Kangkalung
Kangkalung téh lemesna tina kongkorong nya éta ngaran perhiasan anu digantungkeun atawa dibeulitkeun kana beuheung[1]. Kongkorong aya anu dijieunna tina ranté emas, pérak, marjan, mutiara, jeung réa-réa deui[1].
[édit] Tips Milih Kangkalung[2]
Kangkalung kaasup kana salasahiji panglengkep tina pakéan[2]. Umumna dipaké sangkan penampilan leuwih ngirut[2]. Aya sababaraha tips dina milih kangkalung anu bener, nya éta[2]:
1. Saluyukeun jeung baju anu dipaké[2]
Pilih kangkalung anu katingalina hampang nalika geus maké baju anu katingalina beurat[2]. Kangkalung anu basajan jeung leutik mangrupa pilihan anu hadé[2]. Tapi sabalikna lamun bajuna polos teu aya corakna paké kangkalung anu miboga corak sarta bisa méré kesan cerah[2].
2.Lamun miboga beuheung anu pondok jeung gendut, singkahan maké kangkalung anu kesanna patumpang tindih jeung warnana cerah[2]. Pilih kangkalung anu hampang jeung katingalina basajan sangkan beuheungna katingali rada panjang, paké kangkalung anu leutik jeungmenjuntai[2].
3. Saluykeun jeung wangun raray[2]
Jang anu miboga raray buleud, pilih kangkalung anu wangunnna V jeung panjang[2]. Lamun jang raray anu jiga haté pilih kangkalung anu buleud jeung kandel[2]. Lamun jang anu rarayna lonyod alus maké kangkalung anu wangunna kumaha waé, tapi angger disaluyukeun jeung baju anu dipakéna[2].
4. saluyukeun jeung kerah[2]
Kerah baju anu dipaké bisa ngababarikeun pikeun milih kangkalung anu bener[2]. Contona kerah anu modelna tube alus maké kangkalung nu gedé[2]. Kitu ogé jang kerah anu modélna buleud, alus lamun maké kangkalung anu panjang jeung buleud dua kali anu maké babandingan bagéan luhur leuwih pondok ti bagéan handap[2].
[édit] Referensi
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |