Kecap rundayan (basa Sunda)
Topik Kecap Basa Sunda |
---|
|
Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.
Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda |
---|
Rarangkén hareup: |
Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.
Rupa-rupa Rarangkén
[édit sumber]Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:
- Rarangkén gabungan
- Rarangkén tengah
- Rarangkén tukang
- Rarangkén barung
Rarangkén hareup
[édit sumber]Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.
Rarangkén tengah
[édit sumber]Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.
Rarangkén tukang
[édit sumber]Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.
Rarangkén barung
[édit sumber]Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.
Conto
[édit | édit sumber]Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :
Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | Kecap | Katerangan | |||
1. | serat | 30. | diseratkeunana | 15 + -na | 59. | disareratna | ||
2. | nyerat | N- + 1 | 31. | kaseratkeunana | 16 + -na | 60. | kasarerat | |
3. | diserat | di- + 1 | 32. | silihseratan | silih- + 5 | 61. | kasareratna | |
4. | kaserat | ka- + 1 | 33. | silihseratanana | 62. | nyareratan | ||
5. | seratan | 1 + -an | 34. | silihseratkeun | 63. | nyareratanana | ||
6. | nyeratan | N- + 5 | 35. | silihseratkeunana | 64. | disareratan | ||
7. | diseratan | di- + 5 | 36. | panyeratan | 65. | disareratna | ||
8. | kaseratan | ka- + 5 | 37. | panyeratanana | 66. | disareratkeun | ||
9. | paseratan | pa- + 5 | 38. | pangnyeratkeun | pang- + 14 | 67. | disareratkeunana | |
10. | serateun | -eun + 1 | 39. | dipangnyeratkeun | di- + 38 | 68. | sarerat | 1 + -ar- |
11. | piserateun | pi- + 10 | 40. | dipangnyeratkeunana | 69. | sareratna | ||
12. | pinyerateun | pi- + 2-eun | 41. | pangnyeratankeun | 70. | sarerateun | ||
13. | seratkeun | 1 + -keun | 42. | dipangnyeratankeun | 71. | sarerateunana | ||
14. | nyeratkeun | 2 + -keun | 43. | dipangnyeratankeunana | 72. | sarerataneun | ||
15. | diseratkeun | 3 + -keun | 44. | serataneun | 73. | sarerataneunana | ||
16. | kaseratkeun | 4 + -keun | 45. | serataneunana | 74. | sareratkeun | ||
17. | seratna | 1 + -na | 46. | seratkeuneun | 75. | sareratkeuneun | ||
18. | nyeratna | 2 + -na | 47. | seratkeuneunana | 76. | sareratkeuneunana | ||
19. | diseratna | 3 + -na | 48. | mangnyeratkeun | N- + 38 | 77. | pipaserataneun | pi- + pa- + 44 |
20. | kaseratna | 4 + -na | 49. | mangnyeratkeunana | 78. | pipaserataneunana | ||
21. | seratanana | 5 + -na | 50. | mangnyeratankeun | 79. | pikaserateun | ||
22. | nyeratanana | 6 + -na | 51. | mangnyeratankeunana | 80. | pikaserataneunana | ||
23. | diseratanana | 7 + -na | 52. | sinerat | 1 + -in- | 81. | pidiserateun | |
24. | kaseratanana | 8 + -na | 53. | sineratna | 82. | pidiserateunana | ||
25. | paseratanana | 9 + -na | 54. | barangserat | barang- + 1 | 83. | pimangnyeratankeun | pi- + 50 |
26. | serateunana | 10 + -na | 55. | barangseratan | 84. | pimangnyeratankeunana | ||
27. | piserateunana | 11 + -na | 56. | nyarerat | 2 + -ar- | 85. | pimangnyeratkeun | |
28. | pinyerateunana | 13 + -na | 57. | nyareratna | 86. | pimangnyeratkeunana | ||
29. | nyeratkeunana | 14 + -na | 58. | disarerat |
Sumber
[édit | édit sumber]- ↑ Garapan KBS 1924 anu dimuat dina Poesaka Soenda No. 4-6 Oct-Dec 1924. [[1]]