Cika-cika
|
|
Eusi ieu kaca keur diropéa saheulaanan. Ngarah henteu pagedrug, salila ieu tangara aya kénéh mah ulah waka ngédit. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 09:46, 10 Maret 2013 (UTC) (2 kaliwat). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Cika-Cika nya éta ngaran sato sagedé béas anu bisa hiber, ari hiberna ti peuting bari ngaluarkeun cahya ketap-ketip [1]. cika-cika nu bikangna disebut kunang-kunang [1]. Kunang-Kunang nya éta cicika atawa Cika Cika bikangna[1]. kunang-kunang henteu ketap-ketip saperti cika-cika jaluna, tapi mindeng ngabaranyay waktu hiber[1].
Cahya cika-cika pohara jiga jenis-jenis cahya séjén, iwal ti cahya éta dihasilkeun tanpa panas [2]. Jenis cahya ieu dingaranan "luminescence"[2]. Dina cika-cika, cahya luminescence dihasilkeun ku hiji zat anu dingaranan "luciferin"[2]. Zat ieu ngahiji jeung oksigén pikeun ngahasilkeun cahya[2]. Tapi reaksi ieu moal lumangsung kajaba lamun aya zat séjén, nu dingaranan "luciferase"[2]. Luciferase téh minangka katalisator, nya éta zat éta mantuan lumangsungna reaksi kimia, tapi lain mangrupa bagian ti reaksi kimia éta[2]. Dina harti séjén, cika-cika miboga zat-zat luciferin sarta luciferase di jero awakna[2]. Zat luciferase nyieun zat luciferin bisa meuleum sarta ngahasilkeun cahaya[2].
Cahya cika-cika ieu bisa mantuan cika-cika pikeun néangan papasanganana.[2] Maksud séjén ti cahya cika-cika meureun nyaéta minangka bewara ka manuk-manuk anu néangan dahar peuting.[2] Ku kituna manuk-manuk éta bisa nyingkahan kunang-kunang.[2]
Para Ilmuwan masih ngarasa yén sabenerna maranéhanana henteu nyaho naha cahya-cahya ieu penting pikeun kunang-kunang, alatan pedaran nu disebatkeun éta kasampak teu penting.[2] Maranéhanana mikir yén cahya éta téh meureun mangrupa produk sampingan ti prosés kimia séjén anu lumangsung di jero awak cika-cika.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |