Alkitab

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Alkitab ngarupakeun kitab suci Kristen . Alkitab kabagi jadi dua bagian utama: Perjangjian Anyar jeung Perjangjian Heubeul. Babagian ieu disebut "Perjangjian" kusabab Pangeran bangsa Israél atawa Yahwe nyieun perjanjian. Perjangjian munggaran nyaeta antara Nabi Musa jeung urang Yahudi, sedengkeun nu kadua antara Yesus Kristus jeung sakabeh umat manusa.

Kecap 'Alkitab' sorangan asalna tina basa Arab Kutiba nu hartina katetepan-katetepan/hukum, nu mangrupakeun aturan-aturan dina ngajalankeun ageman

Ampir kabéh buku Perjangjian Heubeul ditulis dina basa Ibrani, kajaba sawatara bagian anu ditulis dina basa Aram ti kitab Daniel sedengkeun kabéh buku Perjangjian Anyar ditulis dina basa Yunani.

Dumasar eusina sarta gaya nulisna, Perjangjian Heubeul bisa digolongkeun jadi 5 bagean utama nyaéta Kitab Taurat (5 kitab), Kitab Sajarah (12 kitab), Kitab Puisi (5 kitab), Kitab Nabi-nabi Besar (5 kitab) sarta Kitab Nabi-nabi Leutik (12 kitab). Sedengkeun golongan keur Perjangjian Anyar nyaéta Kitab Injil (4 kitab), Kitab Sajarah (1 kitab), Kitab Surat Rasuli (21 kitab) sarta Kitab Wahyu (1 kitab).

Sajaba ti éta ti saprak baheula aya sawala ngeunaan kanon Alkitab: buku naon waé anu bisa dianggap bagian ti Alkitab. Dina abad ke-3 SM, Alkitab Ibrani atawa Tanakh ditarjamahkeun dina basa Yunani. Tarjamahan ieu disebut Septuaginta, tapi ngamuat sajumlah buku anu henteu aya dina vérsi Yahudi. Buku-buku ieu disebut buku-buku Deuterokanonika.


Nulis.jpg