran sewang-sewangan tapi kudu duanana. Conto : huleng jentul → panghuleng jentulna, panghulengna jentul, huleng pangjentulna.

Rupa Kecap Kantétan[édit | édit sumber]

Kecap kantétan umumna ngandung hiji harti mandiri nyaéta harti anu béda tina harti unsur-unsur pangwangunna. Conto : Amis budi, hartina lain budina anu amis tapi ‘marahmay/someéh’

Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nyaéta rakitan dalit (kompositum) jeung rakitan anggang (areksi)

  1. Rakitan dalit nyaéta kecap kantétan anu sifatna eksosentris, patali unsur-unsurnageus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap nu boga harti mandiri nu béda harti ti unsur-unsurna. Ku kituna distribusina teu sarua jeung salah sahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : panonpoe, kacapiring, parahulu,jsb
  2. Rakitan anggang nyaéta kecap kantétananu sifatna endosentris, patali unsur-unsurna can awor pisa, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salah sahiji atawa sakabéh unsurna. Conto : seuri koneng, taleus ateul, indung bapa, jeung panon hideung main saya utang nga ngarti ente bahasa Sunda asing sia urang ngasal

Dumasar kana cara pangwangunna[édit | édit sumber]

Di handap aya sawatara conto kecap kantétan dumasar kana cara pikeun pangwangunna :

  1. Kantétan kecap jeung kecap, contona: julang ngapak, héjo tihang, randamidang, panonpoé, beureum panon.
  2. Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar, garo singsat, anjang sono, kagok asong, kunang iteuk.
  3. Kantétan cakal jeung cakal, contona: adug lajer, pakan kundang, adung songkol, huleng jentul, halang rintang.
  4. Kantétan kecap jeung morfem unik, contona: sabar darana, hésé béléké, bérés roés, keukeuh peuteukeuh.
  5. Kantétan nu susunan unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé; euweuh boboko tinandé atawa halu tinandé, burusut tuluy; euweuh barakatak tuluy atawa torojol tuluy.

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Mengenal kecap kantétan dalam basa Sunda : kamus-sunda.com
  2. Conto kecap kantétan : brainly.co.id

[rujukan?]