Autisme

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Autismbrain.jpg

Autisme nyaéta gangguan kamekaran dina budak anu akibatna henteu bisa komunikasi sarta teu bisa ngebréhkeun rarasaanna jeung kahayangna, ku kituna laku-lampah hubungan jeung batur sejen jadi kaganggu.[1] Autisme mangrupa gangguan kamekaran sistem saraf puseur anu mangaruhan laku-lampah, pangabisa komunikasi, sarta interaksi soaial.[2] Autisme mimiti diungkabkeun ku Leo Kanner, dokter ahli kajiwaan asal Amérika Sarikat, dina taun 1943.[2] Gejalana kaluar saméméh umur tilu taun, dina sawatara perkara, budak mimitina anu kasampak normal bisa nempokeun gejala autisme sanggeus sababaraha taun.[2] Budak lalaki kasempetan kakeunaan autismena tilu kali leuwih loba di bandingkan budak awéwé.[2] Autisme henteu dipangaruhan ku faktor ras, kaayaan ékonomi, atawa tingkat atikan kulawarga.[2] Gangguan ieu lain kaasup kelainan jiwa sarta lain disababkeun ku pola asuh anu salah.[2]

Panyabab Autisme[édit | sunting sumber]

Nepi ka ayeuna panyabab autisme can dipikanyaho sacara pasti.[2] Tapi para ahli kajiwaan sarta kedokteran miboga sawatara teori ngeunaan panyabab autisme.[2] Ahli kejiwaan nyangka yén autisme disababkeun ku pangalaman traumatis atawa pangalaman anu ngagoncang jiwa.[2] Nurutkeun bukti-bukti ilmiah anu aya, autisme nyambung kalayan kelainan struktur sarta fungsi otak.[2] Kelainan ieu disangka geus dibawa ku saurang budak saprak dina kandungan atawa saprak taun-taun kahiji kahirupanana.[2] Sajaba ti éta autisme ogé disambungkeun kalayan lumangsungna infeksi virus rubela (panyabab panyakit rubela atawa german measles) sarta kurangna suplai oksigen salila mangsa kahamilan.[2]

Térapi Autisme[édit | sunting sumber]

Autisme teu bisa dicagerkeun, sanajan kitu gejala autistik bisa dikurangan ngaliwatan sagala rupa térapi antara séjén terapi fisik, térapi ngomong, térapi laku-lampah, sarta ubar-ubaran.[2] Dina prinsipna, tatamba dipigawé ku cara ngarangsang fungsi otak sacara intensif.[2] Palaksanaan tatamba ieu aya di handapeun pengawasan dokter budak, psikologi budak, sarta ahli tatamba.[2] Tatamba ieu leuwih hadé dipigawé saprak ti leuleutik kénéh jeung pangrojong kolot sarta anggota kulawarga ku kituna nu ngalaman autisme bisa hirup normal atawa teuneung.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. | Autisme (Dicutat tanggal 15 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
Nulis.jpg