Éntog

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Éntog
salasahiji spésiés Éntog
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Aves
Order: Anseriformes
Family: Anatidae
Subfamilia

Dendrocygninae
Oxyurinae
Anatinae
Merginae


Éntog nya éta ngaran sato sabangsa soang tapi péndék jeung beuheungna pondok; sok disebut ogé meri manila; lempangna ngadédod jeung megarkeun endogna ku sorangan , béda jeung meri salian ti éta éntogmah sok ngalodok.[1]

Salian ti éta éntog nya éta ngaran umum pikeun sawatara spésiés manuk dina famili Anatidae. Éntog umumna nya éta manuk akuatik anu kalolobaan ukuranana leuwih leutik dibandingkeun barayana, soang sarta soang beuheung pondok, sarta bisa kapanggih dina cai tawar atawa cai laut. Éntog sakapeung disaruakeun jeung sawatara manuk cai anu nyambung laér tapi jiga dina penampilan, contona loon, grebe, gallinule, sarta coot. Wangun persilangan jeung sawatara jenis éntog ogé mindeng lumangsung, kawas persilangan éntog sarta éntok anu disebut tiktok sarta tongki.[2]

Éntog ogé sato anu hirup di darat, tapi pikeun néangan dahar, éntog biasana aya di cai. Ciri husus anu dipiboga éntog nya éta pamatuk anu rada panjang sarta rubak dina bagian tungtungna. Ambéh awakna henteu baseuh lamun kakeunaan cai waktu néangan dahar di kulah atawa danau anu déét,bulu éntog dilapisan ku minyak, ku kituna cai dina bulu gancang leungit sabot éntog mengibas-ngibaskeunn awakna. Ciri husus anu séjén nya éta suku anu miboga selaput, ku kituna éntog bisa ngojay kalayan gampang.[3]

Penampilan [édit]

Awak éntog biasana miboga lekuk sarta rubak, sarta ngabogaan beuheung anu rélatif panjang, cacak henteu sapanjang soang sarta soang beuheung pondok. Wangun awak éntog variatif sarta umumna buleud. Pamatukna ngawangun rubak sarta ngandung lamellae anu kapaké minangka penyaring kadaharan. Dina spésies nu néwak lauk, pamatukna ngawangun leuwih panjang sarta leuwih kuat. Sukuna anu miboga sisik kuat sarta ngabentuk alus, sarta umumna aya laér di tukang awak, anu umum aya dina manuk akuatik. Jangjangna pohara kuat sarta umumna pondok. Pangapungan éntog merlukeun kepakan mindeng, ku kituna merlukeun otot jangjang anu kuat. Tilu spésiés éntog steamer henteu bisa hiber. Éntog jalu ti spésiés di belahan bumi kalér sakapeung ngabogaan kelir bulu anu metot. Spésiés ti belahan bumi kidul henteu némbongkeun dimorfisme seksual kajaba Paradise Shelduck di Selandia Anyar anu kelir éntog betina leuwih cerah tinimbang éntog jalu. Kelir éntog ngora, teuing éta jalu atawa betina, umumna leuwih jiga éntog betina dewasa.[4]


Rujukan [édit]

  1. RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.Kaca 102
  2. (id)[1](diakses tanggal 26 oktober 2011)
  3. (id)[2](diakses tanggal 25 oktober 2011)
  4. (id)[3](diakses tanggal 26 oktober 2011)