Kabuki
Kabuki mangrupa seni téater tradisional sarta budaya pituin ti Nagara Sakura, Jepang, anu ngabogaan ajén seni luhur, ku lantaran Kabuki mangrupa seni téater anu ngagabungkeun antara nyanyi sarta nari. [1] Cicirén ti Kabuki ieu téh nya éta ti dangdanan anu dipaké sarta pakéan husus. [1]
Sajarah kabuki [édit]
Sajarah kabuki dimimitian dina warsih 1603, sabot Okuni, miko atawa gadis ladén di kuil Shinto Izumo Taisha. [2] Saterusna, dina taun 1629, pamaréntahan militer ngalarang wanoja mintonkeun kabuki ku lantaran dianggap ngaruksak moral pamiarsa. [2] Ngaliwatan sagala rupa usaha ti sagala pihak, kabuki sumebar jadi hiji seni tari. [2]
kabuki mimiti dipintonkeun ku Kyozo Nakamura, penari profésional nu meunang penghargaan Important Intangible Cultural Properties-kabuki (collective recognition – gelar pangakuan resmi) anu geus loba mintonkeun di Tokyo, Kyoto, Nagoya sarta Fukuoka. [2] Seting panggung anu éndah berlatar lukisan danau kalayan salju sarta dirojong ku tata lampu anu alus. [2]
Dina sumebar na, kabuki dibédakeun jadi dua, nya éta Kabuki odori jeung Kabuki geki. [3] Kabuki odori (Kabuki tarian) dipintonkeun nalika kabuki masih dibawakeun ku Okuni népi ka mangsa Wakashu-kabuki, budak lalaki nari dibarengan ku lagu nu keur ténar jeung aya akrobatan sagala. [3] Kabuki geki mangrupa pintonan sandiwara nu ditujukeun ka masarakat kota di zaman Edo nu intina nari jeung sandiwara. [3] Tema pintonan Kabuki geki nya éta tokoh sajarah, carita kahirupan, jeung paristiwa kajahatan, ku kituna jenis kabuki ieu leuwih dipikawanoh ku sebutan Kabuki kyogen. [3] Gedung nu biasa dipakaé pikeun pintonan kabuki nya éta Kabuki-za. [3]
Musik Kabuki [édit]
Musik nu maréngan kabuki dibagi dumasar arah sumber sorana. [3] Musik nu dipaénkeun di gigir katuhu panggung ti arah panongton disebut Gidaykbushi. [3] Takemoto (Chobo) nya éta sebutan pikeun musik Gidaykbushi khusus pikeun kabuki. [3] Salian ti éta, musik nu dipaénkeun di gigir kénca panggung ti arah panongton di sebut Geza ongaku, sedengkeun musik nu dipaénkeun di luhur panggung di sebut Debayashi. [3]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |