Catur Warna

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Grafik konsepsi Catur Warna

Catur Warna dina agama Hindu, istilah Kasta disebut ogé Warna (Sanskerta: वर्ण; varṇa). akar kecap Warna asalna ti basa Sansekerta vrn nu hartina "milih (hiji kelompok)". Dina ajaran agama Hindu, status saurang dimeunangkeun saluyu jeung pagawéanna. Dina konsep éta dijentrékeun yén sanajan salasaurang gumelar ti kulawarga Sudra (budak) atawa Waisya (padagang), lamun nekunan widang rohaniah nepi ka jadi pandita, ku kitu manéhna boga hak keur status Brahmana (rohaniawan). Jadi status hiji jalma teu dimeunangkeun nalika gumelar namung dimeunangkeun sanggeus manéhna nekunan hiji profesi dina hiji widang nu tangtu. [1]

Dina tradisi Hindu,lamun saurang ahli dina widang karohanian ku kituna manéhna boga status Brāhmana. Lamun hiji ahli atawa nekunan widang administrasi pamaréntahan atawa ngabogaan gelar salaku pagawéi atawa prajurit nagara, ku kituna manéhna ngabogaan gelar Ksatriya. Lamun hiji ahli dina padagangan, tatanén, sarta profesi séjénna nu aya hubunganna jeung niaga, duit jeung harta banda, ku kituna anjeunna ngabogaan status Waisya. Lamun hiji jalma nekunan profési salaku nu ngabantuan ti tilu status éta (Brahmana, Ksatriya, Waisya), ku kituna manéhna boga gelar salaku Sudra.

Warna nu utama[édit | sunting sumber]

Brahmana[édit | sunting sumber]

Brahmana mangrupa golongan pandita jeung rohaniawan dina hiji masarakat, golongan ieu kacida dipihormat. Jalma disebut golongan Brahmana saupama manéhna ngabogaan kaparigelan dina widang pangaweruh kaagamaan. Ku kituna, status Brahmana teu dimeunangkeun ti leutik kénéh. Status Brahmana dipimeunang ku nekunan ageman agama nepi ka manéhna pantes jeung diaku salaku rohaniawan.

Ksatriya[édit | sunting sumber]

Ksatriya mangrupa golongan bangsawan anu nekunan widang pamréntahan atawa administrasi nagara. Ksatriya ogé mangrupa golongan kesatria atawa Raja nu ahli dina widang militer jeung mahér ngagunakeun sanjata. Kawajiban golongan Ksatriya nya éta méré rasa aman ka golongan Brahmana, Waisya, jeung Sudra. Lamun golongan Ksatriya ngalakukeun kawajibanna kalawan hadé, maranéhna meunang walesan jasa teu langsung ti golongan Brāhmana, Waisya, dan Sudra.

Waisya[édit | sunting sumber]

Waisya mangrupa golongan padagang, tani, jeung pamayang, sarta profesi séjénna nu kaasup widang niaga atawa pagawéanna nu nyepeng sagala hal anu sifatna material. Kawajibanna minuhan kabutuhan pokok (sandang, pangan, jeung papan) golongan Brahmana, Ksatriya, dan Sudra.

Sudra[édit | sunting sumber]

Sudra mangrupa golongan nu ngabantuan golongan Brāhmana, Kshatriya, jeung Waisya supaya pagawéan maranéhna bisa kacumponan. Dina filsafat Hindu, tampa ayana golongan Sudra, ku kituna kawajiban tilu kasta moal bisa kawujud. Jadi ayana golongan Sudra, tilu kasta séjénna bisa ngalaksanakeun kawajibanna sacara saimbang jeung silih méré konstribusi.

Sistim gawé[édit | sunting sumber]

Caturwarna nekenkeun hiji jalma ngalaksanakeun kawajiban kalawan sahadé-hadéna. Golongan Brahmana diwajibkeun keur méré élmu rohani ka golongan Ksatriya, Waisya, jeung Sudra. Golongan Ksatriya diwajibkeun méré rasa aman ka golongan Brahmana, Waisya, jeung Sudra. Golongan Waisya diwajibkeun pikeun minuhan kabutuhan material golongan Brahmana, Ksatriya, jeung Sudra. Sedengkeun golongan Sudra diwajibkeun pikeun ngabantuan golongan Brahmana, Ksatriya, jeung Waisya nepi ka kawajiban maranéhna bisa dicumponan kalawan hadé.

Opta golongan éa, silih bantu jeung silih minuhan lamun maranéhna mampuh ngalaksanakeun kawajibanna kalawan hadé. Dina sistim Caturwarna, katangtuan ngeunaan hak teu dijentrékeun sabab hak dipimeunang sacara otomatis. Hak teu bisa dipimeunang lamu opat golongan teu kerja sama. Opat golongan kacida dianjurkeun pikeun silih bantuan ambéh maranéhna meeunang hak. Dina sistim Caturwarna aya hiji siklus méré jeung dibéré lamun kaopat golongan éta silih minuhan kawajibanna.

sabab status hiji jalma te dipimeunang ti leutik, ku kituna statusna bisa dirobah. Hal éta aya lamun hiji jalma teu bisa ngalaksanakeun kawajiban sakumaha status nu dicepengna. Hiji jalma nu lahir di kulawarga Brāhmana bisa jadi Sudra lamun jalma éa teu ngabogaan wawasan rohani nu jembar, jeung lamun teu pantes jadi pandita. Kitu ogé hiji jalma nu lahir ti golongan Sudra bisa jadi Brāhmana sabab ngabogaan pangaweruh nu jembar di widang karohanian jeung pantes pikeun jadi pandita.

Pasalia[édit | sunting sumber]

Loba jalma anu nganggap Caturwarna sarua jeung Kasta nu méré hiji jalma status dina masarakat ti leutik kénéh. Mung dina prak-prakanna, status dina sistim Warna dipimeunang sanggeus hiji jalma nekunan hiji widang/profesi nu tangtu. Sistim Warna ogé dianggap ngabéda-bédakeun kalungguhan hiji jalma. Namung dina ajaranna, sistim Warna hayang hiji jalma ngalaksanakeun kawajiban sahadé-hadéna.

Sakapeung hiji jalma lahir di kulawarga nu ngabogaan status sosial nu pangluhurna jeung nyieun budakna leuwih bagja kalawan status sosial tibatan ngalaksanakeun kawajibanna. Sistim Warna ngajarkeun hiji jalma supaya teu ngabagjakeun atawa mikiran status sosialna, tatapi dipiharep maranéhna ngalakukeun kawajiban saluyu jeung status nu dicekel sabab status éta teu dipimeunang nalika lahir, tatapi dumasar kaahlian maranéhna. Jadi, maranéhna ditungtut keur leuwih tanggung jawab kalawan status nu dipiboga tibatan ngabagjakeun.

Di Indonesia (khususna di Bali) sorangan ogé aya kasalahpahaman dina sistim Catur Warna. Catur Warna kudu sacara teges dipisahkeun ti wangenan kasta. Sawangan éta dituturkeun ku Drs. I Gusti Agung Gede Putera, dina mangsa éta Dekan Fakultas Agama jeung Kebudayaan Institut Hindu Dharma Denpasar di rapat Desa Adat sa-kabupatén Bandung taun 1974. Gede Putera nu kiwari jadi Dirjen Bimas Hindu jeung Buddha Departemen Agama nyebutkeun[2]:

   
Catur Warna
Kasta-kasta kalawan sagala macem titel-na nu bisa urang panggihan kiwari di Bali nya éta hiji anugerah kahormatan nu dibéré ku Dalem (Pangawasa wewengkon Bali), kusabab kitu jasa-jasa jeung kalungguhanna dina widang pamaréntahan/nagara atawa di masarakat. Sarta masalah ieu diwariskeun ka tungturanna budak jeung cucuna nu dianggap salaku hak, sanajan manéhna teu deui nyepeng kalungguhan éta. Hayu ulang nyampur-nyampurkeun masalah titel ieu kalawan agama, sabab titel ieu nya éta pasualan masarakat, pasualan jasa, pasualan kalungguhan nu dibéré ku raja dina mangsa baheula. Dina agama, sanés kasta nu dipikawanoh, tatapi "warna" dimana aya opat warna atawa Caturwarna nu ngabagi jalma diluhur pancén-pancén (fungsi) nu saluyu jeung bakatna. Babagéan opat warna ieu aya salawasna.
   
Catur Warna

Nurutkeun I Gusti Agung Gede Putera, kabagjaan ka hiji gelar sanajan kalungguhan éta geus teu dicepeng deui mangrupa kasalahpahaman masarakat Bali tungturunan. Nurutkeun manéhna, agama Hindu teu kungsi ngajarkeun sistim kasta tatapi nu dipaké nya éta sistim Warna.

Catatan[édit | sunting sumber]

  1. "Manawa Dharmasastra".
  2. Sebuah Kutipan dari buku "Kasta dalam Hindu – kesalahpahaman berabad-abad". Oleh: Ketut Wiana dan Raka Santeri

Referensi[édit | sunting sumber]

  • Ketut Wiana dan Raka Santeri, Kasta dalam Hindu – kesalahpahaman selama berabad-abad. Penerbit: Yayasan Dharma Naradha. ISBN 979-8357-03-5
  • I Gusti Agung Oka, Slokantara. Penerbit: Hanumān Sakti, Jakarta.