Johannes Kepler
Johannes Kepler nyaéta stronom asal Jerman anu ngajelaskuen hukum gerakan tata surya.[1] Ieu hasi timuanna té jadi justifikasi téori hélioséntris anu kapanggih ku Nicholaus Copernicus.[1] Tiori Kepler tuluy dipublikasikeun 20 taun sabada buku De Revolutionibus Orbium Coelestium karya Nicholas Copernicus dipedalkeun.[1] Karya Copernicus té awalna mah menang cempadan ti sakumna élmuwan dunya tap ibisa dibuktikeun ku Johannes Kepler anu lahir taun 1571 di kota Weil der Stadt Jerman.[1] Anjeunna meunang pendidikan di Universitas Tubingen, nu antukna meunang gelar sarjana muda taun 1588 jeung gelar sarjana pinuh tilu taun ti harita.[1]
Kepler tuluy jadi pangajar di akademi di kota Graz.[1] Sabari nulis bukuna nu munggaran ngeunaan astronomi taun 1596.[1] Éta karya téh nunjukkeun kamapuh matématka Kepler jeung oténtifikasi pikiranna, nu antukna ahli astronomi gedé Tycho Brahe ngajadikeun Kepler asistén dina panalungtikan ruang angkasa di deukeut Praha.[1] Nalia Tycho tilar dunya, Kepler ditunjuk kaisar Romawi Rudolph II pikeun ngagantikeun Tycho salaku matématikawan karajaan.[1]
Kepler tilar dunya taun 1630 di Regensburg, Bavaria.[2] Dina mangsa perang tilu pulh taun anu harita pohara gangasna, kuburanana diburak-barik.[2] Tapi, hokum gerakan planétna kabuktian leuwih jadi ingetan anu maneuh tibatan sakadar sawilah batu nisan.[2]
Sumber [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |