Cikapundung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Cikapundung mangrupa salah sahiji walungan nu aya di Kota Bandung, Propinsi Jawa Barat, walungan ieu ngalir mimiti ti Désa Panjalu, Kacamatan Ciléngkrang, Kabupatén Bandung tuluy ngalir ka arah kulon nepi ka walungan Citarum,.[1]. Walungan Cikapundung miboga panjang 28 km, lega daérah hulu walungan sakitar 111,3 km², lega daérah tengah sakitar 90,4 km² jeung daérah hilir sakitar 76,5 km²[1].

Sajarah[édit | édit sumber]

Walungan Cikapundung asal kecapna ti Basa Sunda nyaéta "ci" atawa "cai" nu hartina air[2], sedengkeun "Kapundung" hartina "Bencoy"[2] nyokot tina ngaran jenis bungbuahan[1].

Jaman baheula, di Kota Bandung loba dipelak sabangsaning tatangkalan atawa bungbuahan, tuluy ngarah daérah na téh jadi kawentar ku ngaran jenis pepelakan, contona daérah Kebon Kawung jeung Kebon Jati, pon kitu ogé di wilayah Cikapundung anu basa baheula loba pepelakan Kapundung, tuluy dingaranan wé Cikapundung.[3] Walungan Cikapundung mangrupa salah sahiji sumber cai baku PDAM Kota Bandung[4].

Daérah Aliran Walungan[édit | édit sumber]

Daérah aliran walungan Cikapundung ngawengku Kabupaten Bandung Barat, Kabupatén Bandung jeung Kota Bandung. Ieu walungan ngalir di sabudereun Gunung Bukit Tunggul tuluy ngalir ka arah kulon.[1] Di daérah Lémbang atawa Curug Omas, ieu walungan paamprok jeung walungan Cigulung nu ngalir ka Gunung Tangkuban Parahu. Ieu cai walungan téh tuluy ngalir ka daérah kidul ngaliwatan Kota Bandung jeung ngamuara ka walungan Citarum.[1]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Salian jadi sumber cai anu bersih, walungan Cikapundung ogé dimangpaatkeun pikeun sumber énérgi listrik jeung pernah jadi sarana irigasi anu tatanén[1]. Salian ti éta, ieu walungan oge miboga pungsi jadi Drainase utama pusat kota, ogé jadi sababaraha objék wisata siga Maribaya, Curug Dago, jsté.[5]

Masalah[édit | édit sumber]

Ieu walungan téh teu lepas tina masalah, siga ti taun 1919 nepi ka sakitar taun 1945 pernah sababaraha kali ka banjiran.[1] Lian ti éta, taun 2024 walungan Cikapundung banjir deui di sababaraha titik di wilayah Braga, Sumurbandung, Bandung. Cai abus ka jero padumukan warga lantaran aya tanggul walungan anu jebol.[4]

Kondisi walungan Cikapundung beuki dieu beuki pikahariwangeun lantaran beuki pinuh na padumukan warga nu nempatan bantaran walungan disapanjang aliranna.[1] Teu cukup tidinya, masalah lian siga kondisi bantaran walungan nu kumuh, sedimentasi anu luhur nepi nyieun cai walungan jadi handap, oge lobana pipa - pipa pembuangan anu ngarah langsung ka walungan nepi ka masalah runtah anu milu kabawa aliran walungan, nyieun walungan Cikapundung beuki pikahariwangeun.[1]

Réhabilitasi jeung Révitalisasi[édit | édit sumber]

Nganata deui kawasan walungan dilakukeun ku cara ngawangun rohangan publik pikeun ngabalikeun deui kawasan nu sapadan ka pungsi lindungna.[1] Salah sahiji tarékah nu dilakukeun nyaéta ngawangun Téras Cikapundung nu diresmikeun taun 2016.[1]

Aya oge ngawangun Cikapundung Kolot (Ciko) nu kabagi jadi sababaraha arena jadi Ciko arena 1, Ciko arena 2, Ciko arena 3, Ciko arena 4 jeung Ciko arena 5.[1]

Réhabilitasi walungan Cikapundung ogé ditarékahan ngaliwatan program Gerakan Cikapundung Bersih jeung program Citarum Harum kucara masang trashrack pikeun ngajaring runtah di sababaraha tempat[1]

Salian ti éta, aya ogé program rutinan siga ngabersihan daérah walungan jeung sosialisasi ka warga ngambéh teu miceun runtah dimana waé.[4]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m Media, Kompas Cyber. "Mengenal Sungai Cikapundung yang Membelah Kota Bandung Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  2. a b SundaDigi. "SundaDigi". sundadigi.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  3. Aurellia, Anindyadevi. "Sejarah Cikapundung Riverspot, Berawal dari Wajah Muram Sungai". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-03-31. 
  4. a b c "Sekilas Sungai Cikapundung yang Airnya Membanjiri Kawasan Braga Bandung". Republika Online (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  5. haidarvm. "Selamat Datang". https://repositoryfisip.unla.ac.id/ (dalam In-Id). Diakses tanggal 2024-03-30.