Dén Haag
Den Haag nyaéta puseur dayeuhna nagri Walanda sacara de facto. Tapi dayeuh pamaréntahan Walanda sacara de jure nyaéta Amsterdam, sakumaha ditulis di jero undang-undang dasar. Di Den Haag ogé aya wawakil-wawakil ti nagara deungeun, parlemen, mahkamah agung, sarta karaton ratu. Ngaran séjénna Den Haag nyaéta 's-Gravenhage. Sacara harfiah, hartina kecap Den Haag nyaéta "pager".
Dayeuh ieu legana 98,20 km² tur pangeusina 482.212 yuta jiwa (2004). Dayeuh ieu sacara administratip dibagi jadi 8 bagian anu kurang leuwih bisa disaruakeun jeung kabupaten di Indonésia, tapi disebut kalayan istilah stadsdelen.
Dayeuh Den Haag geus aya saprak warsih 1248, tapi resmi meunang hak dayeuh ngan dina warsih 1806. Hal ieu lah anu nyieun Den Haag henteu ngabogaan universitas.
Tumbu kaluar [édit]
- (nl) Loka ramat resmi
- (en) Loka ramat KBRI di Den Haag