Translasi frékuénsi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Translasi frékuénsi, dina pamrosésan sinyal dina sistem komunikasi nyaéta ngagésérna sinyal modulasi ti hiji pita frékuénsi ka pita frékuénsi anyar. Translasi atawa ngagésérna frékuénsi ieu mindeng dipiharep, contona, dina lolobana panarima radio AM, sinyal frékuénsi radio (basa Inggris: radio frequency (RF)) nu ditarima (540 nepi ka 1600 kilohertz (kHz)) digésér kana pita frékuénsi antara (basa Ingris: intermediate frequency (IF), 455 kHz) pikeun diprosés. Sinyal nu katarima anu tuluy digésér (ditranslasi) kana IF anu ajeg, bisa sacara gampang digedékeun, disaring, sarta didemodulasi.

Hiji alat anu ngalaksanakeun translasi frékuénsi sinyal modulasi disebut panyampur frékuénsi atawa frequency mixer.

Translasi frékuénsi maké panyampur frékuénsi jeung BPF

Masalah umum anu patali jeung panyampuran frékuénsi nyaéta hadirna frékuénsi bayangan. Contona, dina alat panarima superhéterodin AM, frékuénsi anu dibangkitkeun ku osilator lokal dipilih 455 kHz leuwih luhur batan sinyal nu datang. Upamakeun yén urang mikahayang narima setasiun radio AM dina frékunsi 600 kHz. Mangka frékuénsi sinyal anu dibangkitkeun sacara lokal kasebut kudu 1055 kHz. Ayeuna, lamun aya setasiun pamancar AM lianna dina frékuénsi 1510 kHz mangka sinyal ieu ogé baris katarima sarta ngaganggu sabab setasiun pamancar kasebut ogé mancarkeun frékuénsi 1055 kHz (inget yén 1510 kHz - 1055 kHz = 455 kHz). Frékuénsi kadua ieu, nyaéta 1510 kHz (anu sarua jeung 600 kHz + 2x455 kHz) disebut frékuénsi bayangan pikeun sinyal nu dipikahayang kasebut, sarta sanggeus operasi translasi frékuénsi ieu, alat panarima ieu henteu bisa ngabédakeun dua sinyal ieu. Perlu diinget yén frékuénsi bayangan bédana ti frékuénsi sinyal nu dipikahayang persis dua kali frékuénsi antara (IF). Biasana frékuénsi bayangan diatenuasi ku panguat RF seléktif anu diperenahkeun saacan panyampur frékuénsi.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Hsu, Hwei P., Schaum's Outline of Théory and Problems of Analog and Digital Communications, McGraw Hill, 1993